Urug

Urug nyaéta hiji kajadian géologi nu disababkeun ku obahna masa babatuan atawa taneuh kalawan mangrupa-rupa tipeu jeung jenis kayaningn maruragna batu atawa gundukan badag taneuh. Sacara umum kajadian urug disababkeun ku dua faktor nyaéta faktor padorong jeung faktor pamicu. Faktor padorong mangrupa faktor-faktor nu mangaruhan kondisi matérialna sorangan, sedengkeun faktor pamicu mangrupa faktor nu nyumebabkeun obahna éta matérial. Sanajan panyabab utama ieu kajadian téh nyaéta gravitasi nu mangaruhan hiji gawir anu jungkrang, ngan aya ogé faktor-faktor séjén nu milu mangaruhan:

  • érosi nu disababkeun kokocoran beungeut cai atawa cihujan, walungan atawa gelombang laut nu ngagerus tutugan gawir jadi mingkin jungkrang
  • gawir tina babatuan jeung taneuh mingkin dipilemah liwat saturasi nu dibalukarkeun hujan ngagebrét
  • lini marcapada nyumebabkeun geteran, tekenan dina partikel-partikel mineral jeung widang lemah dina massa batuan jeung taneuh anu ngabalukarkeun urugna éta gawir
  • gunung marapi nyiptakeun simpenan kekebul nu coréngcang, hujan ngagebrét jeung aliran kekebul
  • geteran tina mesin, lalu lintas, pamakéan bahan-bahan paledak, jeung petir
  • beurat nu kaleuleuwihi, misalna tina gundukan hujan atawa salju.
Landslide animation San Matteo County
Simulasi komputer urug di California, AS, Januari 1997
Cibeureum, Sukamantri, Ciamis

Cibeureum nyaéta salah sahiji désa di kacamatan Sukamantri, Kabupatén Ciamis, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Cieurih, Cipaku, Ciamis

Cieurih nyaéta salah sahiji désa di kacamatan Cipaku, Kabupatén Ciamis, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Dodong Kodir

Dodong Kodir (lahir di Tasik taun 8 November 1951 tilar di Bandung 7 Januari 2016) seniman nu kawentar ku karya-karyana, sarupaning waditra nu dijieun tina runtah. Kilang ti kitu waditrana ogé ngaluarkeun sora anu teu ilahar, sepeti tornado, urug, guludug, maung, manuk récét, jeung kongkorongok hayam.

Dodong téh saméméh pangsiunna kungsi jadi nayaga tari di ISBI, ku jalaran waktu jadi panayaga téh sok merlukeun sora-sora husus, Dodong ngotéktak barang-barang urut. Kawantun dina taun 1984 Dodong nyieun grup calung di lingkungan imahna nu katelah Bangkolung keur ngeusian acara Karang Taruna. Alatan teu boga modal keur meuli alat, antukna maké alat saaya-aya.

Gawir

Gawir nyaéta hiji tempat anu lungkawing. Gawir téh aya ku alatan rupa-rupa kajadian géologi kayaning urug, longsor, kabawa cai, jeung sajabana. Ilaharna gawir kapanggih di sisi susukan, basisir laut, jeung gunung.Daérah anu ngagawir ilaharna dina gunung apu, batu, keusik, jeung taneuh sakapeung ogé kapanggih di gunung batu granit atawa basalt. Gawir dina basa Indonésia disebut tebing, basa Inggrisna Cliff.Gawir bisa waé kapanggih di sisi susukan anu jero tur gurawés alatan urug balas kairid ku cai. Bisa waé aya disisi gunung atawa sisi palataran jero anu misahkeun sawah, kebon, rawa jeung sajabana.

Gawir kaayaan rumpil tur netek, hésé ditaékan kajaba maké pakakas paranti naék, ku kituna gawir mah arang langka kasaba ku jalma. Kaayan gawir jadi leuwih tengtrem tur jauh tina gangguan, dimangpaatkeun ku sababaraha rupa manuk pikeun ngancik dina gawir ngadon nyayang tur baranahan kayaning: manuk cukahkeh, walét, Heulang, aya ogé nyiruan, jeung manuk-manuk séjéna.

Gunung Galunggung

Galunggung , Galoen-gong, atawa Gunung Galunggung nyaéta salah sahiji stratovolcano aktip di Jawa, Indonésia.

