Siprus

Républik Siprus nyaéta hiji nagara pulo di Laut Tengah bagian wétan, ±113 km di kiduleun Turki jeung 120 km di kuloneun Suriah. Ibu kotana Lefkosia (Nikosia). Kota penting lianna nyaéta Lemesos (Limassol), Larnaca, Paphos, Ammochostos (Famagusta), jeung Kyrenia.

Ti taun 1974, di bagian kalér aya Républik Turki Siprus Kalér, nu ngan diakuan ku Turki.

Κυπριακή Δημοκρατία
Kypriakí Dimokratía (Yunani)
Kıbrıs Cumhuriyeti (Turki)
Bandéra Siprus
Motto
Lagu
Ymnos pros tin Eleutherian 1
Location of Siprus
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Nikosia
Basa resmi Yunani, Turki
Pamaréntah Républik
 -  Présidén Dimitris Christofias 2
Kamerdékaan Ti Britania Raya 
 -  Proklamasi 16 Agustus 1960 
 -  Diakuan  
Aréa
 -  Total 9.250 4 km² (162)
 mil² 
Populasi
 -  Perkiraan  2006 766.400 (155)
 -  Sénsus 2001 689.565 6 
 -  Kapadetan 84 /km² (85)
 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2005
 -  Total US$15,76 miliar (117)
 -  Per kapita US$19.633 (36)
Mata uang Euro (EUR)
Zona wanci (UTC+2)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+3)
TLD Internét .cy
Kode telepon +357 7
1. "Ymnos pros tin Eleutherian" ogé mangrupakeun lagu kabangsaan Yunani.

2. Républik Turki Siprus Kalér (RTSK) ngawasaan wewengkon kalér jeung miboga présidén sorangan.
3. Teu diakuan ku Turki, sahiji-hijina 1 nagara nu ngakuan RTSK.
4. Aréa salega 5.895 km² di wewengkon kidul jeung 3.355 km² di wewengkon kalér.
5. Teu kaasup ±230.000 jiwa di wewengkon kalér.
6. Teu kaasup populasi RTSK.

7. +90-392 (kode aksés Turki) digunakeun di wewengkon kalér.
Cy-map
Peta Siprus

Sajarah

Saenggeus 1945

Siprus, wanci masih mangrupa jajahan Britania Raya, rék dibéréan ka Yunani. Tapi minoritas Turki nolak. Ahirna kompromi disatujuan jeung dina taun 1959 diwangun nagara Siprus merdéka. Tapi kadua pihak teu puas jeung ahirnya dina taun 1974 hiji kalompok nu mikahayangan pihijian jeung Yunani ngayakeun kudéta nu dibales jeung invasi Turki. Ti éta, Turki ngawasaan wewengkon kalér.

Anggota Uni Éropa

Dina kaping 1 Méi 2004, Siprus jadi anggota Uni Éropa. Tapi nu diboléhkeun milu ngan wewengkon kidul hungkul, kajaba ari wewengkon kalér rék ngahiji ogé. Ahirnya populasi wewengkon kalér neken pamaréntah manéhna sangkan ngahiji jeung wewengkon kidul. Dina 24 April 2004 wewengkon kalér (nu dipingpin Raouf Denktash) nyauran "nya" kana kahijian. Wewengkon kidul (nu dipingpin Tassos Papadopoulos) nyauran "heunteu" kana kahijian. Jadi ahirnya ngan bagian kidul hungkul nu jadi anggota Uni Éropa.

Ékonomi

Ékonomi dumasar kana ékspor produk tatanén (jeruk, kentang, anggur, tembako) jeung pangasilan pariwisata. Séktor kalaukan ampir euweuh. Salian éta, séktor patambangan masih nguntungan (tembaga, beusi, marmer, jeung gipsum).

Tempo ogé

Tumbu luar

.an

.an téh mangrupa kode nagara domain undak luhur internét pikeun Antillen Walanda.

.cy

.cy téh mangrupa kode nagara domain undak luhur internét pikeun Siprus.

.eu

.eu téh mangrupa kode nagara domain undak luhur internét pikeun Uni Éropa.

.gb

.gb téh mangrupa kode nagara domain undak luhur internét pikeun Britania.

