Engkol

Engkol (Brassica oleracea) téh sayuran anu buleud jeung disusun ku daun-daun anu héjo sarta patumpang tindih[1].Engkol atawa basa Walandana mah kool nyaéta ngaran sayuran anu sok disebut ogé kol, sok dipaké lalab, diangeun jeung sajabana[2].

Cabbage
nuju dipelak

Mangpaat

Sanajan dina engkol sok kaambeu bau walirang jalaran ayana kandungan walirang anu loba tapi engkol,boga mangpaat keur kaséhatan di antarana ngurangan beurat awak,kulit buruk jeung sembelit[1]. Ngadahar sayur kol atah atawa setengah asak supaya vitamin jeung mangpaatna angger aya[3]. Engkol kaasup sayuran anu luhur kandungan serat jeung vitamin C na. Lamun didahar atah-atah bisa nyingkahan kangker jeung ngubaran panyakit maag[3]. Anu rumasa boga panyakit maag leuwih hadé ngadahar engkol ku cara dijieun jus[4]. Husus keur anu panyakit maag, bakal leuwih hadé lamun satengah jam atawa sajam saméméh dahar nginum heula jus engkol[4]. Cara nyieunna téh 300 gram bonténg ditambah 150 gram engkol bodas anu geus dibérésihkeun saméméhna tuluy dijus sabada kitu disaring tuluy diinum[4]. Engkol mah leuwih hadé didahar atah ti batan diseupan atawa diasakan nepi ka hipu, ku sabab bisa galuarkeun gas nu ngabalukarkeun beuteung nu ngadaharna bunghak[4].

Kandungan Gizi

כרוב מרוכך
engkol dina wadah
  • Kalium, saporsi sayur engkol ngandung 269 miligram kalium, nyaéta kurang leuwih 6% tina kabutuhan lalaki sawawa unggal poé[1].kalium boga fungsi keur ngontrol tekanan darah jeung ngurangan resiko batu ginjal ogé nyaimbangkeun cairan-cairan anu aya dina jero awak[1].
  • Zat besi ,engkol per porsi ngadung samiligram atawa 2% anu dibutuhkeun ku lalaki sawawa unggal poé[1]. Zat besi nyingkahan panyakit kurang darah (anemia)[1] . Keur mantuan nyerep zat besi anu aya dina engkol bisa dibarengan ku ngadahar jeruk[1].
  • Vitamin A,saporsi engkol ngandung kurang leuwih 7% tina jumlah anu disarankeun keur lalaki sawawa[1]. Mangpaat engkol nyaéta ngarojong kaséhatan panon,kalemesan kulit jeung kalembaban selaput lendir[1].Vitamin A ogé ngaronjatkeun sistem imun awak ku cara nganetralisir radikal bébas anu ngabalukarkeun panyakit jeung ruksakna jaringan[1].
  • Vitamin C,dina kol aya 55 miligram Vitamin C per porsi, nyaéta kurang leuwih 61% tina jumlah anu diperlukeun sapopoéna.[1] Vitamin C ngawangun fungsi imun awak, gancang nyageurkeun raheut, ngaronjatkeun kaséhatan huntu jeung gusi, jeung ngungkulan sel anu ruksak dina awak[1].
  • Kalsium, saporsi engkol ngandung 67 miligram kalsium atawa 7% tina jumlah anu disarankeun keur lalaki sawawa unggal poéna[1]. Kalsium miboga punsi keur nguatkeun tulang jeung huntu,ngaronjatkeun pembekuan getih, ngababarikeun kontraksi otot, ogé mantuan transmisi sinyal saraf[1].
  • Fitonutrisi, engkol ngandung fitonutrisi anu disebut indole-3-carbinol keur nurunkeun kolesterol[1].

