Nagara

Kadé kaliru jeung Nagri
Pikeun kagunaan lian, tempo Nagara (disambiguasi)

Hiji nagara mangrupa hiji komunitas pulitis nu kaatur dina hiji pamaréntahan. Nagara bisa mangrupa nu daulat jeung bisa miboga hiji kakawasaan dina inisiasi légal dina tanaga jeung heunteu ngagumantung, atawa jadi subjék tina nagara nu lian.

Tempo ogé

Gnome-globe.svg
Amérika Sarikat

Amérika Sarikat, (atawa basa Inggris: United States, U.S., U.S.A., jeung Amérika; basa Indonésia: Amérika Serikat, A.S.), mangrupa nagara di Amérika Kalér. Minangka républik federal, AS wawatesan jeung Kanada tur Méksiko, sarta manjang ti Samudra Atlantik nepi ka Samudrra Pasifik. Ibukotana nyaéta Washington, D.C..

Arménia

Républik Arménia atawa dikenal sabagé Arménia hungkul (Հայաստան, Hayastan, Հայք, Hayq), nyaéta nagara Éropa-Asia nu wewengkon daratna kacapit ku nagara lian. Nagara ieu tepung wates jeung Turki di kulon, Géorgia di kalér, Azerbaijan di wétan, jeung Iran sarta éksklave Nakhichevan (bogana Azerbaijan) di kidul. Arménia téh anggota ti Déwan Éropa jeung Pasarikatan Nagara-Nagara Merdéka ogé dina arabad jadi wewengkon ngaliwat jeung pameuntasan wewengkon wétan jeung kulon.

Bangladés

Bangladés (Basa Benggala: বাংলাদেশ), resmina Républik Rahayat Bangladés (Basa Benggala: গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশ Gônoprojatontri Bangladesh), nyaéta hiji nagara di Asia Kidul. Aya di Délta Gangga-Brahmaputra nu subur, Bangladés minangka bagian tina wewengkon étnis jeung basa Benggala. Ngaran Bangladesh hartina "Nagara Benggala" di Basa Benggala nu resmi. Bangladés wawatesan jeung Teluk Benggala di kidul, India di kalér, kulon, jeung wétan, sarta Myanmar di tenggara. Bangladés kapisah ti Nepal jeung Bhutan ku Sela Siliguri.

Wates Bangladés ayeuna disusun tina pamisahan Benggala Britania dina 1947, nalika wewengkonna mangrupa Pakistan Wétan, bagian ti Pakistan nu karak ngadeg. Pakistan Wétan kapisah ti Pakistan Kulon ku kirang langkungna 1.500 km wewengkon India. Ku sabab alesan pulitik, étnis, basa, jeung ékonomi ku wewengkon kulon, pamikiran umum tumuwuh nu teras janten pergerakan nasionalis kultural jeung sékulér, nu ngarah kana déklarasi kamerdikaan sarta Perang Kamerdikaan Bangladés dina 1971. Sanggeus perang jeung kamerdikaan, nagara Bangladés nu anyar éta ngalaman raloba masalah kamiskinan, kalaparan, karusuhan pulitik, jeung kudéta-kudéta militér. Pamulihan démokrasi taun 1991 ngahasilkeun kaayaan nu rélatif tengtrem sarta kamajuan ékonomi.

Bangladés mangrupa nagara républik parleméntér kahijian sékulér, kalawan hiji parlemén nu ngaranna Jatiyo Sangshad. Bangladés mangrupa nagara nu panglobana populasina ka-8 sadunya sarta mangrupa salah sahiji ti nagara nu pangpadetna sadunya.

Numutkeun géografina, Bangladés aya di wewengkon Délta Gangga-Brahmaputra jeung mangrupa wewengkon banjir jeung siklon taunan. Nagara ieu ngalaman sababaraha masalah saperti kamiskinan, korupsi, kaleuwihan populasi, sarta sababaraha masalah tina parobahan iklim. Sanajan kitu, Bangladés miboga kamajuan dina ajén Angka Pertumbuhan Manusa. Bangladés enggeus ningkatkeun angka harepan hirupna 23 taun, miboga kasaruaan jenis kelamin dina pangatikan, pangurangan pertumbuhan populasi, sarta paningkatan dina kaséhatan ibu jeung anak.

