Buku

Buku nyaéta keretas bodas anu eusina sababaraha puluh atau ratus lambar, dihijikeunna ku cara dikaput atawa dielém jadi hiji, luarna dijilid.[1] Wanda buku téh aya buku catetan, buku tulisan, buku dagang, buku gambar, buku dongeng, buku élmu, jeung réa-réa deui.[1]

Old books by bionicteaching
Tumpukan Buku

Sajarah buku

Qur'anic Manuscript - 4 - Hijazi script
Citakan Manuskrip dina Vellum
Naskah Sunda Lontar
Naskah sunda tina lontar

Buku–buku jaman ayeuna sabenerna mah euweuh dina saméméh jaman pertengahan.[2] Hal anu pangdeukeutna jeung buku-buku téh nyaéta ayana lontar.[2] Kira-kira pertengahan abad ka-5, perkamen sarta vellum geus ngaganti lontar.[2] Perkamen dijieun tina kulit lembu atawa embé, sarta vellum dijieun tina kulit anak sapi.[2] Lambaran-lambaran ieu bahan, bisa ditulis dina hiji sisina, dipotong jeung ukuran anu sarua sarta dijilid dina hiji sisi ku penjepit kulit.[2] Jadi, éta lambaran-lambaran bisa disebut “buku”.[2]

Dina jaman pertengahan, buku-buku nu mimiti dicitak téh buku-buku citak dina ieu mangsa.[2] Opat potong vellum ditilep, ku kituna, unggal potongan vellum tétah miboga dua bilah.[2] Ieu potongan-potongan saterusna disusun diumpak-umpak, ku kituna, aya sajumplukan vellum anu diwangun tinadalapan bilah kalawan dingaranan "hiji bagian".[2] Ieu bagian-bagian dikirimkeun ka ahli keur ditulis jadi buku.[2] Manéhna misahkeun sarta nulis hiji halaman dina hiji waktu.[2] Vellum téh rada kandel, ku kituna bisa ditulis dina dua sisina.[2]

Léngkah saterusna nyaéta ngirimkeun pibukueun ka tukang ngajilid buku.[2] Tukang ngaput buku ngaput bagian-bagian ngaliwatan lipetan bagian tukang ku tali.[2] Sampul-sampul tina kai ogé dijieun sarta panungtunganana mah dibeungkeut ku tali ngaliwatan liang-liang di jero papan-papan.[2] Saterusna kulit nu badag di tapelkeun dina bagian tukang jeung sisi-sisi kaina.[2] Léngkah-léngkah séjénna mah ngahias sarta ngawetkeun buku-buku, tapi ieu léngkah téh mangrupa cara nyieun buku-buku jaman ayeuna.[2]

Rujukan

  1. a b Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press
Nulis.jpg
12 Juni

12 Juni nyaéta poé ka-163 dina sataun

18 Juli

18 Juli nyaéta poé ka-199 dina sataun

26 Juli

26 Juli nyaéta poé ka-207 dina sataun

27 Juni

27 Juni nyaéta poé ka-178 dina sataun

5 Juli

5 Juli nyaéta poé ka-186 dina sataun

Ab urbe condita

Pikeun buku nu ngarana sarua, tempo Ab Urbe Condita (buku).Ab Urbe condita (patali jeung Anno Urbis conditae: AUC atawa a.u.c.) nyaéta basa Laten keur "ti saprak ngadegna Kota (Roma)", sacara tradisional ditetepkeun taun 753 SM. Numutkeun tulisan Livius, ragragna tanggal 21 April taun 753 SM. Istilah ieu dipaké ku urang Romawi keur nulis taun.

Ayip Rosidi

Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonésia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

Basa Sunda

Basa Sunda (ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 41.000.000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa atawa 13,6% ti populasi Indonésia.

Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:

Banten,

Bogor,

Parahyangan,

Ciamis,

Cirebon, jeung

BrebesParahiangan téh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan ti Gupernur Jawa Barat.