Referensi

  1. a b c d e f g h i j k l m n o Manfaat Sayur Kol untuk Kesehatan(diakses 17 Oktober 2011)
  2. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 192
  3. a b Obati maag dengan sayur kol(diakses 17 Oktober 2011)
  4. a b c d Khasiat Sayur Kol Untuk Mengobati Sakit Maag(diakses 17 Oktober 2011)
Nulis.jpg
Angeun

Angeun nyaéta kadaharan anu aya kuahan nu biasana dijadikeun batur sangu nalika dahar. Jalma mikawanoh rupa-rupa angeun, nu popular di antarana; angeun lodéh jeung angeun haseum. Di kalangan patani Priangan, angeun nu popular nyaéta angeun kacang jeung angeun oncom. Di pilemburan, gulé jeung opor disebut angeun gulé jeung angeun opor. Pokona lamun ya kuahan disebut angeun. Jadi, teuing naon hubunganna, lamun eusina daging disebut angeun daging. Dahar sangu dicampur angeun disebut nguah atawa ngokoh (dikokoh). Nyieun angeun disebut ngangeun.

Angeun haseum

Angeun haseum lamun dina basa Indonesia mah nyaèta sayur anu eusina aya rupa-rupa sayur jiga waluh siem, térong, kacang panjang jeung aya ogé anu nambahkeun makè engkol, buah jeung daun tangkil, jagong ngora, jeung kéréwédan (danging ipis nu kénéh dililitan ku kulit ari, biasana nu dileupaskeun tina tulang dada atawa iga). Lamun di Priangan sambarana teu dibalurkeun ngan éta sambara téh diplungkeun langsung nalika cai angeun keur ngagolak, sabab warna na èta kaciri kènèh hèrang, jeung teu makè suuk, jagong, jeung kèrèwèdan. Di Jakarta mah èta sambara tèh dibalurkeun heula jeung sok makè kèrèwèdan, jagong, jeung suuk. Disebut angeun haseum sabab miboga rasa anu haseum seger, anu asal na tina buah asem nu dijadikeun salah sahiji sambara dina èta angeun. Di jaman ayeuna urang Sunda gè geus biasa ngajieun angeun haseum cara Jakarta.

Apiales

Apiales nyaéta salah sahiji ordo tutuwuhan tina kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan). Apiales mangrupa ordo tutuwuhan kembangan nu miboga kulawarga asli kaasup Araliaceae (kulawarga ginséng) jeung Apiaceae (Kulawarga bortol) jeung 8 kulawarga nu kapanggih anyaran. Spésiés sukulen dina ordo ieu kapanggih dina génus Cussonia (tutuwuhan engkol) dina kulawarga Araceae jeung Crithmum maritimum dina kulawarga Apiacéae). Apiales mangrupa organisme nu miboga nini moyang tunggal. Atawa garis katurunan tutuwuhan kembangan sympetalous, dina kelompok euasterids II tina Angiosperm Filogeni grup III (APG III) sintim klasifikasi botani.

Brokoli

Brokoli nyaéta sayuran kembang kawas kembang engkol, warnana héjo kolot rada kabodas-bodasan (biasana dipaké pikeun pasakan Éropa sarta Cina). Brokoli mangrupa sayuran suku kubis-kubisan anu asalna ti sagara tengah sarta asup ka Indonésia kira-kira taun 70-an. Sayuran héjo anu hiji ieu téh sayuran anu saeutik kalorina sarta bisa disebutkeun minangka kadaharan anu super. Bisa disebut super alatan sajaba kasohor ogé minangka bahan pangan, sayuran ieu ogé beunghar baris sagala rupa kandungan gizi anu pohara alus, sarta ogé mangrupa sayuran kalayan jajaran pangluhurna minangka ubar tradisional antikanker.

Buninagara, Bantarujeg, Majalengka

Buninagara nyaéta salah sahiji désa di kacamatan Bantarujeg, Kabupatén Majalengka, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Goréngan

Goréngan nyaéta mangrupa-rupa jenis kadaharan nu dianclomkeun kana adonan tipung jeung satuluyna digoréng keueum kana minyak goréng panas nu loba. Goréngan kaasup caneuteun nu kawilang kasohor, boh di wewengkon Sunda, umumna di sakuliah Indonésia. Ieu goréngan loba dijual di sisi jalan, aya nu disuguhkeun di warung, aya ogé nu ngider dina gorobag atawa dina tanggungan. Bahan-bahan nu ilahar dijieun goréngan diantarana cau, témpé, tahu, oncom, boléd, dangdeur, aci hui, sukun, jeung bala-bala (siksikan engkol jeung wortol). Salah sahiji jenis goréngan nu kasohor pisan nu asalna ti wewengkon Sunda nyaéta tahu Sumedang. Perkedél ogé asup kana kategori goréngan. Goréngan biasana didaharna sok jeung saos, sambel atawa ngeletuk céngék.