Géorgia

Géorgia ogé mangrupa ngaran nagara bagian di Amérika Sarikat, tempo Géorgia, Amérika Sarikat.Géorgia (საქართველო Sakartvelo dina basa Géorgia; dikenal ti 1990 nepi ka 1995 sabagé Républik Géorgia) mangrupa hiji nagara transbanua di wétan Laut Hideung di kidul Kaukasus antara banua Éropa jeung banua Asia. Bekas républik di Uni Soviét ieu tepung wates jeung Rusia di kalér, Turki di kidul-kulon, Arménia di kidul sarta Azerbaijan di wétan. Lega wewengkon Géorgia 69.700 km², populasina 4,4 yuta (teu kaasup Abkhazia jeung Ossétia Kidul), 84% ti populasina étnisna Géorgia.

India

Keur sajarah sarta kagunaan séjén ngeunaan India, tempo India (disambiguasi). India(भारत), resmina Républik India, mangrupa salah sahiji nagara di Asia Kidul. India mangrupa nagara katujuh panggedéna numutkeun wewengkon géografis, kadua pangloba pangeusina, sarta nagara nu ngagem démokrasi liberal panglegana di dunya. India wawatesan jeung Pakistan, China, Bangladésh, Népal jeung Bhutan. Puseur nagarana nyaéta New Delhi. India miboga garis basisir leuwih ti tujuh rébu kilométer and borders Pakistan di béh kulon; Cina, Nepal, jeung Bhutan di béh wétan kalér; sarta Bangladésh jeung Myanmar di béh wétaneunnana. Di Samudra India, India wawatesan jeung nagara kapuloan Sri Lanka, Maladéwa jeung Indonésia.

Urang India mibanda perdaban sarta budaya anu lumangsung ti taun 3300 SM, India mangrupa bagéan ti peradaban Lembah Sungai Indus kalawan mekarkeun budaya wewengkonna ngaliwatan paniagaan sarta dirojong ku barter bahan tatanén. Salila mangtaun-taun, nagara ieu jadi puseur ruteu penting, puseur mekarkeun budaya sarta tempat ngadegna karajaan-karajaan anu gedé. Agama Hindu, Sikh, Buddha jeung Jainis mangrupa agama asli ti India, sedengkeun Islam jeung Kristen datang ngaliwatan paniagaan sarta ku kaayaan budaya anu geus mekar saméméh ayana invasi ti nagara asing. Sanajan lamun diitung invasi asing nepi ka 4000 taun, tapi budaya India jeung sosial kamasarakatanna teu bisa diruntagkeun, nu hadé ti nagara asing bakal dipiceun atawa bisa di serep gumantung kabudayaan bangsa India, komponén sosial masarakat angger lengkep jeung moal bisa dirobah. Kalawan turunna pamor Karajaan Mughal, sababaraha nagara Eropa kungsi nyoba nyieun puseur atawa pos paniagaan di India. Tahta Inggris, dina mangsa sababaraha abad saeutik-sautik geus nyoba pikeun ngahijikeun karajaan-karajaan di India kalawan ku maksud pikeun ngajajah India. Tapi saméméh bisa nyokot sagala rupa kauntungan ti kolonialisme, rahayat India kalawan kaayaan séké sélér anu rupa-rupa bisa ngahiji dina hiji gerakan anu kuat pikeun réformsi sosial jeung nyieun sistem pamaréntahana sorangan sarta ngulang deui kajayaan Karajaan India mangsa baheula. Hasilna, India jadi hiji nagara modérn di taun 1947. Rahayat India, satwa liar, géografisna jeung sistem iklim India mangrupa anu pangragemna saalam dunya, jeung India modérn ayeuna bisa disebut bakal jadi nagara adidaya di mangsa kahareupna.

Indonésia

Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna). Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku rahayatna. Puseur dayeuh nagara Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia boga wates wewengkon jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu kungsi kaluar ti organisasi éta. Salian éta, Indonésia ogé anggota ti ASEAN, APEC, OSI jeung G-20.

