Budaya

Budaya asalna tina basa Sansekerta nyaéta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.[1] Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kecap Latin “Colere’, nyaéta ngolah atawa ngerjakeun.[1] Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah taneuh atawa tatanén. Kecap culture ogé bisa dihartikeun minangka “kultur” dina basa Indonesia.[1]

Kabudayaan

Kabudayaan nyaéta sakabéh pangaweruh manusa salaku mahluk sosial nu digunakeun keur maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan, pengalaman, jeung jadi dadasar dina paripolahna.[2] Ku kituna, kabudayaan mangrupa rupaning aturan, pituduh, rarancang, jeung stratégi nu ngawengku modél-modél kognitif nu dipiboga ku manusa jeung digunakeun sacara selektif dina nyanghareupan lingkunganna.[2] Hiji kabudayaan mangrupa pangaboga babarengan dina masarakat atawa golongan sosial nu sumebar ka anggota-anggotanna.[2] Kabudayaan diwariskeun ka generasi saterusna ngaliwatan prosés diajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ucap boh henteu (kaasup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).[2] Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung prosés diajar jeung lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.[2]

Substansi Eusi Budaya

  • Sistem Pangaweruh, manusa dihasilkeun tina paripolah sosial jeung laku lampah dina maham alam sabudeureunana, alam flora, alam fauna, bahan-bahan atah, awak manusa, sipat jeung tingkah laku manusa, ruang, jeung waktu.[3]
  • Ajén, nyaéta hiji hal anu hadé tur salawasna dipikahayang, angen-angen jeung dianggap penting ku sakabéh manusa. Ku kituna, hiji hal dianggap miboga ajén lamun aya mangpaat jeung harti (bebeneran), éndah (éstétika), hadé (moral jeung étis), jeung religius (agama).[3]
  • Sawangan Hirup, padoman atawa tatapakan manusa dina ngajawab jeung ngungkulan rupa-rupa pasualan anu disanghareupan. Di jerona ngawengku konsép ajén kahirupan anu jadi angen-angen masarakat. Sawangan hirup téh bisa jadi ajén-inajén anu diagem jeung dipilih ku individu, masarakat, bangsa, jeung nagara.[3]
  • Kapercayaan, ngandung harti anu leuwih lega tibatan agama jeung kapercayaan ka Pangéran. Hakékatna manusa miboga naluri keur nyembah nu Maha Kawasa salaku diménsi séjén di luar lingkunganana anu dianggap bisa ngadalikeun hirup manusa. Ieu hal téh balukar tina teu mampuhna manusa dina nyanghareupan pasualan-pasualan kahirupan.[3]
  • Persépsi, nyaéta hiji dasar pamikiran dina runtuyan kecap pikeun maham kajadian dina kahirupan. Persépsi ngawengku, (1) persépsi sénsorik teu ngagunakeun alat indra manusa, (2) persépsi télépati salaku kamampuh pangaweruh individu, (3) persépsi clairvoyance minangka kamampuh nempo kajadian di tempat séjén.[3]
  • Étos Digawé, kabudayaan téh watek atawa ciri has kabudayaan. Étos téh bakal katémbong dina paripolah masarakat sarta rupa-rupa barang hasil karya masarakat anu dipamérkeun ka masarakat lianna.[3]

Rujukan

  1. a b c R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. a b c d e Koentjaraningrat (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.
  3. a b c d e f Setiadi, spk. (2010). Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Kencana.
Ayip Rosidi

Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonésia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

Bandung TV

Bandung TV nyaéta setasion televisi (TV) lokal swasta munggaran di dayeuh Bandung, Jawa Kulon. Minangka wadah kréativitas masarakat Sunda, Bandung TV, télévisi lokal munggaran di Bandung sarta Jawa Kulon nitikbeuratkeun program acarana dina usaha nyaangan masarakat dina sagala aspék kahirupan kalawan dadasar seni budaya. Titik beurat ieu dipilih alatan seni budaya mangrupa titik puseur kahirupan anu ngusikkeun diménsi sosial sarta ékonomi masarakat. Kalawan ayana usaha ngahirupkeun deui jatidiri wewengkon Jawa Kulon, nangtungna Nagara Républik Indonésia dina kabinékaan baris kabiruyungan.