.uk

.uk téh mangrupa kode nagara domain undak luhur internét pikeun Britania.

15 Juli

15 Juli nyaéta poé ka-196 dina sataun

15 Nopémber

15 Nopémber nyaéta poé ka-319 dina sataun (ka-320 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 45 poé.

16 Agustus

16 Agustus nyaéta poé ka-228 dina sataun

4 Juni

4 Juni nyaéta poé ka-155 dina sataun

9 Juni

9 Juni nyaéta poé ka-160 dina sataun

Akrotiri jeung Dhékélia

Akrotiri, ogé disebut "Aréa Pangkalan Kawasa Kulon" (Western Sovereign Base Area/WSBA) jeung Dhékélia, ogé disebut "Aréa Pangkalan Kawasa Wétan" (Eastern Sovereign Base Area/ESBA), mangrupa dua Aréa Pangkalan Kawasa Britania (UK Sovereign Base Area/SBA) di Siprus, urut Koloni Makuta Britania. Akrotiri aya di bagian kidul Siprus, deukeut kota Limassol. Dhékélia aya di bagian tenggara, deukeut Larnaca. Kadua wewengkon éta miboga pangkalan militér, taneuh tatanén, jeung padumukan. Akrotiri dikurilingan ku wewengkon Républik Siprus, lamun Dhékélia tepung wates jeung zona panyangga Sarikat Bangsa-Bangsa jeung wewengkon Républik Turki Siprus Kalér.

Pasukan garnisun Britania ditempatkeun di ditu salaku wangun patahanan. Salian ti éta, aya ogé listening post (pos pikeun ngadéngékeun kaayaan musuh) jeung sahiji-hijina stasion RAF (Angkatan Udara Britania) nu panglengkepna di wewengkon Méditérania (sabab di Gibraltar euweuh pangkalan pesawat permanén), RAF Akrotiri. Britania ogé ngintunkeun pasukanna dina PBB nu ditugaskeun di Siprus. Sakabéh personél Britania di Siprus nepi ka 3.500 urang.

Hukum sipil dipakékeun ku otoritas sipil Britania, tapi leuwih mimilu modél hukum Républik Siprus. Loba wargi Siprus nu gawé di SBA, utamina pikeun otoritas Britania atawa salaku patani jeung padagang. Tapi ngan urang Siprus nu mibanda jaringan lokal (local connection) nu diijinkeun nyicing di ditu, kawas aranjeunna nu ngadumuk di désa Akrotiri atawa di gigir désa tatanggi deukeut pangkalan. Salian ti éta, désa Xylotimbou jeung Ormidhia di Républik Siprus mangrupa énklave nu dikurilingan ku SBA Dhékélia.

Pangkalan Kawasa di Siprus kaasup kana wewengkon luar nagri Britania, tapi sanésna dipingpin Gubernur, kawas téritorial nu séjén, SBA di Siprus dipingpin ku Administrator, nu ditunjuk ku Ratu, tapi boga tanggung jawab ka Kamenterian Patahanan, lain ka Kantor Luar Nagri jeung Pasamakmuran.

Asia

Buana Asia diwatesan ku ngabagi Éropa jeung Afrika tina daratan Afrika-Eurasia nu sakitu legana. Watesna teu pati écés, komo di lebah Asia jeung Éropa mah: Asia jeung Afrika tepung deukeut Terusan Suéz, sedengkeun jeung Éropa aya di sapanjang Dardanéla, Laut Marmara, Bosporus, Laut Hideung, pagunungan Kaukasus, Laut Kaspia, Walungan Ural. Kira 60% ti populasi sadunya aya di Asia. Tempo ogé Eurasia.

Wewengkon Asia ngawengku buana Asia jeung sababaraha pulo sabudeureunana di Samudera Indonésia jeung Pasifik.

Basa Turki

Basa Turki (Türkçe) nyaéta basa Turkis, nu dipaké utamana di Turki, sarta komunitas leutik di Bulgaria, Républik Macédonia, Uzbékistan, Siprus, Yunani, sarta sababaraha yuta émigran di Éropa Kulon. Jumlah pastina henteu tangtu, utamana mah alatan kurangna data basa minoritas.

.