Inggris

Keur ngaran nagara Britania Raya nu sering disebut Inggris, tingali Britania Raya.Inggris nyaéta nagara nu pangageungna di Karajaan Britania Raya di Éropa. Istilah "Inggris" sering ogé dianggé pikeun nyebat nagara Britania Raya sakumna.

Iran

Iran, (basa Pérsia: ايران, Īrān; dikecapkeun [iːˈɾɒn]), ngaran resmina Républik Islam Iran (basa Pérsia: جمهوری اسلامی ايران, transliterasi: Jomhūrī-ye Eslāmī-ye Īrān), saméméhna katelah sacara internasional minangka Pérsia, nyaéta nagara di Asia Kulon Kidul nu dina wewengkon géografis mah perenahna aya di Wétan Tengah, jeung Kaukasus. Islam Syi'ah mangrupa ageman nagara sarta Basa Pérsia mangrupa basa resmina.Minangka nagara panggedéna ka-18 di dunya dumasar legana nu 1,648,000 kilométer pasagi, Iran saukuran jeung United Kingdom, Perancis, Spanyol jeung Jerman lamun dihijikeun, atawa leuwih leutik saeutik tinimbang nagara bagéan AS, Alaska (1,717,855 km²). Pangeusina leuwih ti tujuh puluh juta urang.

Iran wawatesan jeung Armenia, Azerbaijan, sarta Turkmenistan di béh kaler; Afghanistan jeung Pakistan di béh wetan; sarta Turki jeung Irak di béh kulon. Minangka tambahan, wawatesan ogé jeung Teluk Pérsia, hiji wewengkon penting nu ngahasilkeun minyak, Teluk Oman, sarta Sagara Kaspia.

Jakarta

Daérah Khusus Ibukota (DKI) Jakarta (Aksara Sunda Baku: ᮓᮆᮛᮂ ᮮᮥᮞᮥᮞ᮪ ᮄᮘᮥᮊᮧᮒ ᮏᮊᮁᮒ) nyaéta salah sahiji propinsi sakaligus ibu kota Indonésia. Lantaran Jakarta minangka hiji dayeuh nu dijadikeun puseur dayeuh Indonésia, ku kituna Jakarta boga status nu sarua jeung propinsi. Jakarta aya di beulah kulon kidul Pulo Jawa. Dina taun 2004, legana kurang leuwih 650 km² sarta pangeusina aya 8.792.000 jiwa.

Jepang

Jepang (Nippon/Nihon 日本 déngékeun nyaéta salah sahiji nagara kapuloan di Asia Wétan. Ayana di Samudra Pasifik, wates beulah wetan Tiongkok, Koréa jeung Rusia, sumebar ti mimiti Laut Okhotsk di kaler nepi ka Laut Cina Wétan di kidul. Kanji nu nyieun ngaran Jepang hartina "asal-panonpoé", ku sabab Jepang kadangkala dianggap sabagé "Taneuh tempat bijil panonpoé".

Jepang kasusun ku 3,000 pulo-pulo, nu mana pulo-pulo gedena nyaéta Honshū, Hokkaidō, Kyūshū jeung Shikoku, nu mangrupa 97% daratan. Lolobana ieu pulo kasusun ku pagunungan, tur masih gunung seuneu; contona, gunung pangjangkung di Jepang, Gunung Fuji, is a volcano. Jepang nomer sapuluh populasina di dunya, kira-kira 128 juta jiwa. Wewengkon Megapolitan Tokyo, nu ngawengku ibukota Tokyo jeung préféktur sabudeureunna, wewengkon metropolitan panggedena sadunya, leuwih ti 30 juta penghuni.

Panalungtikan Arkéologi nembongkeun yén kahirupan di pulo-pulo Jepang geus aya dina période Paléolitik Luhur. Dumasar kana catetan ngeunaan Jepang dina buku sajarah Sajarah China ti abad kahiji SM (Saméméh Maséhi).

Pangaruh luar nu diteruskeun ku période isolasi nu panjang mangrupa salah sahiji ciri sajarah Jepang. Saprak maké konstitusi dina taun 1947, Jepang ngagunakeun konstitusi monarki nagara bagian ku ayana kaisar jeung parlemén nu dipilih, Parlemén Jepang.