Gunung Guntur

Gunung Guntur nyaéta salah sahiji gunung nu aya di Kabupatén Garut, perenahna aya di Kampung Dukuh Desa Pananjung Kecamatan Tarogong Kalér, 3 km ti ibukota Kecamatan Tarogong Kalér jeung 7 km ti ibukota Kabupatén Garut. Legana ieu gunung kurang leuwih 250 ha nu diriksa ku BKSDA Jawa Barat II kalawan nyoko kana aspek legalitas mangrupa SK Mentri Kehutanan No:274/kpts II/99. Gunung Guntur mangrupa gunung nu aktivitas vulkanikna masih aktif sarta mangrupa bagian tina runtuyan stratovolkano di beulah kalér-ngulon Kota Garut. Ieu gunung jangkungna 2.249 mdpl kalawan 4 puncak tur miboga hiji kawah di salah sahiji puncakna.

Batas administrasi wilayah Taman Wisata Alam Gunung Guntur nyaéta béh kalér watesna téh Désa Pasawahan, béh kulon jeung Kabupatén Bandung, béh kidul jeung Désa Pananjung, sarta béh wétan jeung Désa Rancabango. Ieu gunung miboga wangun lamping nu kawilang unik nepi ka bisa ngirut sing saha waé nu ningalina. Di lamping béh wétan, bisa katingali tapak bituna gunung guntur nepi ka euweuh tatangkalan gedé, nu katingali ngan saukur tapak-tapak ngalirna lava. Lantaran kaéndahanana, ieu gunung mindeng dijadikeun inspirasi ku para seniman. Contona waé, lagu Malati di Gunung Guntur nu rumpakana ditulis ku Wahyu Wibisana jeung laguna dianggit ku Mang Koko. Sanajan éndah ditingalina, ieu gunung kungsi ngaringrangkeun masarakat sabudeureun kota Garut, lantaran taun 2003 basa gunung papandayan bitu, status gunung guntur kungsi jadi waspada lantaran aktivitas vulkanikna ngaronjat pisan.

Ti puncak gunung guntur, urang bisa ningali kaéndahan kota Garut, ogé gunung-gunung nu lainna. Lantaran taneuhna nu garing jeung lampingna nu pinuh ku eurih, ieu gunung gampang kahuruan. Cinyusu nu kaluar ti salah sahiji lampingna ogé aya nu suhuna panas nepi ka dijadikeun sumber cai keur kawasan wisata Cipanas Garut. Salian ti éta, masarakat ogé ngamangpaatkeun lamping ieu gunung pikeun ngali keusik jeung batu nu bisa ngahudang urug nu matak jadi mamala keur masarakat sabudeureunana.

Wilayah TWA Gunung Guntur can pati dimekarkeun kalawan inténsif pikeun objék pariwisata. Sanajan kitu, ieu gunung mindeng didatangan ku para penjelajah sarta dijadikeun tempat keur kémping jeung leuleuweungan.

Jalur karéta api Manggarai-Padalarang

Jalur karéta api Manggarai-Padalarang nyaéta jalur karéta api anu aya di dua propinsi, nyaéta DKI Jakarta jeung Jawa Kulon. Ti Stasion Manggarai nepi Stasion Sukabumi kaasup ka Daérah Operasi I Jakarta, sedengkeun ti Halteu Ranji nepi ka Stasion Padalarang kaasup ka Daérah Operasi II Bandung.Jalur ti Stasion Manggarai ka Stasion Bogor nyaéta bagéan anu gaduh duplikasi.Jalur ieu gaduh cabang dina Citayam ka Nambo.Jalur ieu geus mindeng aya kajadian urug, diantarana di Torowongan Lampegan di pétak Sukabumi-Cianjur sarta di tanggal 21 Nopémber 2012 di antara Stasion Bojonggedé jeung Stasion Cilebut di lintas Manggarai-Bogor.

Sabada geus lila teu aktip, kiwari jalur karéta api Cianjur - Padalarang keur diaktipkeun deui, rél-rél anu tiheula diganti ku rél anu anyar lantaran rél nu baheula geus kolot sarta teu bisa nahan beban anu beurat teuing. Kira-kira prosés réaktivasi ieu bisa bérés ahir 2019 atawa awal 2020.

Kampung Urug

2. KAMPUNG URUG

Urug Désa mangrupikeun kampung tradisional anu aya di Désa Kiara Pandak, Kecamatan Sukajaya, Kabupaten Bogor. Masyarakat pribumi na kampung tradisional ieu nganggap yén aranjeunna masih ngagaduhan garis getih Prabu Siliwangi. Numutkeun carita-carita anu sumebar di masarakat satempat, sakali aya ahli anu naliti ngawangun wangunan di Kampung Urug. Hasil tina paniliti ahli nyatakeun yén aya kamiripan dina hubungan kai di gedong Urug anu ampir sarua sareng salah sahiji gedong karajaan Pajajaran di Cirebon.

