Génus

Genus (kelas atawa golongan) nyaéta runtuyan dina taksonomi nu aya dina handapeun kulawarga jeung diluhureun spesies.[1] Genus nyaéta hiji tingkatan takson nu diwangun ku hiji atawa leuwih spésiés , nu misah tina kelompok lain ku hiji pamisah anu jelas.[2] satiap ngaran génus patali jeung ngaran spésiés.[2]

Referensi

  1. (id)Genus(diakses 16 Mei 2016)
  2. a b Astuti, Lilis Sri. 2007. Klasifikasi Hewan. Jakarta:Kawan Pustaka ISBN 9797572099
Nulis.jpg
Acung

Acung (Amorphophallus variabilis) nyaéta salah sahiji spésiés tutuwuhan beuti tina génus Amorphopallus (kembang bangké). Julukan hususvariabilis asalna tina basa latén (rupa-rupa, robah, barobah). Di sababaraha tempat di dunya, tutuwuhan ieu kadang-kadang dikumpulkeun ti alam liar pikeun diala beuti atawa iwungna pikeun di dahar. Sanajan kitu, lamun ngadahar tutuwuhan ieu bisa ngondang bahaya ogé. Sanajan teu disebutkeun sacara spésifik tina spésiés ieu, sabagian gedé tina kulawarga tutuwuhan ieu ngandung kalsium oksalat. Zat ieu ngandung racun jeung lamun didahar, létah jeung genggerong karasa saolah-olah aya ratusan jarum leutik nyareceb. Ngan, kalsium oksalat bakal gampang karecah minangka dimasak ati-ati atawa digaringkeun sapinuhna. Di sababaraha nagara, cara ieu kabuktian ngajadikeun tutuwuhan ieu aman pikeun di dahar.

Amorphophallus

Amorphopallus (kulawarga Araceae) nyaéta hiji génus tutuwuhan badag nu ngahasilkeun rimpang nyarupaan jagong nu beuratna bisa nepi ka 50–70 kg jeung sababaraha spésiés sok dibudidayakeun pikeun dijieun kadaharan. Kembang bangké jeung suweg nyaéta sakelompok tutuwuhan tina génus amorphopallus. Tutuwuhan génus Amorphopallus nu aya dina anggota kulawarga aracéae kira-kira aya 170 spésiés. Ieu sumebar utamana di daérah tropis ti Afrika kulon ka wétan ka Polinesia. Aweuh nu kapanggih di Neotopics.

Asteraceae

Asteracéae atawa Compositae nyaéta kulawarga tutuwuhan tina ordo Asterales nu aya dina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan). Asteracéae mangrupa tutuwuhan hérba, semak, atawa tatangkalan nu kacaritakeun salaku kulawarga tutuwuhan kembangan panggedéna. Tutuwuhan ieu diwangun ku antara 1.100 génus jeung 20.000 spésiés nu dicirian sabab miboga kembang teu sampurna jeung disusun dina hiji pseudanthium involucrate dina wangun hulu atawa capitulum. daunna alternatif, jeung basal. Kembangna miboga kelamin tunggal, diwangun tina kembang leutik nu aya dina panopang, actinomorfik atawa zygomorfik. Kelopak kembang aweuhan atawa can sampurna jeung dimodifikasi dina bulu "pappus" atawa sisit. Kembangna aya dua rupa: ray (ligulate) jeung hardisk (tubular).

Bawang beureum

Bawang beureum atawa Allium Cepa Var Agregatum L, mangrupa pepelakan anggota familia lilaceae anu loba tumuwuh di Indonésia utamana di provinsi Jawa Tengah perenahna di Kabupatén Brebes. Bawang beureum miboga ngaran lokal di antarana bawang abang mirah (Acéh), bawang abang (Palémbang), dasun merah (Minangkabau), bawang suluh (Lampung), bawang beureum (Sunda), Brambang abang (Jawa), babang merah (Madura).

Bawang bodas

Bawang bodas atawa Allium sativum L, mangrupa pepelakan anggota familia lilaceae anu loba tumuwuh di Indonésia utamana di Jawa Tengah sarta Nusa Tenggara.

Domba

Domba téh spésiés mamalia nu kaasup genus Ovis, bagian ti subfamili antelop embé. Sakabéh domba kaasup bovid (anggota kulawarga Bovidae) jeung ruminan. Domba lokal kamungkinan diturunkeun tina moufflon liar di Asia Tengah jeung Asia Kidul-kulon.

Euphorbiaceae

Euphorbiacéae nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan).

