Emas

Emas atawa kancana nyaéta unsur kimia nu lambangna Au (Latin: aurum) kalawan nomer atom 79. Ieu logam mulya geus ti bihari boga ajén anu luhur, boh pikeun perhiasan, patung, atawa papaés wangunan/ornaméntasi. Di alam, ieu logam kapanggih dina bentuk guruntulan atawa 'bijih' dina babatuan, dina urat, jeung dina déposit aluvial. Emas fisikna padet, lemes, hérang, sarta leuleus, pangleuleusna ti antara logam-logam murni anu aya. Nu murni kelirna konéng caang, ngagurilap matak ngirut, katambah ku watekna anu henteu kabakar ku udara atawa cai. Dina widang ékonomi, emas dipaké dina sistem dinar jeung sistem Bretton Woods.

Dina tungtung taun 2006, emas nu geus kungsi dikali salila ieu kira-kira nepi ka 158.000 ton[1] (sarua jeung kubus ukuran 20,2 méter). Di industri modéren, emas dipaké dina éléktronik jeung kedokteran gigi, ku sabab watekna anu tahan korosi oksidatif sarta alus konduktivitas listrikna. Sacara kimia, emas kaasup logam transisi nu bisa jadi kation trivalén jeung univalén. Dina STP, emas bisa jadi asam kloroaurat mun diréaksikeun jeung aqua regia (campuran asam), atawa jeung larutan basa sianida. Emas bisa leyur dina raksa, ngabentuk aloy amalgam tanpa ngalaman réaksi kimia. Dina pemurnian, emas bisa dipisahkeun ti logam lian ku sabab emas henteu bisa leyur dina asam nitrat nu bisa ngaleyurkeun pérak jeung logam basa (téhnik "inquartation and parting"). Asam nitrat geus ti baheula dipaké pikeun mariksa aya/henteuna emas, malah kiwari istilah "uji asam" ("acid test") jadi baku utama dina pamariksaan emas.

79 platinumemasraksa
Ag

Au

Rg
Au-TableImage
Tabél Periodik - Tabél Periodik Euyeub
Umum
Ngaran, Lambang, Nomer emas, Au, 79
Dérét kimia logam transisi
Golongan, Periode, Blok 11, 6, d
Warna konéng métalik
Native gold nuggets
Beurat atom baku 196.966569(4)  g·mol−1
Konfigurasi éléktron [Xe] 4f14 5d10 6s1
Éléktron per cangkang 2, 8, 18, 32, 18, 1
Pasipatan fisik
Fase solid
Dénsitas (dina h.r.) 19.3 g/cm³
Dénsitas cairan dina t.l. 17.31 g/cm³
Titik lééh 1337.33 K
(1064.18 °C, 1947.52 °F)
Titik golak 3129 K
(2856 °C, 5173 °F)
Panas fusi 12.55  kJ·mol−1
Panas panguapan 324  kJ·mol−1
Kapasitas panas (25 °C) 25.418  J·mol−1·K−1
Tekanan uap
P(Pa) 1 10 100 1 k 10 k 100 k
at T(K) 1646 1814 2021 2281 2620 3078
Pasipatan atom
Struktur kristal face centered cubic
Wilangan oksidasi -1, 1, 2, 3, 4, 5
(oksida amfotérik)
Éléktronégativitas 2.54 (skala Pauling)
Énérgi ionisasi 1st: 890.1 kJ/mol
2nd: 1980 kJ/mol
Radius atom 144  pm
Radius kovalén 136±6  pm
Radius Van der Waals 166 pm
Unak-anik
Susunan magnétik diamagnétik
Résistivitas listrik (20 °C) 22.14 nΩ·m
Konduktivitas panas (300 K) 318  W·m−1·K−1
Ékspansi panas (25 °C) 14.2 µm/(m·K)
Kecepatan sora (thin rod) (r.t.) (hard-drawn)
2030  m·s−1
Modulus Young 78 GPa
Tensile strain 0.00157  
Modulus Shear 27 GPa
Modulus Bulk 180 GPa
Nisbah Poisson 0.44
Kateuasan Mohs 2.5
Kekerasan Vickers 216  MPa
Kateuasan Brinell ? 2450 MPa
Nomer régister CAS 7440-57-5
Isotop penting
Artikel utama: Isotop emas
iso KA umur-nyatengah UR ÉU (MeV) HU
195Au sin 186.10 d ε 0.227 195Pt
196Au sin 6.183 d ε 1.506 196Pt
β− 0.686 196Hg
197Au 100% Au stabil ngandung 118 neutron
198Au sin 2.69517 d β− 1.372 198Hg
199Au sin 3.169 d β− 0.453 199Hg
Rujukan