Kakuatan ekonomi utama, Jepang nomer dua ékonomina dumasar kana gedéna GDP. Jepang ogé anggota PBB, G8, G4 jeung APEC, sarta no lima anggaran pertahananna. Jepang ogé nomer opat nagara nu ékspor sarta nomer genep nagara nu impor sarta mingpin dina téknologi jeung permesinan.

Kalénder Islam

Kalénder Islam atawa kalénder Muslim (Basa Arab: التقويم الهجري; at-taqwīm al-hijrī; Basa Persia: تقویم هجري قمری ‎ taqwīm-e hejri-ye qamari katelah ogé kalender Hijriah) nyaéta kalénder nu dipaké keur nanggalan kajadian-kajadian di nagara-nagara nu dominan Muslim, sarta dipaké ku Muslim di mana waé keur nangtukeun wanci nu mustari keur ngaria-ria poé sucina Islam. Kalender Islam mangrupa kalender bulan nu miboga 12 bulan lunar, dina sataunna aya 354 poe. ku sabab taun bulan ieu 11 poé leuwih pondok ti batan taun panonpoe, sanajan poé sucina Islam dirayakeun dina tanggal nu ajeg dina kalender Islam, dina kalender Gregorian mah baris geseh 11 poé miheulaan saban taunna. Taun Islam katelah ogé taun Hijrah alatan taun munggarannana nyaéta taun kajadian Hijrah; Nabi Muhammad emigrasi ti Mekah ka Madinah. Ku kituna taun-taun lianna ditangtukeun maké H, (Basa Inggis H jeung AH, AH mah sarua jeung Basa Laten anno Hegirae (dina taun Hijrah).Taun Islam kiwari 1428 H.

Kode nagara domain undak luhur

Pikeun daptar lengkep kode nagara domain undak luhur, tempo Daptar kode nagara domain undak luhur.Kode nagara domain undak luhur (basa Inggris: ccTLD) téh Domain undak luhur internét anu umumna dipaké sarta disadiakeun husus pikeun hiji nagara, daérah kakawasaan, atawa hiji téritorial husus.

Malaysia

Malaysia mangrupa féderasi 13 nagara bagian di Asia Tenggara, nu ngadeg taun 1963.

Nagara ieu ngawengku dua wewengkon géografis nu dipisahkeun ku Laut Cina Kidul:

Malaysia Kulon (atawa Peninsular Malaysia) di Semenanjung Malaya nu babagi wates lemahna di beulah kalér jeung Muangtai tur kahubungkeun jeung Singapura di beulah kidulna ku Johor-Singapore Causeway jeung Malaysia-Singapura Second Link. Wilayah ieu ngawengku 11 nagara bagéan, Johor, Kedah, Kelantan, Malaka, Negeri Sembilan, Pahang, Pérak, Perlis, Penang, Selangor jeung Terengganu, katut tulu teritori federal, Putrajaya, Labuan jeung Kuala Lumpur.

Malaysia Wétan nempatan bagéan kaler pulo Kalimantan, wawatesan jeung Indonesia katut Kasultanan Brunei. Wilayah ieu ngawengku teritori federal kapuloan Labuan jeung nagara bagéan Sabah katut Sarawak.As states of Malaysia were formerly British colonies, many Malaysian institutions are based on those of the British. For instance, the Malaysian system of government draws héavily on the British Westminster system. The head of state is the Yang di-Pertuan Agong (colloquially referred to as the King), who is elected from among the state sultans to a five-yéar term, making Malaysia one of two elective monarchies in the world (the other is Vatican City). As a constitutional monarchy, executive power is vested in the Prime Minister, with the King serving as more of a figurehéad. The legislative branch consists of Parliament, which is mostly based on the British Parliament. A judiciary has also been established under the Constitution. The Barisan Nasional (National Front), a coalition of several political parties, has ruled Malaysia since Malaya's independence in 1957.

Initially héavily dependent on agricultural and mining activities, the Malaysian economy has since shifted its focus to manufacturing and tourism as its major sources of income. Despite the shift, Malaysia is one of the top producers of rubber and palm oil. In the 1970s, the government implemented the controversial New Economic Policy (NEP) to address an income disparity between the Malays and Chinese.