Basa Yunani

Basa Yunani (Ελληνικά, IPA [e̞ˌliniˈka] — "Hellenic") nyaéta salah sahiji basa Indo-Éropa kalayan sajarah anu geus didokuméntasikeun 3.500 taun lilana, panglilana dina kulawarga Indo-Éropa mah. Basa ieu ogé mangrupa basa anu panglawasna jadi bukti dina basa Indo-Éropa lamun seug basa Anatoli teu kaasup. Kiwari, ieu basa dikecapkeun ku kurang leuwih 15 yuta urang di Yunani, Siprus, Albania, Bulgaria, Républik Macédonia, Italia jeung Turki. Ogé aya loba komunitas émigran urang Yunani nu sumebar di sakuliah dunya, saperti di Melbourne, Australia — nu mibanda populasi urang Yunani urban kaopat panglobana di dunya, sanggeus Athena, Thessaloniki jeung Nicosia.

Basa Yunani geus ditulis dina alpabét Yunani (nu munggaran ngawanohkeun vokal) ti mimiti abad 19 SM di Yunani (saméméhna di Linear B), jeung abad 4 SM di Siprus (saméméhna di Cypriot syllabary). Lieratur Yunani miboga sajarah nu geus lumangsung ampir 3000 taun.

Dadan Sutisna

Dadan Sutisna lahir di Sumedang, 22 Pébruari 1978. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh, karya-karyana dimuat dina kalawarta Kudjang. Réréana mah nulis carpon, tapi kungsi deuih nulis novél, drama Sunda, feature jeung artikel nu kungsi dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Pikiran Rakyat, Kompas, Républika, jeung saterusna.

Karanganana geus réa nu dilélér hadiah. Sababaraha kali meunang Hadiah Sastra LBSS, Hadiah D.K. Ardiwinata, Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi, Carpon Pinilih Manglé, jeung sawatara hadiah tina rupa-rupa pasanggiri. Taun 2002 jeung 2004 dilélér Hadiah Samsoedi ti Yayasan Kebudayaan Rancagé pikeun buku bacaan barudak Nu Ngageugeuh Legok Kiara (2001) jeung Misteri Haur Geulis (2003). Ti taun 2002, aktif dina organisasi Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda.

Taun 2008, Dadan milu jadi tim nu marajian gelarna Unicode Aksara Sunda, minangka tarékah pikeun maténkeun éksisténsi aksara Sunda di tingkat internasional, nepi ka aksara Sunda jadi salah sahiji aksara standar nu bisa dipaké dina komputer jeung dunya téknologi informasi.

Lian ti nulis karya sastra Sunda, Dadan ogé nulis buku-buku komputer. Nu geus medal di antarana 7 Langkah Mudah Menjadi Webmaster (2007), Belajar Mudah Menggunakan Internet (2007), Jurus Profesional Membangun Aplikasi Web (2010), jeung Internet untuk Pendidikan (2010).

Géografi

Géografi mangrupa ulikan ngeunaan lokasi jeung variasi spatial boh dina fénoména fisik atawa manusana di Bumi. Kecap ieu diturunkeun tina kecap Basa Yunani gê ("Bumi") jeung graphein ("nulis" atawa "ngagambakeun").

Géografi ogé mangrupa judul rupa-rupa buku sajarah dina subjék ieu, di antarana Geographia kénging Klaudios Ptolemaios (abad ka-2).

Géografi leuwih lega batan kartografi, ulikan ngeunaan atlas. Teu ukur nalungtik naon baé nu aya di lebah mana di Bumi, tapi ogé naha bet aya di dinya jeung henteu di tempat séjén, sometimes referred to as "location in space". Ngulik naha alatan manusa atawa alami, sarta akibat bébédaan éta.

