Tatarucingan


Tatarucingan dina basa Indonesia dipikawanoh ku istilah teka-teki. Kecap tatarucingan téh asal kecapna tina tarucing atawa turucing.[rujukan?] Asal kecap turucing nyaéta turut cing.[rujukan?] Tarucing atawa turucing nyaéta runtuyan omongan anu kudu ditéangan hartina.[rujukan?] Tarucing kaasup palajaran ngolah basa.[rujukan?] Tina kecap turucing muncul kecap tatarucingan (tina tarucing jadi tatarucingan) anu hartina kaulinan ngaluarkeun rupa-rupa tarucing. [rujukan?] Dina sastra Sunda salian ti tatarucingan, aya ogé teka-teki nu disebut wawangsalan.[rujukan?]

Prakték tatarucingan

Dina praktékna, tatarucingan dilakukeun ku dua urang atawa leuwih; aya nu nanya jeung aya nu ngajawab.[rujukan?]

Conto tatarucingan

  • Tarucing: Budak leutik ngambay peujit.
Harti atawa eusina: Jarum (anu ngambay benangna).
Harti atawa eusina: Ganas
  • Tarucing: Naha lauk tara saré?
Jawaban: Sabab kasurna baseuh.
Akrostikon

Akrostikon (Yunani, acro, akhir+stikhos, baris puisi) nyaéta sajak atawa wangun lianna, anu huruf atawa engang unggal baris atawa ayat terusan di bagian handap sangkan bisa ngandung pesen atawa harti husus, kayaning ngaran kabogoh, poé bersejarah, jeung sajabana. Akrostikon geus dipaké ti jaman Yunani jeung Romawi. Dina koran jeung majalah akrostikan umumna bagian tina tatarucingan. Akrostikon aya dina Injil atawa perjanjian lama. Dina tradisi lisan akrostikan dipaké pikeun ngagampangkeun memori, sebagai mnemonic.

Bodor

Bodor nyaéta laku-lampah anu matak pikaseurieun. Laku-lampah di dieu bisa dihartikeun boh ucapan, obahan awak, atawa tulisan, anu dihaja ngondang pikaseurieun .

Folklor

Folklor nyaéta adat istiadat tradisional jeung carita ra’yat nu diwariskeun sacara turun-tumurun tapi heunteu dibukukeun; élmu adat istiadat tradisional jeung carita rahayat anu henteu dibukukeun. Sacara étimologi folklor asalna tina kecap folk jeung lore. Folk hartina kolétif atawa ciri-ciri fisik jeung kabudayaan nu sarua dina masarakat, sedengkeun nu dimaksud lore nyaéta tradisi tina folk.

Numutkeun Danandjaja foklor nyaéta sakelompok jalma nu miboga ciri-ciri fisik, sosial, jeung kabudayaan nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok lianna.

Harti folklor sacara umumna nyaéta sabagéan kabudayaan hiji koléktif nu sumebar tur diwariskeun sacara turun-tumurun di antara koléktif naon waé, sacara tradisonal dina vérsi nu béda boh dina wangun lisan boh dina wangun conto nu dibarengan ku isarat atawa hal naon waé sangkan teu gancang poho (mnemonic device).

Numutkeun Soeryawan, folklor nyaéta wangun kasenian nu lahir ti masarakat tur sumebar di masarakat. Ciri tina ieu seni budaya mangrupa ébréhan pangalaman manusa nu has dina wangunna éstétis-atistis.

Numutkeun Rusyana foklor téh mangrupa bagéan tina carita nu geus lila hirup dina tradisi hiji masarakat.

Sedengkeun numutkeun Iskar dina H.U. Pikiran Rakyat (22 Januari 1996) folkor nyaéta kajian kabudayaan rahayat leutik boh unsur matéri boh unsure nonmatéri. Éta kajian museur kana masalah kapercayaan rahayat, adat istiadat, pangaweruh rahayat, basa rahayat (dialék), sastra rahayat, kasenian rahayat, sarta pakéan rahayat.

Kearifan Lokal

Kaarifan lokal (Inggris, local widsom genius, kabijaksanaan satémpat), anu di dihatikeun jang cirining khas anu dipiboga ku sakumpulan, sakaligus ngabedakeun jeung sakumpulan sejen. Cirining anu disebutkeun umumna nu ditarima ku turun-tamurun, dina revitalisasi ngepas jeung parkembangan zaman, contona: tepok saliro(Jawa), karma phala jeung tri hita karana (Bali), alam takambang jadi guru (Minangkabau), jeung sajabarna. Ngahiji kami nangtung cerai tatarucingan runtuhna, gotong royong jeung sajabarna anu didasarkeun mangrupakeun kaarifan lokal anu ayeuna geus dikukut jadi kaarifan Nasional jang bangsa Indonesia.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.