Géhu

Géhu nyaéta salah sahiji kadaharan rahayat Sunda ti baheula pisan. Bahan lulugu, poko anu dipaké nyaéta tahu goréng anu dieusian togé, ilaharna didahar jeung céngék. Ku gumésérna gaya hirup, mangka kiwari aya géhu lada anu leuwih basajan cara ngadaharna, sabab rasa lada geus aya langsung dina jero eusi tauna. Campuran sayuran engkol jeung wortel nambahan jumlah kandungan protéin nabati nua aya dina géhu. Dina basa séjén, géhu mindeng disebut tahu isi (basa Indonésia) atawa tahu susur (basa Jawa).

Karédok

Karédok nyaéta kadaharan sabangsa loték anu bahanna tina lalab atah sabangsaning engkol,bonténg, saladah, térong, jeung nu séjénna. Ngolahna sarua jeung nyieun loték .Karédok bisa disEbut unik lantaran kabéh lalabna masih seger, teu ngaliwatan prosés masak nepi ka kandungan gizi jeung seratna loba pisan.

Kimchi

Kimchi nyaéta salah sahiji kadaharan has ti Koréa. Dijieun tina manngrupa-rupa sayuran kayaning engkol, lobak jeung wortel nu disamaraan ku campuran sambel korea sarta bubuk cabé nu tuluy diférméntasikeun salila mangbulan-bulan.

Kukuran

Kukuran nyaéta pakakas pikeun marud atawa ngerok daging kalapa péso kukuran buleud dijieun tina beusi, makéna ku jalan diputerkeun pésona maké pamuteran (engkol), kukuran diperenahkeun dina kuda-kuda tina kai atawa beusi, maksudna sangkan gampang mangsana dipaké.

Kupat tahu

Kupat tahu nyaéta kadaharan has Indonésia nu sumebar disakuliah indonésia. Biasana ieu kadaharan aya waé di unggal daérah hususna di Pulo Jawa, di antarana Bandung, Singaparna, Magelang, jeung Solo. Sanajan aya di sababraha daérah, tapi unggal daérah miboga ciri has masing-masing. Bahan dasar kupat tahu téh umumna sarua nyaéta, goréng tahu nu dicampur jeung kupat, tuluy dibanjur ku bumbu kacang kalawan maké kurupuk keur palengkepna. Kupat tahu ti Jawa Kulon miboga ciri has séwang-séwangan. Di daérah Jawa Kulon, kupat tahu umumna ditambahan ku bumbu rujak jeung sayuran kayaning togé (kacambah), bonténg, jeung engkol

Loték

Loték nyaéta kadaharan anu bahanna tina sabangsaning lalab-lalaban kayaning kangkung, engkol, kacang panjang, waluh, jsb.Ngolahna Lalab-lalaban diseupan atawa dikulub, tuluy diabuskeun kana bungbu (suuk, uyah, gula, jsb anu diréndos).salaku kadaharan tradisional loték loba nu mikaresep.Loték méh sarua jeung pecel, eusina lalab-lalaban anu dikulub tur dicampur jeung bungbu anu geus diréndos. Bungbu anu diréndos nyaéta tarasi, gula beureum, bawang bodas, suuk, cai asem, uyah jeung cabé atawa céngék.Lotek sacara umum leuwih karasa amis ti batan pecel jeung bisa didahar maké leupeut atawa sangu haneut anu dibarengan ku kurupuk atawa bawang goreng.