Basa Yunani

Basa Yunani (Ελληνικά, IPA [e̞ˌliniˈka] — "Hellenic") nyaéta salah sahiji basa Indo-Éropa kalayan sajarah anu geus didokuméntasikeun 3.500 taun lilana, panglilana dina kulawarga Indo-Éropa mah. Basa ieu ogé mangrupa basa anu panglawasna jadi bukti dina basa Indo-Éropa lamun seug basa Anatoli teu kaasup. Kiwari, ieu basa dikecapkeun ku kurang leuwih 15 yuta urang di Yunani, Siprus, Albania, Bulgaria, Républik Macédonia, Italia jeung Turki. Ogé aya loba komunitas émigran urang Yunani nu sumebar di sakuliah dunya, saperti di Melbourne, Australia — nu mibanda populasi urang Yunani urban kaopat panglobana di dunya, sanggeus Athena, Thessaloniki jeung Nicosia.

Basa Yunani geus ditulis dina alpabét Yunani (nu munggaran ngawanohkeun vokal) ti mimiti abad 19 SM di Yunani (saméméhna di Linear B), jeung abad 4 SM di Siprus (saméméhna di Cypriot syllabary). Lieratur Yunani miboga sajarah nu geus lumangsung ampir 3000 taun.

Britania Raya

Tempo oge: Karajaan Britania Raya

Britania Raya magrupakeun kapuloan penggedéna di Kapuloan Britania.

Daptar nagara kalawan pangakuan kawates

Daptar nagara kalawan pangakuan kawates méré hiji gambaran ngeunaan éntitas géopolitik ayeuna, nu hayang diakuan minangka nagara daulat dina hukum internasional tapi heunteu atawa tacan miboga pangakuan diplomatik dunya sacara pinuh.

Éntitas kawas kieu umumna kabagi kana dua kategori. Kahiji, éntitas nu miboga pangawasaan pinuh atawa sabagian kana wewengkon nu diklaimna nu maréntah sorangan ku cara de facto jeung geus nyebutkeun hiji kahayangan pikeun merdéka pinuh. Kadua, éntitas nu teu boga pangawasaan pinuh kana wewengkon nu diklaimna, tapi diakuan miboga klaim de jure kana wewengkonna ku saeutikna hiji nagara lian nu diakuan sacara luas. Sababaraha nagara dina daptar ieu, kawas Siprus jeung Républik Koréa, diakuan ku mayoritas nagara-nagara lian jeung mangrupa anggota Sarikat Bangsa-Bangsa, tapi diasupkeun kana daptar ieu sabab sababaraha nagara lian ngabatalkeun pangakuanna.

Tempo daptar historis nagara nu heunteu diakuan pikeun éntitas kawas kieu nu aya dina jaman baheula. Tempo daptar pamaréntahan dina pangasingan pikeun pamaréntahan nu teu diakuan jeung teu miboga pangawasaan kana wewengkon nu diklaimna.

Aya 192 nagara anggota Pasarikatan Bangsa-Bangsa (PBB). Tahta Suci diakuan daulat dumasar kana hukum internasional, tapi heunteu minangka anggota Pasarikatan (miboga status minangka nagara panénjo).

Organisasi Sabilulungan Islam

Organisasi Sabilulungan Islam (Basa Inggris: Organisation of Islamic Cooperation (OIC); Basa Arab: منظمة التعاون الاسلامي‎; Basa Prancis: Organisation de la Coopération Islamique (OCI)) nyaéta hiji organisasi internasional anu dieusian ku 57 nagara anggota. OSI mibopga délegasi permanén ka Pasarikatan Bangsa-Bangsa, sarta mangrupa organisasi internasional nu panggedéna salian ti Pasarikatan Bangsa-Bangsa. Basa resmi OSI nyaéta Basa Arab, Inggris, jeung Perancis. Ngaranna dirobah ti Organisasi Konferénsi Islam (Basa Inggris: Organisation of the Islamic Conference; Basa Arab: منظمة المؤتمر الإسلامي‎; Basa Prancis: Organisation de la Conférence Islamique) ka ngaranna nu ayeuna dina 28 Juni 2011.