Euphorbiacéae nyaéta salah sahiji kulawarga gedé Tutuwuhan kembangan nu miboga 300 génus jeung kira-kira 7.500 spésiés. Lolobana ieu tutuwuhan mangrupa hérba lemes, ngan sababaraha, utamana di daérah tropis mangrupa semak atawa tangkal. Sababaraha rasana ngeunah jeung nyarupaan kaktus.

Familia

Familia (Basa Latin: familia, jama familiae) dina klasifikasi ilmiah nyaéta hiji takson nu aya antara ordo jeung génus, mangrupa taksonomi nu di jerona ngawengku sawatara génus nu sacara filogénétis kapisahkeun tina familia lianna. Diindonesiakeun ieu takson nyaéta jadi sélér (dipaké dina loba pustaka ilmiah), famili, atwa kulawarga. Hiji familia bisa kabagi jadi sawatara subfamilia, nyéta takson tengah nu ayana di luhureun génus. Dina pamakéan ngaran umum, hiji familia bisa dingaranan sarua njeung ngaran salah sahiji anggotana nu maneuh dipikanyaho.

Sagalaning nu kaasup atawa teu kaasup kana hiji familia atawa nalika hiji familia diaku nyorangan diusulkeun sarta ditetepkeun ku para taksonomis. Taya aturan baku dina ngagambarkeun atawa ngémbarkeun hiji familia, atawa deuih takson lianna. Para taksonomis meuren aya dina posisi nu béda ngeunaan déskripsi hiji takson sarta meureun taya konsénsus nu katampa kalawan di kalang komunitas ilmiah salila sawatara waktu. Salila taya konsénsus mah data jeung kedalan-kedalan anyar bakal tuluy dideudeul nu ngamumkinkeun ayana panyaluyuan-panyaluyuan.

Garut

Garut (Maranta arundinacea) nyaéta pepelakan taunan gedé ti genus Maranta nu habitat asalna di leuweung hujan di Asia Tenggara jeung Afrika Kidul jeung Wétan.

Hayam

Hayam nyaéta sato ingu sabangsa manuk anu hirupna sapopoé dina taneuh.

Aya rupa-rupa hayam anu dipikawanoh saperti : hayam jago, hayam danten, hayam jajangkar, hayam kotok, jeung hayam bikang.

Ngaran hayam ditangtukeun dumasar kana buluna, asalna, jeung gawéna.

Jaguar

Pikeun mérk mobil, tempo Jaguar (perusahaan otomotif).

Jaguar nyaéta sato sajenis ucing badag anu kagolong kana génus Panthera. Ieu sati mangrupa ucing linghas katilu sanggeus lodaya jeung singa, sarta ogé mangrupa ucing pangbadagna di lebahan kulon. Ieu sato ngawengku Méksiko kalér, ngaliwatan Amérika Tengah nepi ka Paraguay, Argéntina kalér jeung kidul.

Ari jaguar téh sato pamoro anu miboga gégélan nu luar biasa kuat, nepi ka batok cangkang kuya mah bisa ditembus ku sakali ngégél padahal sakitu teuasna. Ieu jaguar hirup kalawan moro mencek, tapir, anjing, séro jeung ogé sasatoan cai lianna kayaning lauk, malah mah oray anaconda nu awakna badag gé teu weléh diporo ku ieu jaguar mah.

Kalapa

Kalapa (Cocos nucifera) mangrupa anggota Famili Arecaceae (kulawarga palem), hiji-hijina spésiés dina Genus Cocos, nu mangrupa palem badag, jangkungna bisa nepi ka 30 m, panjang barangbang 4–6 m (semplak mun geus garing), 'daun' 60–90 cm. Istilah kalapa leuwih nujul ka buahna, lain tangkalna.

Konéng

Konéng (Curcuma domestic) salah sahiji pepelakan nu kaasup ubar jeung sambara. Salian ti éta, konéng ogé osok jadi bahan dasar pikeun kosmétik jeung tékstil. Dumasar kana hasil panalungtikan taun 2003, yén konéng dumasar kana jumlah anu dibutuhkeun ku industri pikeun jadi ubar tradisional di Jawa Wétan aya dina réngking kahiji jeung di Jawa Tengah mah kalima panglobana anu maké bahan dasar ubar séjénna.

Kopi

Kopi mangrupa tangkal nu asalna ti Daksi di buana Afrika. Siki kopi nu geus ditipungkeun sok ditinyuh ku cai ngagolak keur inumeun.

Kuntul

Kuntul atawa belekok nyaéta sebutan pikeun manuk ti kulawarga Ardeidae. Manuk ieu boga suku nu panjang, beuheung panjang sarta sumebar di sakuliah dunya.

Mangsa hiber, manuk kuntul beuheungna ngawangun aksara "s" sarta henteu lempeng, béda jeung manuk ti kulawarga Bango (Ciconiidae) jeung Ibis (Threskiornithidae) anu ngalempengkeun beuheung sarta nyangegangkeun suku-sukuna waktu hiber.

