Kulon

Pikeun kagunaan séjén tina Kulon, tempo Kulon (disambiguasi).

Kulon nyaéta hiji kecap banda, kecap sipat, atawa kecap katerangan nu nunjukkeun arah atawa géografi.

Gnome-globe.svg
Arménia

Républik Arménia atawa dikenal sabagé Arménia hungkul (Հայաստան, Hayastan, Հայք, Hayq), nyaéta nagara Éropa-Asia nu wewengkon daratna kacapit ku nagara lian. Nagara ieu tepung wates jeung Turki di kulon, Géorgia di kalér, Azerbaijan di wétan, jeung Iran sarta éksklave Nakhichevan (bogana Azerbaijan) di kidul. Arménia téh anggota ti Déwan Éropa jeung Pasarikatan Nagara-Nagara Merdéka ogé dina arabad jadi wewengkon ngaliwat jeung pameuntasan wewengkon wétan jeung kulon.

Basa Sunda

Basa Sunda (ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 41.000.000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa atawa 13,6% ti populasi Indonésia.

Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:

Banten,

Bogor,

Parahyangan,

Ciamis,

Cirebon, jeung

BrebesParahiangan téh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan ti Gupernur Jawa Barat.

Daptar kabupatén jeung kota di Indonésia

Kaca ieu eusina daptar 349 kabupatén jeung 91 kota nu sumebar di 33 propinsi di Indonésia.

Daptar propinsi di Indonésia

Jumlah propinsi di Indonésia tumuwuh tina 27 dina mangsa Orde Baru, mekar janten 34 propinsi kiwari, saatos reformasi otonomi daérah.

Gini Anyar

Papua Kulon (Papua Barat)

Papua

Jawa

Banten

Jawa Tengah

Jawa Wétan (Jawa Timur)

DKI Jakarta**

Jawa Kulon (Jawa Barat)

Yogyakarta*

Kalimantan

Kalimantan Tengah

Kalimantan Wétan (Kalimantan Timur)

Kalimantan Kidul (Kalimantan Selatan)

Kalimantan Kulon (Kalimantan Barat)

Kalimantan Kalér (Kalimantan Utara)

Kapuloan Maluku

Maluku

Maluku Kalér (Maluku Utara)

Kapuloan Sunda Leutik (Bali jeung Nusa Tenggara)

Bali

Nusa Tenggara Wétan (Nusa Tenggara Timur)

Nusa Tenggara Kulon (Nusa Tenggara Barat)

Sulawesi

Sulawesi Tengah

Gorontalo

Sulawesi Kalér (Sulawesi Utara)

Sulawesi Tenggara

Sulawesi Kidul (Sulawesi Selatan)

Sulawesi Kulon (Sulawesi Barat)

Sumatra

Acéh*

Bangka-Belitung

Bengkulu

Jambi

Lampung

Sumatra Kalér (Sumatera Utara)

Riau

Kapuloan Riau (Kepuloan Riau)

Sumatra Kidul (Sumatera Selatan)

Sumatra Kulon (Sumatera Barat)

Indonésia

Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna). Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku rahayatna. Puseur dayeuh nagara Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia boga wates wewengkon jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu kungsi kaluar ti organisasi éta. Salian éta, Indonésia ogé anggota ti ASEAN, APEC, OSI jeung G-20.

Jawa Kulon

Jawa Kulon (Basa Indonésia: Jawa Barat , disingget jadi "Jabar") nyaéta salah sahiji propinsi di Indonésia. Ayana di beulah kulon pulo Jawa jeung ibukota sarta puseur urban panggedéna nyaéta Bandung, nya kitu sanajan loba padumuk dinu juru kaler propinsi matuh di wewengkon suburban komo nepi ka wewengkon urban anu aya di Jakarta, sanajan kota éta perenahna di luar propinsi administratip. Populasi propinsi ieu aya 46,3 juta (dina 2014) jeung ieu téh propinsi panggegekna di Indonésia.

Wewengkon puseur Bogor, hiji kota di Propinsi Pasundan, mibanda salah sahiji kagegekan populasi anu pangluhurna di sakuliah dunya, mungguh Bekasi jeung Depok pada-pada suburban paling loba katujuh jeung kasapuluh di dunya (Tangerang di Propinsi Banten meungkeut kasalapan); dina 2014 Bekasi mibanda 2.510.951 jeung Depok 1.869.681 jiwa. Sakabéh kota ieu téh suburban nu Jakarta.

Kabupatén Bandung

Kabupatén Bandung (Basa Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮘᮔ᮪ᮓᮥᮀ) mangrupa hiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonesia. Ibukotana nyaéta Soréang. Ieu kabupatén wawatesan jeung Kabupatén Sumedang di beulah kalér, Kabupatén Garut di beulah wétan kidul, Kota Bandung di beulah kulon kalér, sarta Kabupatén Bandung Kulon di beulah kulon.

Kabupatén Bandung ngawengku 31 kacamatan, nu kabagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan. Puseur pamaréntahanana di Kacamatan Soréang.