Pasipatan

Emas téh logam anu istiméwa; sagram emas bisa diamparkeun jadi lambar anu legana saméter pasagi. Lambaranana bisa ipis pisan nepi ka ampir tembus cahya. Cahya anu tembus katembongna biru semu héjo, ku sabab emas mantulkeun cahya konéng jeung beureum.[2] Lambaran emas ogé mantulkeun cahya infrabeureum, ku kituna dipaké taméng infrabeureum dina pakéan tahan panas jeung pakéan luar angkasa.[3]

Emas bisa ngabentuk campuran/aloy jeung logam lianna, utamana pikeun ngarobah pasipatan métalurgina, ngatur titik lééh, atawa pikeun ngahasilkeun kelir anu éksotik.[4]

Native gold nuggets

Bijih emas

Zlato 2

Emas di alam

Ag-Au-Cu-colours-english

Rupa-rupa kelir campuran Ag-Au-Cu

Rujukan

  • Gold (disalin 19 Agustus 2009)
  1. "World Gold Council". Diakses tanggal 2008-07-04.
  2. "Gold: causes of color". Diakses tanggal 2009-06-06.
  3. Mallan, Lloyd (1971). Suiting up for space: the evolution of the space suit. John Day Co. p. 216. ISBN 978-0381981501.
  4. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama coloredgold

Bacaan salajengna

  • Faulk W & Taylor G (1979). An Immunocolloid Method for the Electron Microscope. Immunochemistry 8: 1081–1083.
  • Kodak (2006). Toning black-and-white materials. Technical Data/Reference sheet G-23, Méi 2006 [1].
  • Roth J, Bendayan M, Orci L (1980). FITC-Protein A-Gold Complex for Light and Electron Microscopic Immunocytochemistry. J. Histochemistry and Cytochemistry 28: 55–57.
  • World Gold Council, Jewellery Technology, Jewellery Alloys

Tumbu kaluar

Nulis.jpg
15 Oktober

15 Oktober nyaéta poé ka-288 dina sataun

23 Séptémber

23 Séptémber nyaéta poé ka-266 dina sataun

5 Séptémber

5 Séptémber nyaéta poé ka-248 dina sataun

Carolus Linnaeus

Carolus Linnaeus atawa Carl (von) Linné (gumelar di Älmhult, 23 Méi 1707 – tilar dunya di Uppsala, 10 Januari 1778 dina umur 70 taun) nyaéta saurang élmuwan Swédia anu netepkeun dasar tata ngaran biologi. Anjeunna dipikawanoh minangka "bapa taksonomi modérn" jeung ogé mangrupa salah saurang bapa ékologi modérn.Linnaeus téh mangrupa ahli botani anu pangdipikahormat dina mangsana, sarta anjeunna kawentar lantaran kamampuh basana. Salian jadi ahli botani, Linnaeus ogé ahli dina widang zoologi jeung saurang dokter.

Hijrah

Hijrah (Arab:هِجْرَة) sacara harfiah hartosna pemindahan. Hijrah nyaéta hiji kajadian penting dina Sajarah Islam, di mana Nabi Muhammad saw. reujeung pamiluna pindah ti Mekkah nuju Madinah. Hijrah ieu lumangsung dina taun622, dina Basa Latin ditulis Hegira.