Setasiun ieu bisa diaksés ngaliwatan parigi (saluran) 38 UHF. Sloganna JATI DIRI PASUNDAN ditujukeun pikeun ngangkat deui ajén-inajén budaya sarta poténsi lokal anu aya di Jawa Kulon umumna sarta Bandung hususna minangka dayeuh puseur propinsi. Logo Bandung TV diwangun ku sawatara unsur nyaéta Kembang Cangkok Wijayakusumah, Kujang, sarta tulisan BANDUNG mangrupa manunggaling Tri Tangtu di Buana, nyaéta sang Rama, sang Resi, sarta sang Ratu, atawa mangrupa hakékat tina sipat manusa linuhung anu silih asih, silih asah, sarta silih asuh.

India

Keur sajarah sarta kagunaan séjén ngeunaan India, tempo India (disambiguasi). India(भारत), resmina Républik India, mangrupa salah sahiji nagara di Asia Kidul. India mangrupa nagara katujuh panggedéna numutkeun wewengkon géografis, kadua pangloba pangeusina, sarta nagara nu ngagem démokrasi liberal panglegana di dunya. India wawatesan jeung Pakistan, China, Bangladésh, Népal jeung Bhutan. Puseur nagarana nyaéta New Delhi. India miboga garis basisir leuwih ti tujuh rébu kilométer and borders Pakistan di béh kulon; Cina, Nepal, jeung Bhutan di béh wétan kalér; sarta Bangladésh jeung Myanmar di béh wétaneunnana. Di Samudra India, India wawatesan jeung nagara kapuloan Sri Lanka, Maladéwa jeung Indonésia.

Urang India mibanda perdaban sarta budaya anu lumangsung ti taun 3300 SM, India mangrupa bagéan ti peradaban Lembah Sungai Indus kalawan mekarkeun budaya wewengkonna ngaliwatan paniagaan sarta dirojong ku barter bahan tatanén. Salila mangtaun-taun, nagara ieu jadi puseur ruteu penting, puseur mekarkeun budaya sarta tempat ngadegna karajaan-karajaan anu gedé. Agama Hindu, Sikh, Buddha jeung Jainis mangrupa agama asli ti India, sedengkeun Islam jeung Kristen datang ngaliwatan paniagaan sarta ku kaayaan budaya anu geus mekar saméméh ayana invasi ti nagara asing. Sanajan lamun diitung invasi asing nepi ka 4000 taun, tapi budaya India jeung sosial kamasarakatanna teu bisa diruntagkeun, nu hadé ti nagara asing bakal dipiceun atawa bisa di serep gumantung kabudayaan bangsa India, komponén sosial masarakat angger lengkep jeung moal bisa dirobah. Kalawan turunna pamor Karajaan Mughal, sababaraha nagara Eropa kungsi nyoba nyieun puseur atawa pos paniagaan di India. Tahta Inggris, dina mangsa sababaraha abad saeutik-sautik geus nyoba pikeun ngahijikeun karajaan-karajaan di India kalawan ku maksud pikeun ngajajah India. Tapi saméméh bisa nyokot sagala rupa kauntungan ti kolonialisme, rahayat India kalawan kaayaan séké sélér anu rupa-rupa bisa ngahiji dina hiji gerakan anu kuat pikeun réformsi sosial jeung nyieun sistem pamaréntahana sorangan sarta ngulang deui kajayaan Karajaan India mangsa baheula. Hasilna, India jadi hiji nagara modérn di taun 1947. Rahayat India, satwa liar, géografisna jeung sistem iklim India mangrupa anu pangragemna saalam dunya, jeung India modérn ayeuna bisa disebut bakal jadi nagara adidaya di mangsa kahareupna.

Internét

Dina harti umum, internét (maké aksara leutik "i", singgetan tina inter-network) mangrupa jaringan komputer nu nyambungkeun sababaraha jaringan. Salaku hiji istilah nu mandiri, Internét mangrupa sistim komputer (kaasup informasi jeung layanan nu disadiakeun pikeun nu marakéna) umum nu kasambungkeun sacara internasional ngagunakeun suite TCP/IP tina protokol komunikasi panyaklaran paket. Ku kituna, internet panggedena sacara basajan disebut Internet. Seni nyambungkeun jaringan-jaringan ku cara ieu disebutna internetworking.

Dina basa sapopoé, Internét kadang nujul ka layanan World Wide Web, surat éléktronik, jeung ngobrol online nu aya na Internét.