Maja, Majalengka

Maja nyaéta salah sahiji kacamatan di Kabupatén Majalengka, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Mesin

Mesin asalna tina Kecap machina basa Latin, Ogé tina basa Yunani (Doric μαχανά Makhana, Ionic μηχανή mekhane "pamaggih, mesin", asalna tina mekhos μῆχος "anu pihartieuna, bijaksana, obat "). Mesin nyaéta hiji alat anu mibanda hiji atawa lebih bagéan anu maké tanaga/énergi Pikeun ngalaksanakeun hiji pagawéan anu geus ditangtukeun saméméhna. Mesin biasana dideudeul ku mékanik, kimia, termal, atawa dibantu maké listrik, jeung henteu saeutik ogé anu maké motor. Ninggali kana sajarahna, pakakas listrik ogé dipikabutuh pikeun ngagerakeun, pikeun ngagolongkeun kana sebutan mesin. Dalah kiwari, ayana elektronik geus ngarojong kana ngaronjatna pakakas listrik henteu maké alat anu gerak ogé bisa dianggap mesin.

Mesin geus ngabantu ngaronjatkeun kamampuan manusa jauh saméméh ayana catétan anu mertélakeun ngeunaan ieu mesin. Hijia alat anu sederhana atawa mékanisme bisa dibédakeun utamana tina asal muasal jeung meureun tina cara ngajalankeun/pengoperasianna. Istilah mesin biasanamah ditujukeun ka salah sahiji bagéan anu gawé bareng dina ngalaksanakeun hiji pagawéan. Biasana ieu pakakas ngurangan gaya gerak anu dilakukeun, Ngarobah arah tanaga, atawa ngarobah tanaga gerak atawa énérgi kawujud anu séjéna.

Sayuran

Sayuran mangrupa sagala rupa tutuwuhan atawa bagian-bagiana anu bisa diolah jadi dahareun. Sababaraha jenis sayuran bisa langsung didahar atah-atah sedengkeun sabagian laina saukur bisa dikonsumsi sanggeus dimasak heula. dahareun ieu ngandung loba nutrisi penting pikeun kasehatan awak saperti Karbohidrat, Uyah, Mineral, Vitamin, Lemak, Protéin, jsb.Sayuran nyaéta sesebutan ilahar kana pangan ti tutuwuhan nu biasana miboga kadar cai luhur jeung dituangan dina kaayaan seger atawa sanggeus diolah saminimalna.

Soto Kediri

Soto Kediri nyaéta kadaharan wujudna soto anu mibanda ciri mandiri ti Kota Kediri, Jawa Timur. Eusina jeung bahan dasarna méh sarua jeung soto Kudus atawa soto séjéna, pédah baé kuahna dijieun tina cipati tur rasana leuwih gurih. Taya lian daging hayam, bihun, engkol jeung bungbu-bungbu. Aya ogé nu ngabédakeun soto Kediri jeung soto séjéna, taya lian ti bungbuna. Kayaning bawang beureum jeung bawang bodas, muncang, pedes, uyah, jahé jeung sajabana.Baheula Soto ieu loba dijual di daérah terminal Tamanan, Mojoroto, Kota Kediri, ku alatan dijual di ieu daérah ti saprak taun 1969, ieu soto katelah ogé soto tamanan. Kiwari soto kediri geus loba dijual di luar daérah asalna, tur kaasup tina bagéan budaya kulinér Indonesia.

Soto Lamongan

Soto Lamongan nyaéta kadaharan wujudna soto anu mibanda ciri mandiri ti daérah Lamongan. Eusi jeung bahan dasarna méh sarua jeung soto Kudus atawa soto séjéna, taya lian daging hayam, bihun, engkol jeung bungbu-bungbu. Aya ogé nu ngabédakeun soto Lamongan jeung soto séjéna, taya lian ti bungbu anu dipaké kayaning bawang beureum, bawang bodas, muncang, pedes, uyah, jahé jeung sajabana.