Sabenerna Hijrah geus diayakeun dina taun615 ka wewengkon Karajaan Ethiopia. Dina waktu éta, Karajaan Ethiopia anu leuwih dipikawanoh jeung sebutan Axum dikawasa ku saurang raja ngaranna Negus Najasyi. Tapi, Nabi Muhammad saw. henteu milu dina rombongan hijrah ieu. Dina taunanu sarua ogé, kaum musyrikin Quraisy ogé datang ka Karajaan Ethiopia. Maranéhanana boga maksud pikeun mawa balik kaum muslimin di Ethiopia, tapi hal ieu ditampik ku Negus Najasyi sanajan anjeunna geus dibayar jeung hiji peti emas. Ahirna, Negus Najasyi ngagem ageman Islam, sanggeus ngadéngé nasehat ti Ja'far bin Abu Thalib.

Hijrah dina taun622 ieu pisan anu dijadikeun minangka patokan warsih Hijrah. Nabi Muhammad dibaturan Abu Bakar nuju ka Madinah, sarta manggihan réa aral. di antarana waktu maranéhanana berpapasan jeung Suraqah bin Malik, saurang musyrikin anu rék maéhan Nabi Muhammad. Tapi, berkat lindungan Alloh, Nabi Muhammad terhindarkan ti rencana pembunuhan Suraqah.

Indonésia

Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna). Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku rahayatna. Puseur dayeuh nagara Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia boga wates wewengkon jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu kungsi kaluar ti organisasi éta. Salian éta, Indonésia ogé anggota ti ASEAN, APEC, OSI jeung G-20.

Kabupatén Kuningan

Kabupatén Kuningan nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana téh nyaéta Kacamatan Kuningan. Kabupatén Kuningan aya di antara 108°23 - 108° 47 Bujur Wétan jeung 6°45 - 7°13 Lintang Kidul. Kabupatén Kuningan aya di tungtung wétan Jawa Kulon, wawatesan jeung Kabupatén Cirebon di beulah kalér, Kabupatén Brebes, Jawa Tengah di beulah wétan, Kabupatén Ciamis di beulah kidul, sarta Kabupatén Majalengka di beulah kuloneunana.

Karangjaya, Tasikmalaya

Karangjaya nyaéta salah sahiji kacamatan di Kabupatén Tasikmalaya, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Lauk emas

Lauk Emas (Cyprinus carpio, basa Inggrisna common carp, lain goldfish) mangrupa lauk darat nu paling sumebar di sakuliah dunya, anggota famili Cyprinidae. Lauk nu asalna ti Asia jeung Éropa ieu bisa tumuwuh nepi ka panjangna 1,2 méter, beurat 37,3 kg), sarta umur 47 taun. Nu liar biasana mah leuwih leutik, paling 20% - 33% ti ukuran maksimum. Koi (鯉魚 dina basa Cina, 錦鯉 dina basa Jepang) mangrupa varietas nu asalna ti Cina, tapi jadi kawentar di Dunya Kulon ngaliwatan Jepang.Najan toléran kana rupa-rupa kaayaan, lauk emas leuwih resep cicing dina cai nu lega tur tenang, kalawan dasar nu lemes tur ngandung tutuwuhan cai. Di tempat asalna nu iklimna sedeng, lauk ieu resep dina cai nu pH-na 7-7,5, kasadahan 10-15 dGH, sarta hawa 3-24°C. Lauk ieu karesepna ngagorombol, paling henteu limaan.

Lauk emas mangrupa omnivora nu ngahakan naon baé nu ngaliwat ka hareupeunana, kayaning tutuwuhan cai, serangga, lauk paéh, jeung sajabana. Malah di pilemburan di Indonésia, balong/kulah lauk emas téh mangrupa kokocoran limbah rumah tangga.

Sakali endogan, lauk emas bisa ngaluarkeun 300.000 endog.

Logam

Logam (basa Yunani: Metallon) nyaéta salah sahiji unsur kimia anu siap diwangun ion (kation) sarta mibanda beungkeutan logam sarta disebut mirip jeung kation dina mega elektron. Metal nyaéta salah sahiji tina tilu kelompok unsur anu dibédakeun ku sifat ionisasi jeung beungkeutan, babarengan jeung metalloid jeung nonlogam. Dina tabel periodik, garis diagonal digambar ku boron (B) ka polonium (Po) ngabédakeun logam jeung nonlogam. Unsur dina garis ieu nyaéta metalloid, sakapeung disebut semi-logam; unsur di kénca handap nyaéta logam; unsur ka katuhu luhur nyaéta nonlogam.

