Uni Éropa

Uni Éropa (UE, Basa Inggris: European Union, Basa Walanda: Europese Unie atawa EU) nyaéta hiji organisasi antarpamaréntahan sarta supra-nasional, anu diwangun ti nagara-nagara Éropa, anu saprak 1 Januari 2007 geus mibanda 27 nagara anggota. Persatuan ieu diwangun ngaliwatan Perjangjian Uni Éropa (anu leuwih dipikawanoh jeung Pajangjian Maastricht) dina 1992. Tapi, loba aspék ti UE geus aya saméméh tanggal kasebut, ngaliwatan organisasi saméméhna anu dimimitian dina taun1950-an.

Organisasi internasional ieu digawé ngaliwatan gabungan sistem supranasional sarta antarpamaréntahan. Di sawatara widang, kaputusan-kaputusan dicarokot ngaliwatan musyawarah sarta mufakat di antara nagara-nagara anggota, sarta di widang-widang séjénna lembaga-lembaga anu baroga sipat supranasional ngajalankeun tanggung témbalna tanpa perlu kasapukan anggota-anggotana. Lembaga penting di jero UE nyaéta Komisi Éropa, Déwan Uni Éropa, Déwan Éropa, Mahkamah Éropa, sarta Bank Sentral Éropa. Aya ogé Parlemen Éropa anu anggota-anggotana dipilih langsung ku warga nagara anggota.

UE-EU-ISO 3166-1
Peta nagara-nagara anggota UE (ISO 3166)

Sajarah

Sanggeus Perang Dunya I sarta Perang Dunya II, kahayang pikeun ngadegkeun Uni Éropa beuki ngaronjat, disurungkeun ku kahayang pikeun ngawangun balik Éropa sarta ngaleungitkeun kamungkinan perang séjénna. Ku alatan éta dijieun Komunitas Batubara jeung Waja Éropa (Basa Walanda: Europese Gemeenschap voor Kolen en Staal) ku Jerman, Perancis, Italia, sarta nagara-nagara Benelux. Hal ieu lumangsung ku Pajangjian Paris (1951), ditandatanganan dina April 1951 sarta dimimitian dina Juli 1952.

Sanggeus éta kabentuk ogé Komunitas Ékonomi Éropa (Basa Walanda: Europese Economische Gemeenschap) ngaliwatan Pajangjian Roma dina 1957 sarta dilaksanakeun dina 1 Januari 1958. Saterusna komunitas kasebut robah jadi Masarakat Éropa anu mangrupa 'tihang kahiji' ti Uni Éropa. Uni Éropa geus ngaevolusi ti hiji lembaga dagang jadi hiji lembaga nu gawé babarengan di widang ékonomi sarta pulitik.

Anggota

Saprak 2007 Uni Éropa mibanda 27 nagara anggota, nyaéta

Kroasia engkéna baris jadi anggota ogé. Status Turki masih tacan écés. Parlemen Éropa ngayakeun pasamoan maranéhanana di Brusel, Belgia sarta (sawatara kali sataun) di Strasbourg (Perancis). Parlemen Éropa dipilih sacara langsung ku warga nagara anggota.

Nulis.jpg
.eu

.eu téh mangrupa kode nagara domain undak luhur internét pikeun Uni Éropa.

Austria

Républik Austria (basa Jérman: Republik Österreich) mangrupa hiji nagara nu aya dina daratan Éropa Tengah. Tepung wates jeung Jérman jeung Céska di kalér, Slowakia jeung Hongaria di wétan, Slovénia jeung Italia di kidul, jeung Swiss jeung Liechtenstein di kulon. Ibu kotana nyaéta Wina. Austria katelah jeung musik klasikna.

Austria mangrupa nagara nu nganggo sistem démokrasi répréséntatif parleménter nu diwangun ti salapan nagara bagian fédéral. Austria jadi nagara anggota PBB ti 1955 jeung Uni Éropa ti 1995.