Iskandarwassid

Prof. Dr. Iskandarwassid, MPd, Iswas, kitu nénéhna sapopoé lahir di Cimahi, Bandung 10 Mei 1939, agamana Islam Ngaran istrina Siti Jenab. Anak-anakna nyaéta Sonny Wijaksana, Rinni Hanaria, Fitri Ganjari, Riana Surtikanti, jeung Arismaya.

Pikeun Iswas ngarang téh sarua jeung ngawujudkeun hasil observasi pasif sanggeus diadumaniskeun jeung imajinasi. Kungsi dicoba, anjeunna nulis karya ukur ngandelkeun hasil imajinasi, tétéla hasilna teu nyugemakeun.

Minatna kana sastra mimiti timbul nalika anjeunna sakola di kelas lima SD. Jaman harita, guruna, Ardiwinata sering ngadongéng di hareupeun kelas. Ari anu didongéngkeunana biasana meunang nyutat tina buku-buku basa Sunda terbitan Balai Pustaka saperti Nunggul Pinang jeung Trésna Séna jeung Nyi Putri Sedihasih.

Kiswa Wiriasasmita

Kiswa Wiriasasmita, katelah maké landihan Kis WS (Ciamis, 25 Januari 1922 - Imbanagara, 19 Séptémber 1995) téh bujangga Sunda nu sok nulis sajak jeung carita pondok, ogé éséy. Malah, anjeunna téh dianggap salaku salah saurang nu mitambeyan sajak Sunda modéren, pikeun sajakna Ilangna Mustika nu ditulis taun 1946. Carpon-carponna dikumpulkeun sarta medal dina buku Mirah Dalima (1992).

Kis WS kungsi dileler Hadiah Sastra Rancagé pikeun jasana ngamumulé sastra Sunda.

Libanon

Libanon (IPA: /ˈlɛbənɒn/) (Basa Arab: لبنان Lubnān; Basa Perancis: Liban), resmina Républik Libanon (الجمهورية اللبنانية; La République Libanaise), nyaéta hiji nagara leutik nu lolobananana mangrupakuen pagunungan di Asia Kulon, di basisir kidul Laut Tengah. Libanon diwatesan ku Syria di béh kaler jeung wetan, sarta Israel di kuduleunnana. Alatan rupa-rupana sektarian, Libanon nerapkeun hiji sistim pulitik husus, nu katelah konfesionalisme, pikuen nyebarkeun kakawasaan sarata-ratana ka seler-seler nu béda.

Bandera Libanon féatures a cedar in green against a white backdrop, bounded by two horizontal red stripes along the top and bottom. This is a reference to the famous cedars of Lebanon, that were mentioned in the verses of the Old Testament (mostly in Psalms), which spoke of the "Arzei HaL'vanon," or "Cedars of Lebanon."

Until the Lebanese Civil War (1975-1990), the country enjoyed relative calm and prosperity, driven by the tourism, agriculture, and banking sectors of the economy. It is considered the banking capital of the Arab world and was widely known as the "Switzerland of Western Asia" due to its financial power. Lebanon also attracted large numbers of tourists, to the point that the capital Beirut became widely referred to as the "Paris of Western Asia."Immediately following the end of the war, there were extensive efforts to revive the economy and rebuild national infrastructure. By éarly 2006, a considerable degree of stability had been achieved throughout much of the country, Beirut's reconstruction was almost complete, and an incréasing number of foreign tourists were pouring into Lebanon's resorts. The 2006 war between Israel and Hezbollah brought mounting civilian and military casualties, extensive damage to civilian infrastructure, and massive population displacement from July 12, 2006 until a céasefire went into effect on August 14, 2006.

Mahabarata

Mahabarata (Sansakerta: महाभारत) nyaéta hiji karya sastra buhun anu cenah ditulis ku Bagawan Abiyasa atawa Vyasa ti India. Buku ieu diwangun ku dalapan belas buku, mangka dingaranan Astadasaparwa (asta = 8, dasa = 10, parwa = buku). Tapi, aya ogé anu percaya yén carita ieu saéstuna mangrupa kumpulan ti réa carita anu asalna mencar, anu dikumpulkan saprak abad ke-4 saméméh Masehi.