Kabupatén Ciamis

Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa séjén.

Kabupatén Ciamis (Basa Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪) nyaéta kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibu kotana téh Kacamatan Ciamis. Ieu kabupatén aya di beulah kidul wétan Jawa Kulon, watesna Kabupatén Majaléngka jeung Kabupatén Kuningan di beulah kalér, Kabupatén Cilacap, Jawa Tengah jeung Kota Banjar di beulah wétan, Kabupatén Pangandaran di beulah kidul, sarta Kota Tasikmalaya, jeung Kabupatén Tasikmalaya di beulah kuloneunana.

Kabupatén Ciamis ngawengku 20 kacamatan, nu kabagi deui kana 346 désa jeung 7 kalurahan. Puseur pamaréntahan Kabupatén Ciamis nyaéta di Kacamatan Ciamis.

Kabupatén Cirebon

Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Cirebon.Kabupatén Cirebon mangrupa hiji kabupatén nu aya di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Sumber. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Brebes (Propinsi Jawa Tengah) di beulah wétan, Kabupatén Karawang di beulah kidul, Kabupatén Majalengka jeung Kabupatén Indramayu di beulah kulon sarta Kota Cirebon jeung Laut Jawa di beulah kaléreunnana.

Basa nu dipaké dina paguneman sapopoé nyaéta basa Sunda jeung basa Cirebon

Kabupatén Garut

Garut mangrupa salah sahiji kabupatén di propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Legana 3065.19 km² (1183.48 mi²), nu sacara géografis, aya di antara 6°57′34″ – 7°44′57″ Lintang Kidul jeung 107°24′34″ – 108°7′34″ Bujur Wétan. Wawatesanana,

beulah wétan: kabupatén Tasikmalaya

beulah kulon: kabupatén Cianjur jeung kabupatén Bandung

beulah kalér: kabupatén Sumedang

beulah kidul: sagara IndonésiaSacara umum, Garut mibanda iklim tropis tapi tiis, suhu hawa rata-ratana 24 °C (76 °F). Curah hujan taunan rata-rata 2,590 mm (102 inci). Wilayah ieu ngawengku wewengkon landeuh nu dikuriling ku gunung api (Gunung Karacak 1838 m, Cikuray 2821 m, Guntur 2249 m, Papandayan 2622 m) di béh kalér, nu luhurna rata-rata 700–750 m luhureun beungeut laut.

Kabupatén Indramayu

Kabupatén Indramayu mangrupa salah sahiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Indramayu. Kabupatén ieu wawatesan jeung Laut Jawa di beulah kalér, Kabupatén Cirebon di wétan kidul, Kabupatén Majalengka jeung Kabupatén Sumedang, sarta Kabupatén Subang di beulah kulon.

Di kabupatén Indramayu aya pulo bayawak anu perenahna kurang leuwih 26 mil ti sisi basisir (± 50 km di lebah kalér daratan Indramayu). Pulo dijadikeun hutan lindung sabab di sabudeureunana hirup rupa-rupa pepelakan jeung sato langka di antarana bayawak.

Kabupatén Karawang

Kabupatén Karawang (Aksara Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮊᮛᮝᮀ) mangrupa hiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Karawang. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Bekasi tur Kabupatén Bogor di beulah kulon, Laut Jawa di beulah kalér, Kabupatén Subang di beulah wétan, Kabupatén Purwakarta di beulah wétan kidul, sarta Kabupatén Cianjur di beulah kiduleunnana.

Kabupatén Kuningan

Kabupatén Kuningan nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana téh nyaéta Kacamatan Kuningan. Kabupatén Kuningan aya di antara 108°23 - 108° 47 Bujur Wétan jeung 6°45 - 7°13 Lintang Kidul. Kabupatén Kuningan aya di tungtung wétan Jawa Kulon, wawatesan jeung Kabupatén Cirebon di beulah kalér, Kabupatén Brebes, Jawa Tengah di beulah wétan, Kabupatén Ciamis di beulah kidul, sarta Kabupatén Majalengka di beulah kuloneunana.

Kabupatén Sukabumi

Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Sukabumi.Kabupatén Sukabumi, nyaéta hiji Kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana nyaéta Palabuhanratu. Kabupatén ieu kawates ku Kabupatén Bogor di kalér, Kabupatén Cianjur di wétan, Samudra Hindia di kidul, ogé Kabupatén Lebak di béh kulon.

Kabupatén Sumedang

Kabupatén Sumedang mangrupa salah sahiji kabupatén nu aya di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Sacara géografis aya di 6°40' - 7°83' Lintang Kidul jeung 107°44' Bujur Wétan. Lebah kalér wawatesan jeung Kabupatén Indramayu ogé jeung Kabupatén Subang, di beulah wétan jeung Kabupatén Majalengka, sarta di beulah kidul jeung Kabupatén Garut ogé Bandung. Jarak ti puseur dayeuh Propinsi ±45 km. Kota Sumedangna sorangan, nu mangrupa puseur kabupatén, ngawengku kacamatan Sumedang Utara jeung Sumedang Selatan.