Bulgaria

Bulgaria nyaéta hiji nagara anu perenahna di Éropa bagian wétan kidul. Bulgaria wawatesan jeung Romania di kalér, Républik Makédonia sarta Sérbia di kulon, Yunani sarta Turki di kidul. Sagara Hideung perenahna di wetan Bulgaria. Bulgaria ku bangsana dingaranan България (Balgaria).

Déwan Éropa

Institusi ieu mangrupa bagian ti Uni Éropa. Pikeun patepungan tingkat mentri nu ngaranna mirip, temp Déwan Uni Éropa. Pikeun organisasi di luar Uni Éropa nu ngaranna mirip, tempo Majelis Éropa

Déwan Éropa (Européan Council, katelah ogé minangka Européan Summit) mangrupa organisasi politik pangluhurna dina Uni Éropa. Rapat-rapatna saméméhna diluluguan ku pupuhu salah sahiji nagara anggota nu keur ngajabat Kaprésidénan Déwan Uni Éropa. Sistem rotasi ieu teras diganti ti 2009 Herman van Rompuy diistrénan minangka Présidén Déwan Éropa, hiji pos anyar 2,5 taun sabada Pajangjian Lisbon disatujuan ku sadaya anggota Uni Éropa.

Kroasia

Républik Kroasia mangrupa salah sahiji nagara di Éropa nu tepung wates jeung Laut Adriatik di kidul, Sérbia di wétan, Slovénia jeung Hungaria di kalér, sarta Bosnia jeung Hérzégovina sareng Monténégro di tenggara. Ibu kotana nyaéta Zagreb. Dina sajarahna, nagara ieu mangrupa nagara républik pikeun Républik Sosialis Féderal Yugoslavia. Nagara ieu misah jeung mibanda kamerdékaanna dina taun 1991 jeung minangka kandidat ti anggota Uni Éropa.

Latvia

Républik Latvia (basa Latvia: Latvijas Républika) mangrupa hiji nagara di Éropa Kalér nu ibu kotana Riga. Latvia miboga wates darat kalawan dua nagara Baltik, Éstonia di kalér jeung Lituania di kidul, sarta kalawan Rusia jeung Belarus di wétan.[rujukan?] Latvia ogé miboga wates laut jeung Swédia. Nagara ieu ngagabung ka Uni Éropa dina 1 Méi 2004 jeung ka NATO dina 29 Maret 2004.[rujukan?]

Lituania

Lituania (Basa Lituania: Lietuva), ngaran resmina Républik Lituania (Basa Lituania: Lietuvos Respublika) nyaéta salah sahiji nagara nu aya di béh kaler Éropa. Nagara ieu aya di basisir tenggara Sagara Baltik, wawatesan jeung Latvia di béh kaler, Bélarus di tenggara, Polandia, jeung Kaliningrad Oblast (éksklaf Rusia) di kulon kiduleunnana. Lituania jadi anggota Uni Éropa ti 1 Méi, 2004.

Luksemburg

Luksemburg, atawa resmina Kadipatén Ageung Luksemburg (Basa Prancis: Grand-Duché de Luxembourg, Basa Jérman: Großherzogtum Luxemburg, basa Luksemburg: Groussherzogtum Lëtzebuerg) mangrupa hiji nagara nu teu boga wates laut nu aya di Éropa bagian kulon-kalér, tepung wates jeung Perancis (73 km), Jérman (138 km), jeung Bélgia (148 km).

Martinik

Martinik (Basa Prancis: Martinique; palapalan basa Perancis: [maʁtinik]) nyaéta hiji pulo di Laut Karibia beulah wétan, kalawan aréa darat 1,128 km2 (436 sq mi). Saperti Guadeloupe, Martinik mangrupa wewengkon peuntas laut Perancis, ngawengku 1 departemén peuntas laut. Ka kalér-kulonna aya Dominika, ka kidulna aya St Lucia, jeung ka tenggarana aya Barbados. Kawas departemén peuntas laut lianna, Maritnik mangrupa salah sahiji ti 27 régiona Perancis (minangka hiji région peuntas laut) jeung hiji bagian integral ti Républik.