Sarupa sareng desa tradisional di Jawa Kulon, gedong imah di kampung Urug masih tradisional kalayan arsitéktur anu janten "nyunda". Mayoritas populasi nyaéta pertanian béas. Di dieu ogé nerapkeun aturan adat anu ngabutuhkeun pikeun nyimpen di lumbung sareng henteu tiasa dicandak diganggu. Budaya "pamali" di dieu masih dipihormat pisan. Upacara tradisional ieu sering diayakeun di dieu, kalebet Seren Taun.

Jumlah penduduk Désa Urug Asli 5.125 sareng populasi lalaki 2,875 sareng populasi awéwé 2,250. Siga masarakat Sunda anu sanés, warga Kampung Adug Urug ogé terang kana pamaréntahan formal. Kapala Adat didieu ngan ukur pamimpin adat atanapi informal. Warga Urug dibagi jadi 8 RW sareng 24 RT. Sistem Organisasi Informal atanapi Adat ti Désa Désa Urug Asli diwangun ku tilu pamingpin tradisional; Urug Lebak (Handap) janten pusat anu dipimpin ku Abah Ukat, Urug Tengah (Tengah) dipimpin ku Abah Amat sareng Urug Tonggoh (di luhur) dipimpin ku Abah Kayod. Tilu pamimpin tradisional ngagaduhan hubungan silaturahmi, ti panempo panulis, pamimpin pimpinan ieu ngan ukur mempermudah cara adat aya, contona dina acara Seren Taun, sabab Désa Urug Adat janten sakedik sareng seueur warga anu moal diakomodasi sadayana dina hiji imah tradisional, contona dina prosesi ngariung (kumpul), sareng henteu ngan warga Urug anu sumping dina acara tradisional ieu.

Sidekah bumi jeung Sérén taun masih aya patalina jeung budaya karuhun. Dina wengian ngarayakeun acara ieu, biasana sok dicarioskeun deui riwayat karuhun maranéhna, utamana riwayat sajarah Prabu Siliwangi nalika ngalalana ti dayeuh Pakuan dugi ka Kampung Urug. Biasana kokolot adat nyarita ti ngawitan ba'da isya dugi ka badé subuh.

Nalika acara lumangsung, susuguhna mangrupa kadaharan khas daerah ieu, saperti wajit, opak, kadaharan tina ketan jeung hasil kebon masarakat di dinya, maksadna pikeun nyuguhan tatamu nu sumping ti luar Kampung Urug.

Énjingna, Sidekah bumi dikawitan ku acara ngawurkeun panglay kana bibit pare nu bade ditandur ku istri para kokolot. Teras dituluykeun ku meuleum menyan, anu saméméhna diayakeun tawasul ka Nabi Muhammad SAW. Jampé nalika ngawurkeun panglay kana bibit paré nyaéta solawat jeung sahadat (?.

Istri kokolot anu jadi lalakon utama dina acara tandur ieu, nyoko kana filosofi yén Déwi Sri anu masihan kasuburan/kahirupan ka paré nu ditandur. Numutkeun riwayat para kasepuhan Kampung Urug, Déwi Sri ieu téh putri Prabu Siliwangi anu pupus nalika akil.

Dina taun 2003 Kampung Urug parantos kabagi jadi tilu wilayah, nyaéta: Urug Lebak nu dikokolotan ku Kolot Adang, Urug Tengah dipingpin ku Kolot Mamat, jeung Urug Tonggoh ku Kolot Kayod.

Data nu aya di Désa Kiara Pandak, Kampung Urug legana salapan héktar, dieusi ku 692 KK atawa 2864 jiwa.

Karéta api Cianjuran

Karéta api Cianjuran atawa anu osok disebut Argo Peuyeum nyaéta sesebutan pikeun karéta api lokal nu ngalayanan jalur Ciroyom-Cianjur-Lampegan (asalna Ciroyom-Cianjur-Sukabumi). Ieu rangkéan karéta api téh ngan ngadérék dua karéta anu ditarik ku lokomotif BB 304 atawa BB 301. Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 2 Bandung. Karéta ieu geus teu beroperasi deui ti taun 2013 lantaran euweuh kontrak PSO antara pamaréntah jeung PT.KAI.