Sacara singget, Mahabarata nyaritakeun carita konflik para Pandawa lima jeung baraya misan maranéhanana nyaéta saratus Kurawa, ngeunaan sengkéta hak pamaréntahan tanah nagara Astina. Puncakna nyaéta perang Baratayuda di tegal Kurusétra sarta perang lumangsung salila dalapan belas poé.

Citakan:Hindu sastra

Nomer Buku Standar Internasional

Pikeun maca pitulung ngeunaan ISBN, tempo Pitulung:ISBN.

Qur'an

Al Qur'ān (basa Arab: القرآن al-qurʼān, sacara harfiah hartina "bacaan"; disebut ogé al-qurʼān al-karīm "Al Qur'an nu Mulya"; ogé ditransliterasikeun minangka Quran, Koran (istilah tradisional di Inggris), jeung Al-Quran), nyaéta téks rélijius séntral dina ajaran Islam. Muslim percaya yén Al Qur'an mangrupa kecap harfiah ti Gusti (basa Arab Allah) nu diwahyukeun ka Nabi Muhammad SAW, salila 22 taun, 2 bulan 22 poé ngaliwatan perantara malaikat Jibril sarta mangrupa wahyu pamungkas ti Gusti Allah pikeun umat manusa.

Qur'an nyaritakeun kajadian-kajadian picontoeun dina sajarah manusa, utamana ngeunaan para nabi saméméh Muhammad kayaning Nuh, Adam, Ibrahim, Musa, Isa, jeung nu séjénna.

Muslim ogé nyebut Al Qur'an minangka "Wasiat Pamungkas", "Kitab", "Kitab Gusti Allah" sarta "Wahyu."

Sastra

Sastra téh asalna tina kecap Sangsekerta; sas jeung tra. Sas téh akar kecap dina rundayan nu hartina : ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah.Tra téh mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana. Jadi Sastra hartina pakakas pikeun miwulang; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran.

Dina budaya Sunda aya nu disebut susastra anu hartina tulisan anu éndah.

Numutkeun A.Teeuw sastra téh etimologina tina basa Yunani téa littera; nu harti saujratna nyaéta tulisan, éta kecap téh tuluy dipaké ku bangsa Latin, ti dinya nyebar ka sakuliah dunya, di antarana Inggris, Prancis, jeung Belanda.

Harti sastra (tulisan) téh kudu dipaluruh deui dina hubunganana jeung tujuh ciri basa tinulis.

Memang aya poténsi satra dina tujuh ciri basa tinulis tapi ogé sastra henteu idéntik jeung basa tinulis, lantaran aya sastra anu poténsina tina basa lisan nu disebut sastra lisan téa.

The World Factbook

The World Factbook (ISSN 1553-8133; kawanoh ogé salaku CIA World Factbook) nyaéta sumber rujukan anu diproduksi ku CIA Amérika Sarikat dina wangun almanak ngeunaan nagara-nagara di dunya.

Wanci Usum Panas

Wanci Usum Panas, di Amérika Kalér katelah ogé minangka Daylight Saving Time (DST), nyaéta sistim nu dimaksudkeun keur "nyimpen cahya beurang" dina usum panas. Ku sabab kitu di Eropa mah sistim ieu téh katelahna "Wanci Usum Panas". Wanci resmi dimajukeun (biasana) saejam leuwih tiheula batan zona wanci nu resmi, diberlakukeunnana salila usum semi jeung usum panas. Hal ieu dimaksudkeun pikeun leuwih nyocogkeun jam nalika poé caang kénéh jeung jam kagiatan gawé jeung sakola. DST biasana dipaké di wewengkon nu hawana sedeng, alatan gedéna perbédaan antara mangsa poé caang jeung poék sapanjang usum di wewengkon-wewengkon kasebut.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.