Minangka bagian ti Perancis, Martinik mangrupa bagian ti Uni Éropa, jeung mata uangna nyaéta Euro. Basa resmina nyaéta Basa Perancis, sanajan loba padumuk nu maké Kréol Antillen (Créole Martiniquais).

Polandia

Polandia (dina basa Polski: Polska) mangrupa hiji négara républik di Éropa Tengah nu tepung wates jeung Jérman di kulon, Céko jeung Slovakia di kidul, Rusia (Kaliningrad), Lithuania di wétan-kalér, jeung Bélarus sareng Ukraina di wétan (Garis Curzon).

Portugal

Républik Portugal mangrupa hiji nagara di Éropa bagian barat daya. Nagara ieu tepung wates jeung Spanyol di beulah kalér jeung wétan. Di beulah kulon tepung wates jeung Samudra Atlantik. Salian ti éta, Portugal ogé miboga wewengkon di Madeira, Asores, jeung Kapuloan Selvagens. Portugal ngaklaim hiji wewengkon leutik nu ngaranna Olivença nu dikawasaan Spanyol ti Kongrés Wina. Ngaran lami atawa latin ti nagara ieu nyaéta Lusitania.

Kecap Portugis mindeng dipaké pikeun nyebutkeun padumuk atawa urang nu asalna ti Portugal. Kecap ieu ogé sesebutan pikeun basa nu dipaké ku bangsa ieu. Nagara-nagara nu maké basa Portugis sok disebut minangka nagara-nagara Lusophone.

Portugal téh nagara maju jeung kaasup nagara anggota Uni Éropa, ngagabung dina taun 1986.

Siprus

Républik Siprus nyaéta hiji nagara pulo di Laut Tengah bagian wétan, ±113 km di kiduleun Turki jeung 120 km di kuloneun Suriah. Ibu kotana Lefkosia (Nikosia). Kota penting lianna nyaéta Lemesos (Limassol), Larnaca, Paphos, Ammochostos (Famagusta), jeung Kyrenia.

Ti taun 1974, di bagian kalér aya Républik Turki Siprus Kalér, nu ngan diakuan ku Turki.

Slovakia

Républik Slovakia mangrupa hiji nagara peupeusan Cékoslovakia di Éropa Tengah. Nagara nu teu miboga laut ieu tepung wates sareng Polandia di beulah kalér, Céko di kalér-kulon, Ukraina di wétan, Hungaria di kidul, jeung Austria di kidul-kulon.

Ti 1 Januari 2009, Slovakia mimiti ngagunakeun mata uang Euro.

Slovénia

Républik Slovénia (basa Slovénia: Republika Slovenija) mangrupa nagara basisir sub-Alpin di kidul Éropa Tengah, tepung wates jeung Italia di beulah kulon, Laut Adriatik di kidul-kulon, Kroasia di kidul jeung wétan, Hungaria di kalér-wétan, jeung Austria di kalér. Nagara ieu mangrupa bagian Austria-Hongaria dina 1918 jeung teras minangka bagian Slovenes (Kroasia jeung Sérbia) dina 29 Oktober 1918-1 Désémber 1918, Républik Féderal Sosialis Yugoslavia (SFR Yugoslavia) ti 1945 nepi ka merdéka dina 1991. Nagara ieu jadi anggota Uni Éropa dina 1 Méi 2004. Nagara ieu ogé mangrupa anggota ti Déwan Éropa, NATO, jeung La Francophonie (kalawan status panénjo).

Spanyol

Karajaan Spanyol (basa Spanyol jeung Galisia: Reino de España, Katalan: Regne d'Espanya, Basque: Espainiako Erresuma) mangrupa hiji nagara di Éropa kidul-kulon nu, bareng jeung Portugal, aya di Samenanjung Ibéria. Wates darat Spanyol jeung Éropa nyaéta Pagunungan Pirenia jeung Perancis sareng Andorra. Wewengkonna ogé diwangun ti kota Ceuta jeung Melilla di Afrika Kalér, Kapuloan Canary di Samudra Atlantik, jeung rupa-rupa pulo di Laut Tengah.