Jakarta

Daérah Khusus Ibukota (DKI) Jakarta (Aksara Sunda Baku: ᮓᮆᮛᮂ ᮮᮥᮞᮥᮞ᮪ ᮄᮘᮥᮊᮧᮒ ᮏᮊᮁᮒ) nyaéta salah sahiji propinsi sakaligus ibu kota Indonésia. Lantaran Jakarta minangka hiji dayeuh nu dijadikeun puseur dayeuh Indonésia, ku kituna Jakarta boga status nu sarua jeung propinsi. Jakarta aya di beulah kulon kidul Pulo Jawa. Dina taun 2004, legana kurang leuwih 650 km² sarta pangeusina aya 8.792.000 jiwa.

Jawa Kulon

Jawa Kulon (Basa Indonésia: Jawa Barat , disingget jadi "Jabar") nyaéta salah sahiji propinsi di Indonésia. Ayana di beulah kulon pulo Jawa jeung ibukota sarta puseur urban panggedéna nyaéta Bandung, nya kitu sanajan loba padumuk dinu juru kaler propinsi matuh di wewengkon suburban komo nepi ka wewengkon urban anu aya di Jakarta, sanajan kota éta perenahna di luar propinsi administratip. Populasi propinsi ieu aya 46,3 juta (dina 2014) jeung ieu téh propinsi panggegekna di Indonésia.

Wewengkon puseur Bogor, hiji kota di Propinsi Pasundan, mibanda salah sahiji kagegekan populasi anu pangluhurna di sakuliah dunya, mungguh Bekasi jeung Depok pada-pada suburban paling loba katujuh jeung kasapuluh di dunya (Tangerang di Propinsi Banten meungkeut kasalapan); dina 2014 Bekasi mibanda 2.510.951 jeung Depok 1.869.681 jiwa. Sakabéh kota ieu téh suburban nu Jakarta.

Jepang

Jepang (Nippon/Nihon 日本 déngékeun nyaéta salah sahiji nagara kapuloan di Asia Wétan. Ayana di Samudra Pasifik, wates beulah wetan Tiongkok, Koréa jeung Rusia, sumebar ti mimiti Laut Okhotsk di kaler nepi ka Laut Cina Wétan di kidul. Kanji nu nyieun ngaran Jepang hartina "asal-panonpoé", ku sabab Jepang kadangkala dianggap sabagé "Taneuh tempat bijil panonpoé".

Jepang kasusun ku 3,000 pulo-pulo, nu mana pulo-pulo gedena nyaéta Honshū, Hokkaidō, Kyūshū jeung Shikoku, nu mangrupa 97% daratan. Lolobana ieu pulo kasusun ku pagunungan, tur masih gunung seuneu; contona, gunung pangjangkung di Jepang, Gunung Fuji, is a volcano. Jepang nomer sapuluh populasina di dunya, kira-kira 128 juta jiwa. Wewengkon Megapolitan Tokyo, nu ngawengku ibukota Tokyo jeung préféktur sabudeureunna, wewengkon metropolitan panggedena sadunya, leuwih ti 30 juta penghuni.

Panalungtikan Arkéologi nembongkeun yén kahirupan di pulo-pulo Jepang geus aya dina période Paléolitik Luhur. Dumasar kana catetan ngeunaan Jepang dina buku sajarah Sajarah China ti abad kahiji SM (Saméméh Maséhi).

Pangaruh luar nu diteruskeun ku période isolasi nu panjang mangrupa salah sahiji ciri sajarah Jepang. Saprak maké konstitusi dina taun 1947, Jepang ngagunakeun konstitusi monarki nagara bagian ku ayana kaisar jeung parlemén nu dipilih, Parlemén Jepang.

Kakuatan ekonomi utama, Jepang nomer dua ékonomina dumasar kana gedéna GDP. Jepang ogé anggota PBB, G8, G4 jeung APEC, sarta no lima anggaran pertahananna. Jepang ogé nomer opat nagara nu ékspor sarta nomer genep nagara nu impor sarta mingpin dina téknologi jeung permesinan.

Kabupatén Majalengka

Kabupatén Majalengka nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana nyaéta Majalengka. Ieu kabupatén diwatesan ku Kabupatén Indramayu di beulah kalér, Kabupatén Cirebon jeung Kabupatén Kuningan di beulah wétan, Kabupatén Ciamis jeung Kabupatén Tasikmalaya di beulah kidul, jeung Kabupatén Sumedang di beulah kuloneunana.

Kabupatén Majalengka diwengku ku 26 kacamatan, nu kabagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan. Pusat pamaréntahan di Kacamatan Majalengka. Kantor Bupati aya di alun-alun Majalengka deukeuteun Masjid Agung Al Imam.

Kalénder Arménia

Kalénder Arménia maké panomeran Arménia. Dimimitian ti 552 M minangka munggarannana jaman Armenia.