Nonlogam leuwih loba aya di alam ti batan logam, mung logam loba dina tabel periodik. Sababaraha logam anu kasohor nyaéta alumunium, tambaga, emas, beusi, timah, pérak, titanium, uranium, jeung zink.

Alotrop logam sok ngagurilap, biye, jeung konduktor nu hadé, iwal ti éta nonlogam biasana rapuh (keur nonlogam padet), teu ngagurilap, jeung insulator.

Dina widang astronomi, istilah logam sok dipaké keur nyebutkeun sakabéh unsur nu leuwih beurat ti batan hélium.

Nanggroe Acéh Darussalam

Acéh pindah ka kaca ieu. Keur kagunaan séjénna, tempo Acéh (disambiguasi).

Nanggröé Acéh Darussalam nyaéta hiji Daérah Istiméwa satingkat propinsi nu aya di Pulo Sumatra sarta magrupakeun propinsi pangkulonna di Indonésia. Daérah ieu wawatesan jeung Teluk Benggala di beulah kalér, Samudra Hindia di beulah kulon, Selat Malaka di beulah wétan, sarta Sumatra Utara di beulah kidul jeung wétan-kidul.

Patung

Patung nyaéta karya seni manusa dina wangun tilu diménsi. Tujuan nyieun patung nyaéta sangkan ngahasilkeun karya seni anu tahan lila atawa awét. Biasana bahan nu dipaké nalika nyieun aptung nyaéta marmer, kapur, gading, emas, perunggu,kai, keramik, jeung sajabana. Jalma nu nyieun patung disebut pematung.Jaman baheula, patung sering dianggap salaku déwa atawa pangéran. Loba bangsa-bangsa nu ngajadikeun patung salaku simbol agama jeung kapercayaan, contohna bangsa Arab kuno, India Kuno, Mesir kuno, jeung sajabana. Tapi dina kamekaran jaman, faédahna ajaran Rasulullah maka pamikiran manusa jadi leuwih rasional. Ayeuna mah patung téh dianggap ngan saukur karya seni.

Pérak

Pérak nyaéta unsur kimia nu lambangna Ag (Latin: argentum, tina Basa Yunani Kuna: ἀργήεντος - argēentos, diturunkeun tina ἀργήεις - argēeis, "bodas, méncrang" ) kalawan nomer atom 47. Ieu unsur kaasup logam transisi, konduktivitas listrikna paling onjoy ti sakabéh unsur, anapon konduktivitas panasna paling onjoy ti sakabéh logam. Ieu logam aya sacara alami dina bentuk logam murni, aloy jeung emas (éléktrum) sarta logam lianna, jeung dina bentuk mineral kayaning argentit jeung klorargirit. Pérak biasana dihasilkeun salaku panambah dina pertambangan tambaga, emas, timah, jeung séng.

Pérak geus dipikawanoh ti jaman bihari salaku logam anu luhur ajénna, sarta biasa dipaké mapaés wangunan, perhiasan, paranti tuang-leueut, jeung koin pérak. Dina kahirupan kiwari, pérak dipaké dina paranti listrik, dina enteung, jeung pikeun katalis rupa-rupa réaksi kimia. Sanyawaanana dipaké dina négatif film, anapon larutan pérak nitrat jeung nu lianna dipaké dina disinféktan. Najan mangpaat antimikrobana geus loba kasilih ku antibiotik, tapi ieu logam masih ditalungtik pikeun mangpaat klinisna.