Sérbia

Tempo ogé Républik Srpska, Kakaisaran SérbiaSérbia atawa resmina Républik Sérbia (basa Sérbia: Република Србија atawa Republika Srbija) mangrupa hiji nagara républik di tenggara jeung tengah Éropa. Dina 2003 nepi ka 2006, Sérbia ngagabung jeung Monténégro dina hiji pasamakmuran nu dingaranan Uni Nagara Sérbia jeung Monténégro kalawan ibu kota nagara Belgrade.

Sérbia tepung wates sareng Hungaria di kalér; Romania jeung Bulgaria di wétan; Makédonia jeung Albania di kidul; sarta Monténégro, Kroasia, jeung Bosnia-Hérzégovina di beulah kulon.

Dina 21 Méi 2006, rahayat Monténégro ngalaksanakeun pamilihan dina wangun Réferéndum Kamerdékaan Monténégro jeung 55,5 persén pamilih hayang kamerdékaan Monténégro. Salajengna dina kaping 3 Juni, 2006, Parlemén Monténégro mroklamasikeun kamerdékaan Monténégro, jadina salajengna Monténégro minangka hiji nagara sorangan.

Walanda

Walanda (Basa Walanda: Nederland) (IPA: [ˈne:dərlɑnt]) nyaéta bagian Éropa tina Karajaan Walanda (Basa Walanda: Koninkrijk der Nederlanden), nu ngawengku Walanda, Walanda Antilles, jeung Aruba. Walanda mangrupa hiji karajaan konstitusional, nu aya di beulah kulon Éropa. Walanda diwawatesan ku Laut Kalér di beulah kulon kalérna, Bélgia di beulah kidul, sarta Jérman di beulah wétanna. Wates nu kiwari aya ngadeg taun 1839.

Walanda sakapeung disebut minangka Holland. Istilah ieu henteu bener, alatan minangka propinsi Holland Kalér sarta Holland Kidul anu perenahna di bagian kulon ieu saukur dua ti dua belas propinsi anu aya di Walanda.

Walanda nyaéta salah sahiji nagara anu kungsi ngawasa Indonésia sarta kakara ngaku kadaulatan Indonésia dina 27 Désémber 1949, tapi ayeuna geus ngaku Indonésia merdika dina 17 Agustus 1945.

Walanda mangrupa salah sahiji nagara anu pangmundelna di dunya sarta lolobana taneuhna aya di handapeun beungeut sagara. Walanda ogé kaceluk kalayan galengan cai (dijk), kincir angin, kelom kai, kembang tulip, sarta sipat kabuka (liberal) masarakatna. Sipat kasebut jadi hal anu kaceluk sacara internasional. Walanda ogé jadi tempat kalungguhan Mahkamah Internasional. Amsterdam mangrupa puseur dayeuh Walanda, sarta Den Haag puseur administrasi sarta panyicingan Ratu Walanda.

Yunani

Yunani, ogé kawanoh salaku Hellas jeung resmina Républik Yunani (Hellenic Republic) mangrupa hiji nagara di Éropa tenggara. Yunani tepung wates jeung Albania, Makédonia, jeung Bulgaria di kalér, jeung Turki di wétan. Laut Aegea aya di wétaneun daratan utama Yunani, Laut Ionia di kulon, jeung Laut Tengah di kidul.

Éstonia

Républik Éstonia (basa Éstonia: Eesti Vabariik) mangrupa hiji nagara di Éropa Tengah. Wates darat nagara ieu nyaéta wates 339 km jeung Latvia di kidul jeung 229 km kalawan Rusia di wétan. Di kalér aya Teluk Finlandia jeung di kulon aya Laut Baltik. Nagara ieu minangka anggota Uni Éropa ti 1 Méi 2004.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.