Although historically dominated by the Malays, modérn Malaysian society is heterogenéous, with substantial Chinese and Indian minorities. Malaysian politics have been noted for their allegedly communal nature; the three major component parties of the Barisan Nasional éach restrict membership to those of one ethnic group, and the only major violence the country has seen since independence was the May 13 Incident of racial rioting in the wake of an election campaign based on racial issues.

Pakistan

Pakistan (Basa Urdu: اسلامی جمہوریۂ پاکستان), ngaran resmina Républik Islam Pakistan nyaéta nagara républik di Asia Kidul, nu mangrupa tempat papanggihna wewengkon Asia Kidul jeung Asia Tengah sarta Wétan Tengah. Nagara ieu mibanda 1,046 kilométer gari basisir sapanjang Sagara Arabia di béh kidul, diwawatesan ku Afganistan jeung Iran di béh kulon, India di béh wétan sarta Tiongkok jauh di béh wétan kaléreunana.Pakistan mangrupa nagara pangpadetna kagenep di dunya sarta mangrupa nagara mayoritas Islam nu kadua pangpadetna. Wewengkonna mangrupa bagéan India Britania samemeh dibagi-bagi sarta mibanda sajarah pakampungan jeung peradaban nu panjang salila Peradaban Léngkob Indus. lolobana tina wewengkon nu aya kiwari beunang ku Pérsia jeung Yunani dina Milénium ka-1 SM sarta diatur ku maranehannana salila sawatara abad. Keur sesa sajarahna, wewengkon ieu mangrupa bagéan tina karajaan India nu lega atawa di sahadapeun pupuhu lokal atawa regional. Nu datang jeung ngawasana satuluyna aya urang Arab, Afganistan, Turki, Baloch jeung Mongol. Wewengkon ieu asup kana India Britania dina abad ka-19. Tii saprak merdika, nagara ieu geus ngalaman dua périodeu tumuwuhna militer jeung ekonomi nu penting, sarta périodeu nu henteu stabil, ku ayana kaluarna Pakistan Wétan (kiwari Bangladésh).

Propinsi

Propinsi (Ing: province) mangrupa sebutan pikeun pamaréntahan éntitas subnasional nu biasana sahambalan handapeun hambalan nasional. Di sababaraha nagara dipaké istilah séjén, misalna nagara bagian (state) atawa departemén.

Kecap ieu diwanohkeun ku urang Rumawi, nu ngabagi kakaisaranana kana provinciae. Sigana kecap ieu asalna tina kecap Latin provincia (wewengkon nu kapangaruhan/dikawasa).

Rusia

Féderasi Rusia (Basa Rusia: Росси́йская Федера́ция, Alih aksara: Rossiyskaya Federatsiya)kupingkeun , atawa Rusia (Basa Rusia: Росси́я, alih aksara: Rossiya), nyaéta hiji nagara anu ngampar ti Éropa nepi ka Asia. ku sabab wilayahna nu lega, kira-kira 17.075.400 km², Rusia téh mangrupa salah sahiji nagara panggedéna. Wilayahna kurang leuwih dua kali wilayah Républik Rahayat Tiongkok (Tiongkok; RRC), Kanada atawa Amérika Sarikat.

Républik Rahayat Tiongkok

Républik Rahayat Tiongkok (Tionghoa basajan: 中华人民共和国; Tionghoa tradisional : 中華人民共和國; pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó tʂʊŋ˥xua˧˥ʐɛn˧˥mɪn˧˥kʊŋ˥˩xə˧˥kuɔ˧˥ , singgetna Tiongkok; ti 28 Juni 1967 nepi ka 14 Maret 2014 mah sok disebut Républik Rahayat Tjina/RRT atawa Républik Rahayat Cina/RRC, harpiah: Républik Rahayat Tionghoa) nyaéta hiji nagara anu nganjrek di wewengkon Asia Kalér nu ibukotana téh di Béijing. Nagara ieu mibanda sajumlahing pangeusi anu kawilang panglobana di sakuliah dunya (kurang leuwih 1,35 milyar jiwa) jeung lega wewengkon 9,69 yuta kilométer pasagi, ngabalukarkeun nagara ka-4 panglegana di sakuliah dunya. Nagara ieu diadegkeun dina taun 1949 sabérésna Perang Sadulur Tiongkok, ti harita dipingpin ku hiji partéy tunggal, nyaéta Partéy Komunis Tiongkok (PKT).