Soto Sokaraja

Soto Sokaraja; sroto Sokaraja nyaéta soto anu dijieun kalawan mibanda ciri anu mandiri ti kota Sokaraja, Banyumas, Jawa Tengah. Sarérét mah ieu soto sarua baé kawas soto hayam séjéna, pédah dina rasana béda tinu lian alatan maké campuran sambél suuk tur didaharna maké kupat.Ogé dina bahan dasar anu digunakeun, soto Sokaraja mah diwuwuh ku daun Engkol beunang nyiksikan. Kitu deui hayam beunang ngulub téh dina soto Sokaraja mah digoréng deui nepika garing, kakara di suir-suir atawa dipipitan sangkan gampang nyayagikeunna. Soto Sokaraja anu bahanna tina daging sapi, sok ngahaja milih dagingna téh anu loba gajihna/lemak sangkan leuwih gurih jeung seungit kuahna. Sanajan asalna ti kota Banyumas, kiwari soto Sokaraja ogé geus loba dijual di saluareun kota Banyumas.

Tarasi

Tarasi nyaéta sambara tina lauk atawa hurang anu dibubukkeun, pangpangna sok dijieun sambel. Tarasi ilaharna dijieun tina lauk laut gumantung kana jenis lauk anu dipaké jeung bahan campuran nu lainna, biasana ditambahan ku sayur jeung tipung.

Tarasi téh mangrupa produk pangawét tina lauk atawa rebon anu geus diolah ku cara férméntasi, digiling tuluy dipoé anu salila leuwih ti 20 poé. Sakapeung mah tarasi sok dibéré gincu nepi ka warnana téh jadi warna beureum bata. Tarasi miboga bau anu khas, tarasi téh osok dipaké pikeun bahan dasar sambel. Tarasi udang warnana téh coklat kabeureum-beureuman, sedengkeun tarasi lauk warnana hideung. Umumna tarasi anu bahan dasarna tina hurang hargana leuwih mahal dibandingkeun tarasi lauk.Taun 1953, Dr A.G.van Veen geus ngébréhkeun yén zat giji anu aya dina tarasi (boh tarasi hurang boh tarasi lauk) miboga kandungan protein 5,6%, 2,2% lemak, 0,5% kalsium, 2,0% fosfor, vitamin B12 jeung sababaraha anti-mikroba, saperti antibiotika.

Tarasi diolah sacara biologis (mikrobiologis) ku sabab salila prosésna lumangsung loba mikroba, hususna baktéri laktat. Di Indonésia daérah tempat nyieun tarasi nyaéta Bagan Siapi-api, Indramayu, Cirebon jeung Sidoarjo.. Cara nyieun tarasi nyaéta bagian-bagian tina lauk anu teua samodél tulang sisik téh dipiceun tuluy dibubukeun ditambah 10% uyah tuluy ditendeun salila sabulan nepi ka bisa diprosés leuwih lanjut. Tarasi ilaharna dijieun tina lauk laut gumantung kana jenis lauk anu dipaké jeung bahan campuran nu liana anu biasana ditambahan ku sayur jeung tipung.Tarasi anu alus saperti tarasi Bagan Siapi-api, Cirebon jeung Sidoarjo ku sabab bahan dasarna sok ditambahan ku sayur saperti engkol. Tarasi anus sok aya dipasar nyaéta tarasi nu bentukna téh jumpukan anu beuratna antara 10 nepi ka 20 kg, osok disebut tarasi delan atawa tarasi anu beuki gedé di jalan. Naha bet kitu? Ku lantaran tarasi bahan dasarna campuran tina tipung tapioca jeung bahan-bahan sayurna nyaéta jantung cau anu ngabalukarkeun éta tarasi téh jadi melendung ngageudéan.Salain pikeun bumbu dapur jeung bahan dasar dina sambel tarasi téh sok di jadikeun ubar raheut atawa tapak kacugak paku, maksudna sankan ulah inpéksi,ulah bareuh atawa nanahan, salain ti éta ogé lamun urang boga tangkal peuteuy, rambutan jsté teu daék waé buahan, tangkalna kudu dibolongan saeutik terus liangna diwewelan tarasi, biasana sok téréh buahan.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.