Puseur dayeuh

Puseur dayeuh atawa ibu kota (diéjah ogé ibukota) nyaéta kota utama di hiji nagara atawa daérah, sanajan kota ieu tacan tangtu mangrupa kota panggedéna ogé. Di kota ieu ilaharna aya gedong-gedong pamaréntahan pusat atawa daérah jeung hiji déwan perwakilan rahayat nu sering ogé disebut parlemén sarta kantor-kantor pusat pausahaan-pausahaan komérsial. Lian ti éta, di ibu kota nagara biasana aya wawakil-wawakil ti nagara deungeun nu biasa disebut kadutaan gedé.Sawatara perkecualian:

Di nagri Walanda puseur dayeuhna nyaéta Amsterdam, tapi dayeuh pamaréntahanana nyaéta Den Haag. Di dayeuh pamungkas ieu ogé aya wawakil-wawakil ti nagara deungeun.

Puseur dayeuh Israél nyaéta Yerusalem. Tapi ku sabab dayeuh ieu ku dunya internasional dianggap minangka hiji dayeuh internasional, mangka kadutaan gedé nagara-nagara anu nyambung diplomatik jeung Israél nempatkeun kadutaan gedé maranéhanana di dayeuh Tél Aviv, kajaba sawatara nagara.

Puseur dayeuh Afrika Kidul nyaéta Prétoria tapi parlemén perenahna di Cape Town/Kaapstad.

Puseur dayeuh Républik China di Taiwan anu resmi nyaéta Nanjing, tapi alatan éléh dina perang baraya ku kituna Chiang Kai-shek mindahkeun pamaréntahan ka puseur dayeuh samentara di Taipéi, Taiwan.Sakapeung sawatara nagara mindahkeun puseur dayeuh maranéhanana alatan alesan pulitik atawa ekonomis. Sawatara nagara anu kungsi mindahkeun puseur dayeuh maranéhanana nyaéta:

Amérika Sarikat, ti New York ka Philadelphia tuluy ka Washington, DC

Brazil ti Rio de Janeiro ka Brasilia

Kazakhstan ti Almaty/Alma Ata ka dayeuh Astana

Turki ti Istanbul/Konstantinopel ka Ankara

Myanmar ti Yangon ka NaypyidawRemen ogé puseur dayeuh kudu dipindahkan alatan dilindih atawa dikawasa ku nagara deungeun.

Lithuania antara taun1918-1940 ibu kotana Kaunas alatan puseur dayeuh Vilnius dikawasa ku PolandiaDina mangsa perang remen ogé puseur dayeuh dikawasa ku satru sarta kudu ngadegkeun puseur dayeuh "tandingan" atawa samentara di dayeuh séjén:

Républik Indonésia sawatara kali ibu kotana pindah antara taun1945-1950. Ti Jakarta ka Yogyakarta tuluy ka Bukittinggi saméméh balik deui ka Jakarta

Perancis "Bébas" antara taun1940-1944 kalawan puseur dayeuh VichySakapeung puseur dayeuh nagara kudu dibagi jeung nagara séjén alatan dikawasa satru:

Siprus kalawan puseur dayeuh Nikosia anu kudu dibagi jeung Republik Turki Siprus Kalér saprak taun1974

Dayeuh Berlin anu kabagi antara Republik Federal Jerman jeung Republik Demokratis Jerman antara taun1949 - 1990.

Républik Turki Siprus Kalér

Républik Turki Siprus Kalér (RTSK) (basa Turki: Kuzey Kıbrıs Türk Cumhuriyeti) mangrupa hiji nagara républik nu de facto-na mah merdéka, aya di bagian kalér Siprus. euweuh nagara lian di dunya nu ngakuan kadaulatanna iwal Turki, nu ngawasaan wewengkon éta dina taun 1974. Teras dina taun 1975, nagara ieu diproklamasikeun eujeung parobahan ngaran dina taun 1983; ngaran éta masih dipaké nepi ka ayeuna.

Nagara daulat jeung wewengkon depéndensi di Éropa
Nagara daulat
Pangakuan kawates
Depéndensi jeung
wewengkon lianna
Nagara jeung depéndensi di Asia
Nagara daulat
Pangakuan kawates
Depéndensi jeung
Wewengkon Administratif Husus
Wétan Tengah
Nagara jeung téritori
Nagara anggota Déwan Éropa

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.