Ieu karéta téh liwat ka sababarah hiji stasion leutik, di antarana Padalarang, Cimahi, Tagog Apu, Cipeuyeum, Cianjur, Cilaku jeung Lampegan. Dina perjalananna ieu rangkéan téh kudu ngaliwatan kontur anu beurat kalawan nanjak, saperti di Rajamandala-Tagog Apu-Cipatat.

Sanajan ieu rangkéan karéta téh disebut 'argo' tapi lain karéta argo (éksekutip) saperti Argo Parahyangan, Argo Wilis jsb. Tapi ieu mah ngan sesebutan hungkul, anapon istilah 'peuyeum' dina Argo Peuyeum nyokot ngaran wewengkon nu kaliwatan ku ieu rangkéan nyaéta wewengkon Cipeuyeum anu réa mroduksi peuyeum

Ieu karéta ékonomi téh berangkat ti Stasion karéta api Ciroyom Bandung ungal poé ka Cianjur (saméméhna mah nepika Stason Lampegan) kalawan rute dua kali sapoé. Isuk-isuk jam 07.50, jeung soré jam 17.30 WIB. Ngaliwatan jalur anu seméméhna dipaké ku karéta api jurusan Andir (Bandung)-Sukabumi kalawan waktu tempuh kira-kira 3 jam. Saméméhna ieu jalur téh mangrupa jalur anu ngahubungkeun Bandung jeung Sukabumi, tapi lantaran torowongan Lampegan anu aya di jalur Cianjur-Sukabumi urug dina 8 Fébruari 2001, mangka jalur Cianjur-Sukabumi téh ditutup. Tapi geus dipaheutkeun yén jalur Cianjur-Sukabumi baris dibuka deui kira-kira taun 2010.

Saenggeusna Argo Peuyeum teu dioperasikeun deui, bakal aya karéta anu ngalayanan jalur Bandung-Cianjur, nyaéta Karéta api Kiansantang anu rutena Kiaracondong-Cianjur anu nepi ka ayeuna teu acan dioperasikeun.

Karéta api Harina

Karéta api Harina nyaéta karéta api anu ngahubungkeun Bandung jeung Surabaya via Semarang. Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 2 Bandung. Rute Karéta api Harina béda jeung karéta nu séjénna nu ngalayanan Bandung - Surabaya, ti Bandung, ka Purwakarta, di Cikampék, lokomotipna pindah posisi, ka Cirebon, Semarang, Cepu, Bojonegoro, nepi ka Surabaya Pasarturi.Karéta ieu téh neruskeun tugasna Karéta api Mahésa anu ngalayanan rute Bandung - Semarang Tawang nu kelasna éksekutip-bisnis. Tapi rute na béda, ti Bandung, ka Tasikmalaya, Kroya, terus lokomotipna pindah posisi, ka Purwokerto, Prupuk, Slawi, nepi ka Semarang Tawang.

Karéta api Kian Santang

Karéta api Kian Santang atawa Karéta api Kiansantang nyaéta karéta api anu rencanana bakal ngalayanan rute Stasion Kiaracondong - Stasion Cianjur. Karéta ieu neruskeun tugasna Karéta api Cianjuran anu teu beroperasi ti mimiti taun 2013. Karéta ieu maké rangkéan Karéta api Kahuripan anu teu dijalankeun siang. Karéta ieu acan dioperasikeun nepi ka kiwari lantaran aya urug di daérah Ciranjang, Cianjur. Rencanana, karéta ieu bakal kahubung jeung Karéta api Pangrango jeung Karéta api Siliwangi anu ngalayanan rute Bogor-Cianjur.

Karéta api Malabar

Karéta api Malabar nyaéta karéta api campuran nu ngahubungkeun Stasion Bandung jeung Stasion Malang liwat Kediri. Karéta ieu jadi karéta api hiji-hijina anu ngarangkéi kabéh kelas (éksekutip-bisnis-ékonomi). Karéta ieu dioperasikeun ku Daop 2 Bandung.

Karéta api Siliwangi

Karéta api Siliwangi nyaéta karéta api lokal anu ngahubungkeun Stasion Cianjur jeung Stasion Sukabumi. Karéta ieu dijalankeun jeung Karéta api Pangrango anu ngalayanan rute stasion Sukabumi-Stasion Bogor Palédang. Karéta ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi I Jakarta.