Républik Afrika Tengah

Républik Afrika Tengah (Basa Prancis: République centrafricaine, dilapalkeun: [ʁepyblik sɑ̃tʁafʁikɛn], atawa Centrafrique [sɑ̃tʀafʀik]; Sango Ködörösêse tî Bêafrîka), mangrupa hiji nagara nu dilingkung di Afrika Tengah. Tepung wates jeung Chad di kalér, Sudan di kalér-wétan, Sudan Kidul di wétan, Républik Démokratik Kongo jeung Républik Kongo di kidul, sarta Kamérun di kulon. Bangui mangrupa ibu kotana.

Sanajan sumber daya mineralna signifikan (emas, uranium, inten, jsb.), Républik Afrika Tengah tetep mangrupa salah sahiji ti nagara nu pangmiskinna di dunya jeung aya di antara sapuluh nagara nu pangmiskinna di Afrika. Indéks Pawangunan Manusa pikeun nagara ieu nyaéta 0,369, nu méré réngking 179 ti 182 nagara kalawan data.

Saron

Saron nyaéta salah sahiji waditra perangkat gamelan boh pélog boh saléndro anu dijieun tina logam, dimaénkeun ku cara ditakol maké panakol. Kecap saron asalna tina kecap soran, hartina sora anu tarik (basa Jawa Tengah Yogyakata), jadi saron nyaéta waditra anu sorana tarik/ méncrong. Aya ogé numutkeun kamus basa Sunda saron nyaéta gambang leutik igana aya genep jeung dijieunna tina perunggu. Di Daérah Banten, saron disebut salukat, asal kecapna tina salu anu hartina panggung, dadampar, jojodog, jeung kat (Dukat), hartina emas. Jadi Salukat (Saron) nyaéta tempat pangagung anu dilapis emas (perunggu anu geus dipulas emas). Waditra séjén anu sajenis jeung saron nyaéta demung/panerus (Saron leutik) jeung salentem.

Sumatra Kalér

Sumatra Kalér atawa Sumatera Utara nyaéta hiji propinsi nu aya di Pulo Sumatera, wawatesan jeung Acéh di beulah kalérna sarta Sumatra Kulon jeung Riau di kiduleunnana.

Provinsi ini terutama merupakan kampung halaman suku bangsa Batak, yang hidup di pegunungan dan suku bangsa Melayu yang hidup di daerah pesisir timur. Selain itu juga ada suku bangsa Jawa, Nias, Mandailing dan Tionghoa.

Tambaga

Tambaga nyaéta unsur kimia anu nomber atomna 29 jeung nomber nomor massa 63,54, mangrupa unsur logam, anu warnana kabeureum-beureuman. Unsur ieu miboga titik lebur 1.803° Celcius jeung titik didih 2.595° C

. Dipikawanoh ti mimiti zaman prasejarah.Tambaga kaasup unsur kimia anu langka jeung jarang kapanggih dina wangun murni. Babari dipanggihkeun dina rupa-rupa senyawa jeung mineral. Pamakéan tambaga nyaéta dina wangun logam anu mangrupa gabungan penting dina wangun kuningan,perunggu sarta campuran emas jeung pérak. Loba dipaké dina nyieun pelat, alat-alat listrik, pipa, kawat, pamatrian, duit logam, alat-alat dapur, jeung industri. Senyawa tambaga ogé dipaké dina kimia analitik jang ngahérangkeun cai, salaku unsur dina inséktida, cét, oba-obatan jeung pigmén. Mangpaat biologis jang runtutan dina organisme hirup mangrupa unsur penting dina getih sato anu kulitna teuas.

Sajarahna (tina basa Latin, cuprum, ti pulo Cyprus). Tambaga dipercaya geus diala salila 5000 taun. Anapon sipat-sipat tambaga nyaéta warnana kabeureum-beureuman, Unsur ieu babari dibentuk, teu teuas, jeung mangrupa konduktor anu alus jang aliran elektron(kadua sabada pérak).

Sumber-sumber tambaga kadang-kadang bisa kapanggih sacara alami, jiga anu kapanggih dina mineral-mineral kayaning cuprite, malachite, azurite, chalcopyrite, jeung bornite. Deposit bijih tambaga anu loba kapanggih di AS, Chile, Zambia, Zaire, Peru, jeung Kanada. Bijih-bijih tambaga anu penting nyaéta sulfida, oxida-oxidanya, jeung karbonat. Ti maranéhna, tambaga dicokot ku cara smelting, leaching, jeung elektrolisis.