Saudi Arabia

Karajaan Saudi Arabia (Basa Arab: المملكة العربية السعودية‎) nyaéta nagara panglegana di Semenanjung Arab. Nagara ieu wawatesan jeung Jordania di kulon kalér, Iraq di kalér jeung wétan kalér, Kuwait, Qatar, Bahrain, jeung Uni Émirat Arab di beulah wétan, Oman di wétan kidul, sarta Yaman di beulah kiduleunnana, kalayan Teluk Pérsia di beulah wétan kalér jeung Laut Beureum di beulah kuloneunnana. Nagara ieu disebut "lemahna dua masjid suci", minangka rujukan ka Mekah jeung Madinah, dua kota pangsucina dina ageman Islam. Nagara ieu nujul kana Saudi Arabia (ngecapkeun dina basa Inggris /ˈsɒdɪ əˈɹeɪ̯bɪə/), السعودية /ælʕɑrɑˈbiː æsːæʕuːˈdijːæ/ atawa Arabia wungkul, nu henteu pati ilahar (saperti dina maén bal), KSA.

Singapura

Singapura (Basa Malayu: Singapura; Cina: 新加坡; pinyin: Xīnjiāpō; Basa Tamil: சிங்கப்பூர், Ciŋkappūr), ngaran resmina Républik Singapura (Basa Malayu: Republik Singapura; Cina: 新加坡共和国; pinyin: Xīnjiāpō Gònghéguó; Basa Tamil: சிங்கப்பூர் குடியரசு, Ciŋkappūr Kudiyarasu), nyaéta hiji nagara pulo nu perenahna di tungtung kidul Jajirah Malayu. Singapura ayana 137 kilométer (85 mi) kalereun hatulistiwa, kiduleun nagara bagéan Johor, Malaysia sarta kalereun Kapuloan Riau Indonésia. Kalayan legana nu ukur 704.0 km² (272 sq mi), Singapura mangrupa salah sahiji nagara kota nu ngan saeutik nyesa kénéh sadunya, tur mangrupa nagara pangleutikna di Asia Tenggara.

Walanda

Walanda (Basa Walanda: Nederland) (IPA: [ˈne:dərlɑnt]) nyaéta bagian Éropa tina Karajaan Walanda (Basa Walanda: Koninkrijk der Nederlanden), nu ngawengku Walanda, Walanda Antilles, jeung Aruba. Walanda mangrupa hiji karajaan konstitusional, nu aya di beulah kulon Éropa. Walanda diwawatesan ku Laut Kalér di beulah kulon kalérna, Bélgia di beulah kidul, sarta Jérman di beulah wétanna. Wates nu kiwari aya ngadeg taun 1839.

Walanda sakapeung disebut minangka Holland. Istilah ieu henteu bener, alatan minangka propinsi Holland Kalér sarta Holland Kidul anu perenahna di bagian kulon ieu saukur dua ti dua belas propinsi anu aya di Walanda.

Walanda nyaéta salah sahiji nagara anu kungsi ngawasa Indonésia sarta kakara ngaku kadaulatan Indonésia dina 27 Désémber 1949, tapi ayeuna geus ngaku Indonésia merdika dina 17 Agustus 1945.

Walanda mangrupa salah sahiji nagara anu pangmundelna di dunya sarta lolobana taneuhna aya di handapeun beungeut sagara. Walanda ogé kaceluk kalayan galengan cai (dijk), kincir angin, kelom kai, kembang tulip, sarta sipat kabuka (liberal) masarakatna. Sipat kasebut jadi hal anu kaceluk sacara internasional. Walanda ogé jadi tempat kalungguhan Mahkamah Internasional. Amsterdam mangrupa puseur dayeuh Walanda, sarta Den Haag puseur administrasi sarta panyicingan Ratu Walanda.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.