Kabupatén Tasikmalaya

Pikeun artikel kota nu ngaranna sarua, tempo Kota Tasikmalaya.Kabupatén Tasikmalaya (Basa Sunda: ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮒᮞᮤᮊ᮪ᮙᮜᮚ) mangrupa kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana Singaparna, kira-kira 380 km beulah kidul wétan Jakarta. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Majalengka di beulah kalér, Kabupatén Ciamis jeung Kota Tasikmalaya di beulah wétan, Samudra Hindia di beulah kidul sarta Kabupatén Garut di beulah kulon

Maroko

Pikeun kagunaan séjén tina Maroko, tempo Maroko (disambiguasi).Maroko (Basa Arab: المغرب‎ al-Maghrib ; basa Berber: ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Lmaɣrib), resmina Karajaan Maroko (Basa Arab: المملكة المغربية‎ al-Mamlaka al-Maghribiyya: pronunciation ; basa Berber: ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ Tagldit n Lmaɣrib), nyaéta hiji nagara nu aya di Afrika Kalér. Nagara ieu miboga populasi nu leuwih ti 32 yuta jiwa sarta aréa 710.850 km², jeung ogé maréntahan wewengkon Sahara Kulon (nu dipaséakeun statusna). Nagara ieu mangrupa bagian ti wewengkon Magribi, sareng Tunisia, Aljazair, Mauritania, jeung Libya, nu boga patalian sajarah, basa, jeung budaya.

Maroko mangrupa hiji monarki konstitusional kalawan parlemén anu dipilih. Raja Maroko miboga kakawasaan éksekutif nu lega, kaasup kamungkinan ngabubarkeun parlemén. Kakawasaan législatif dipiboga ku boh pamaréntah boh parlemén 2 kamarna, Déwan Pawakilan jeung Majelis Déwan. Sang Raja ogé tiasa ngaluarkeun dékrét nu disebut dahir nu miboga kakiatan hukum. Pamilu parlemén dilaksanakeun di Maroko dina 7 Séptémber 2007, jeung diperhatoskeun ku sababaraha panénjo nétral minangka paling bébas jeung adil; sanajan partisipasi ngan 37%, nu pangsaeutikna dina sababaraha dékade. Ibu kotana nyaéta Rabat, jeung kota panggedéna nyaéta Kasablanka; kota gedé lianna contona Marrakésh, Tetouan, Tangier, Salé, Fes, Agadir, Meknes, jeung Oujda.

Kalobaannana urang Maroko nyaturkeun minimalna hiji ti dua Berber jeung Arab Maroko minangka basa indung. Basa-basa éta duanana miboga dialék jeung logat wewengkon.

Maséhi

Kecap Maséhi biasana ngarujuk kana taun tarikh nurutkeun Kalénder Grégorian. Kecap ieu asalna tina Basa Arab.

Mimitina taun Maséhi ngarujuk kana taun anu dianggap minangka taun kalahiran Nabi Isa atawa Yesus ti Nazarét. Sabalikna, istilah Saméméh Maséhi (SM) ngarujuk kana mangsa saméméh taun kasebut. Lolobana masarakat non-kristen biasana ngagunakeun singgetan M sarta SM sanajan henteu ngarujuk kana konotasi Kristen kasebut. Sistem penanggalan anu ngarujuk kana taun Maséhi mimitina diadopsi di Éropa Kulon salila abad ke-8.

Dina basa Inggris sarta dipaké sacara internasional, istilah Maséhi disebutna Anno Domini (AD) sarta saméméh Maséhi disebutna Before Christ (BC).

Nanggroe Acéh Darussalam

Acéh pindah ka kaca ieu. Keur kagunaan séjénna, tempo Acéh (disambiguasi).

Nanggröé Acéh Darussalam nyaéta hiji Daérah Istiméwa satingkat propinsi nu aya di Pulo Sumatra sarta magrupakeun propinsi pangkulonna di Indonésia. Daérah ieu wawatesan jeung Teluk Benggala di beulah kalér, Samudra Hindia di beulah kulon, Selat Malaka di beulah wétan, sarta Sumatra Utara di beulah kidul jeung wétan-kidul.

Oman

Kasultanan Oman mangrupa hiji nagara di Jazirah Arab bagian kidul-wétan, Asia bagian kidul-kulon. Oman tepung wates jeung Uni Émirat Arab di kalér-kulon, Arab Saudi di kulon, jeung Yaman di kidul-kulon.

Kira-kira 98,8% populasi Oman pangagem agama Islam. Sultanna ayeuna nyaéta Qaboos bin Said Al Said nu nyingkirkeun bapana sorangan, Said bin Taimur, nu maréntah ti 1932 nepi ka 23 Juli 1970. Lega wewengkon Oman leuwih kirang saparo lega Pulo Sumatra.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.