Zakat

Zakat (Pajeg dina Islam) nyaéta rukun Islam nu katilu. Sacara harpiah Zakat hartina "tuwuh", "mekar", "nyucikeun" atawa "ngaberesihan". Sedengkeun sacara terminologi syari'ah, zakat nujul kana aktivitas méré sabagéan tina harta nu jumlah jeung itungananan tinangtu keur jalma nu geus ditangtukeun.

Zimbabwé

Zimbabwé (dikecapkeun /zɪmˈbɑbweɪ/), resmina Républik Zimbabwé, saméméhna Rodésia Kidul, Républik Rodésia atawa Zimbabwé Rodésia, nyaéta hiji nagara nu dilingkung di bagéan kidul buana Afrika, antara walungan Zambezi jeung Limpopo. Zimbabwe wawatesan jeung Afrika Kidul di beh kidul, Boswana di kulon kidul, Zambia di kulon kaler, sarta Mozambik di beh wetaneunnan. Basa resmi Zimbabwe nyaéta Basa Inggris, tapi lolobana urang Zombabwe maké Sona, salah sahiji basa asli di Zimbabwe.

Ti circa 1250-1629, wewengkon nu kiwari katelah Zimbabwe diparentah ku Kakaisaran Mutapa, nu katelah ogé Mwene Mutapa, Monomotapa atawa Kakaisaran Zimbabwe Raya, nu kasohor minangka rute perdagangan emas jeung Arab. Tapi, Portugis ngaruksak perdagangan éta sarta ngamimitian runtuyan perang nu nyababkeun kakaisaran ampir runtag dina munggaran abad ka-17. Taun 1834, urang Matabele datang nalika nyingkahan pupuhu Zulu Shaka19, ngadegkeun wewengkonna jadi kakaisaran anyar, Matabeleland. Taun 1980-an, urang Britania datang jeung Pausahaan Afrika Cecil Rhodes'. Taun 1898, ngaran Rodésia Kidul dipaké.

Taun 1965, nu satuluyna jadi Perdana Mentri Rodésia Ian Smith ngadelarasikeun Déklarasi Kamerdikaan Unilateral ti Karajaan Ngahiji; hiji republik nu dideklarasikeun taun 1970. Taun 1979, Smith jeung Abel Muzorewa ngahontal hiji kasapukan sarta ngawangun Rodésia Zimbabwé, nu diharepkeun bisa mungkas Perang Bush Rodésia, tapi sawatara bulan sanggeusna Kasapukan Lancaster House overrode Muzorewa's compromise sarta Rodésia Zimbabwé dibalikkeun deui kana status jajahan. Dina 18 April 1980, nagara ieu merdika kalayan ngaran anyar, Zimbabwé, bandera anyar, katut pamaréntahan nu dipingpin ku Robert Mugabe ti Uni Nasional Afrika Zimbabwé (Zimbabwe African National Union, ZANU). Canaan Banana jadi présidén munggaran sarta Mugabe jadi perdana mentri. Taun 1987, pamaréntahan ngamandemen Konstitusi pikeun provide for Présidén Éksekutip sarta ngabolisi kantor Perdana Mentri. Parobahan konstitusional hasilna nyaéta nalika 1 Januari 1988, Robert Mugabe jadi présidént.

Dina kapamingpinan présidén kiwari, Mugabe, ékonomi Zimbabwé nyirorot tina salah sahiji nu pangkuatna di Afrika jadi salah sahiji nu panglemahna di dunya. Lawan jeung kritik pulitik keur Mugabe ngawangun Gerakan keur Parobahan Démokratis taun 1999, nu ngusulkeun dipungkasna "Mugabe's Reign of Terror." Kiwari, alatan Zimbabwe beuki anarkis, tensi pulitik geus ningkat kacida gedena. Ayeuna, 80% urang Zimbabwe ngalanggur sarta inflasi geus naek leuwih ti 15,000%.

Tabél périodik unsur kimia

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.