Dina basa Malayu, manuk ti kulawarga Ardeidae jeung Ciconiidae disebut Bango, sedengkeun di Indonésia istilah Bango dipaké pikeun manuk ti kulawarga Ciconiidae.

Habitat manuk Kuntul nyaéta di lahan baseuh, di basisir atawa terumbu karang. Kadaharanana mangrupa lauk, bangkong, sarta sato invertebrata. Spésiés kawas Kuntul munding (Bubulcus ibis ) ngadahar serangga anu ukuranana leuwih badag sarta henteu gumantung teuing kana taneuh anu caian.

Dina taun 2005, élmuwan Kanada anu ngaranna Dr Louis Lefebvre nyalabarkeun padika ngukur IQ anu patali jeung kabiasaan dahar. Dumasar padika ieu, manuk Kuntul mangrupa salah sahiji manuk anu pangpinterna.

Klasifikasi manuk Kuntul rada hésé alatan aya béda pamadegan dina ngagolongkeun spésiés kana dua génus badag: Ardea jeung Egretta.

Myrtaceae

Myrtacéae nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan tina ordo Myrtales nu aya dina kelompok utama Angiospermae (Tutuwuhan kembangan). Myrtacéae diwangun ku tatangalan jeung semak-semak nu kapanggih di daérah tropis, subtropis jeung iklim Australia, diwangun ku antara 140 génus jeung 3000 spésiés.

Paré

Paré pibéaseun nu di pelakna di huma atawa sawah.

rupa-rupa paré aya ségon,bulu, bulu hideung, ceré, ketan, cahaya, jampang, gundil, harayhay, marus, mendong.

Podocarpaceae

Podocarpacéae nyaéta hiji kulawarga badag ti koniper anu hirup di beulahan Bumi kidul, anu ngawengku 18-19 génus ogé antara 170 nepi ka 200 spésiés tangkal ogé rungkun anu teu weléh daunnan sapaparat taun.[rujukan?] Ieu kulawarga nyaéta anggota klasik ti plora Antartika, anu puseur kaanekaragamanana aya di wewengkon Australasia, utamana Kalédonia Ngora, Tasmania, Selandia Anyar, jeung rada sumebar saeutik ka Malesia ogé Amerika Kidul (utamana di pagunungan Andés).[rujukan?] Sawatara génus saberana sumebar ka kalér khatulistiwa ka Indocina ogé Filipina.[rujukan?] Génus Podocarpus sumebar di kalér anu ambahanana nepi ka kidul Jepang jeung kidul Cina di Asia sarta Méksiko di Amérika, ogé génus Nageia nepi ka kidul Cina jeung kidul India.[rujukan?] Dua génus séjénna sumebar di Afrika sub-Sahara, nyaéta Podocarpus anu sumebarna ngahontal wilayah anu lega ogé Afrocarpus anu éndemik.[rujukan?]Parasitaxus usta mangrupa konipér unik alatan inyana mangrupa hiji-hijina konipér parasit.[rujukan?] Inyana aya di Kalédonia Ngora, di éta wewengkon inyana mangrupa parasit anggota Podocarpacéae séjén, Falcatifolium taxoides.[rujukan?]Génus Phyllocladus, anu dimaksud di dieu digolongkeun minangka Podocarpacéae dumasar kana bukti génétis, ku sawatara urang botanis ditempatkeun kana kulawarga anu misah sorangan Phyllocladaceae.[rujukan?]

Sapi

Sapi mangrupa sato tandukan hasil doméstikasi anggota subfamili Bovinae ti famili Bovidae. Sapi diternakkeun pikeun diala daging, susu, kulit, jeung tanagana. Di India, misalna, sapi téh malah dihurmat, teu meunang dirogahala numutkeun kapercayaan Hindu. Kiwari, sadunya téh aya kira 1,3 miliar sapi [1].

Numutkeun idéntifikasi munggaran ku Carolus Linnaeus, sapi téh digolongkeun kana tilu spésiés: Bos taurus (sapi Eropah, kaasup tipe nu sarupa ti Aprika jeung Asia), Bos indicus (zebu), jeung Bos primigenius (geus lastari). Nu pamungkas mangrupa karuhun pikeun dua nu ti heula. Kadieunakeun, tilu spésiés ieu ngariut jadi hiji, maké ngaran Bos primigenius taurus, Bos primigenius indicus, atawa Bos primigenius primigenius. Sapi ieu bisa ogé baranahan mun jeung spésiés séjén nu deukeut, misalna jeung yak, banténg, gaur, jeung bison. Teu bisa sotéh jeung munding.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.