Pandanus tectorius

Pandanus tectorius téh salah sahiji spésiés Pandanus anu hirup di kalér Queensland, Australia jeung Indonésia sarta pulo-pulo tropis di Sagara Pasifik nepi ka Hawai (di ditu katelahna tangkal hala). Diurang mah ieu tangkal disebutna cangkuang.Tangkalna leutik, tumuwuh ukur nepi ka jangkungna 6 m, akarna serabut sahingga nanceb pageuh dina taneuh. Panjang daunna 90–150 cm, lébarna 5–7 cm, kalawan sisi nu rérégéan. Hirupna di wewengkon anu hawana haneut sarta taneuhna lembab. Buahna buleud, diaméter 20 cm, rada siga ganas, sarta bisa didahar langsung atawa diolah heula. Di Mikronésia mah buahna jadi katuangan utama, utamana di wewengkon atol. Serat buahna sok dipaké pikeun méré sihan huntu (dental floss). Daunna sok dipaké bungbu manisan, sarta cenah bisa dipaké natambaan kasakit. Bihari, daun cangkuang dipaké pikeun hateup imah, seratna sok dijieun tambang.

Tangkal cangkuang hirup kalawan subur di daérah anu perenahna 300-1000 méter dina luhureun beungeut cai laut, bisa hirup dina tempat anu rumpil kayaning sisi susukan, gawir, jeung tegalan.

Di India (daérah malabar). Cangkuang dipelak pikeun ngajaga taneuh sangkan henteu urug, ogé paragi pangiuhan, jeung papaés di buruan. Dauna disasap dijieun samak , dudukuy, jeung rupa-rupa wawadahan, kitu deui buahna geus ilahar dikonsumsi, tur dimangpaatkeu pikeun ubar batuk, nyeri beuteung, jeung miceun waé.Daérah-daérah anu kanyahoan loba hirup tangkal cangkuang, saperti di wilayah Himalaya, spesies anu sarua ogé hirup liar di nagara China perenahna di daérah Guangxi, Xizang jeung Yunnan, cangkuang ogé kapanggih hiru di Nepal, Malaysia, jeung Afrika Kulon.Sababaraha spesies cangkuan, dauna ngaluarkeun seungit saperti P. amaryllifolius , P. tectorius jeung P. odorifer . Di Asia tenggara dimangpaatkeun pikeun panyeungit sangu, jeung rupa-rupa olahan kadaharan jeug inuman.Serangga watang Megacrania batesii hirup sarta dahar ukur dina ieu tangkal.

Pasir

Pasir nyaéta hiji tempat anu kaayaanna leuwih luhur ti sabudeureunna tapi leuwih handap tur leutik ti batan gunung. Pasir luhurna kurang ti 600 méter, taneuh pasir henteu rumpil atawa ngagawir, pasir wangunna henteu pati lega.

Dina basa Indonesia pasir disebut bukit; basa Inggris (hill).

SMKS Insan Madani

SMKS Insan Madani nyaéta Sakola Menengah Kajuruan Swasta anu aya di Kabupatén Bogor. Alamat lengkepna di Jl Raya Cipatat Km 13 Sukajaya, Kalurahan/Désa Urug Kacamatan Sukajaya, Kabupatén Bogor, Jawa Kulon kalawan nomor NPSN 20280616.

SMKS Terpadu Hidayatul Faizien

SMKS Terpadu Hidayatul Faizien nyaéta Sakola Menengah Kajuruan Swasta anu aya di Kabupatén Garut. Alamat lengkepna di Kp. Urug Nangoh Cikedokan Bayongbong, Kalurahan/Désa Cikedokan Kacamatan Bayongbong, Kabupatén Garut, Jawa Kulon kalawan nomor NPSN 69761961.

Teureup

Teureup (Artocarpus elasticus) nyaéta tangkal leuweung ti kulawarga moraceae, kaina alus naker pikeun bahan nyieun parahu, bahan bangunan, jeung kabutuhan séjén.

Teureup mibanda ngaran daérah anu béda-béda kayaning: bakil (Malaysia), torop (Batak), tarok (Minangkabau), kalam (Mentawai), kokap (Madura), erap (Kalimantan). Tangkal teureup mikaresep daérah anu panas tur beueus (lembab), tangkalna ngan bisa hirup dina taneuh anu déngdék, urut urug atawa rempag, sisi susukan jeung gawir. Jangkung tangkalna bisa nepi ka 40-65 méter, régangna kandel, daunna rarubak kelirna héjo, pendul buahna konéng semu coklat, mangsa geus jadi buah méh sarimbag jeung buah kelewih, usum kembangan bulan juni - Agustus.

Urug, Kawalu, Tasikmalaya

Urug nyaéta salah sahiji kalurahan di kacamatan Kawalu, Kota Tasikmalaya, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.