Tanggalna ditandaan ku aksara ԹՎ t’v, sigla keur t’vin "dina taun" nu dituluykeun ku hiji nepi ka opat hurup tina alpabét Arménia, nu masing-masingna nunjukkeun angka Arménia. Contona, "dina taun 1455 2007 M" bakal ditulis ԹՎ ՌՆԾԵ.

Ngaran bulan Armenia nunjukkeun pangaruh kalénder Zoroaster, sarta saperti nu kacatet ku Antoine Meillet dina dua kasus ayana pangaruh.

1. (Maret/April) Nawasard (Avestan *nava sarəδa "taun anyar")

2. (April/Méi) Hoṙi (tina Georgian ori "dua")

3. (Méi/Juni) Sahmi (tina Georgian sami "tilu")

4. (Juni/Juli) Trē (Zoroaster Tïr)

5. (Juli/Agustus) K’adoç ("bulan crops"; Zoroaster Amerōdat̰)

6. (Agustus/September) Araç

7. (September/Oktober) Mehekan (tina basa Iran *mihrakāna; Zoroaster Mitrō)

8. (Oktober/Nopember) Areg ("bulan panonpoé"; Zoroaster Āvān)

9. (Nopember/Desember) Ahekan (Zoroaster Ātarō)

10. (Desember/Januari) Marēr (meureun tina Avestan maiδyaīrya "tengah taun"; Zoroaster Dīn)

11. (Januari/Pebruari) Margaç (Zoroaster Vohūman)

12. (Pebruari/Maret) Hrotiç (tina Pahlavi *fravartakān "poe epagomenal "; Zoroaster Spendarmat̰)Kalender Armenia ngaranan poé tina bulan, lain nganomerannana, peculiarity ogé kapanggih dina kalender Avesta. Pangaruh Zoroaster mangrupa bukti dina sakurang-kurangna lima ngaran nyaéta

1. Areg "panonpoe", 2. Hrand, 3. Aram, 4. Margar "nabi", 5. Ahrank’ "kaduruk satengahna", 6. Mazdeł, 7. Astłik "Venus", 8. Mihr (Mithra), 9. Jopaber, 10. Murç "triumph", 11. Erezhan "hermit", 12. Ani, 13. Parxar, 14. Vanat, 15. Aramazd (Ahura Mazda), 16. Mani "munggaran", 17. Asak "henteu munggaran", 18. Masis (Gunung Ararat), 19. Anahit (Anahita), 20. Aragac, 21. Gorgor, 22. Kordi (distrik di Armenia kuna nu dianggep tempat asalna Kurdi), 23. Cmak "angin wetan", 24. Lusnak "bulan sapotong", 25. C̣rōn " dispersi", 26.Npat (Apam Napat), 27. Vahagn (Zoroaster Vahrām, ngaran poé ka-20), 28. Sēin "pagunungan", 29. Varag, 30. Gišeravar "bentang peuting". Lima poé epagomenal disebut Aveleac̣ "superfluous".

Kalénder nasional India

Kalénder nasional India (kadang-kadang disebut ogé kalénder Saka) nyaéta kalénder sipil resmi nu dipaké di India. Kalénder ieu dipaké babarengan jeung kalénder Grégori, ku Gazette of India, siaran wartana All India Radio, katut kalénder jeung komunikasi nu dikaluarkeun ku Pamaréntah India.

Istilah ieu bisa nujul ogé kana kalénder Hindu, sarta jaman Saka ilahar dipaké ku kalénder-kalénder nu béda-béda.

Kalénder panonpoé Thai

Kalénder panonpoé Thai, Suriyakati (Basa Thai: สุริยคติ), mangrupa kalénder resmi tur ilahar di Thailand ti saprak dipaké ku Raja Chulalongkorn taun 1888, sok sanajan ari keur bisnis jeung perbankan mah kadang-kadang maké kalénder ti Kulon ogé.

Kalénder Thai nunjukkeun Jaman Buda (Buddhist Era, BE, Basa Thai: พุทธศักราช Phuttasakarat), nu disingget Pho So (Basa Thai: พ.ศ.); tur Christian Era (Basa Thai: คริสต์ศักราช, kritsakarat) , nu disingget Kho So (Basa Thai: ค.ศ.). Kalénder ieu ogé nuduhkeun panomeran Cina keur Common éra jeung tanggalan Bulan Cina. Alatan tanggal bulan nangtukeun Buddhist Sabbath (Basa Thai: วันพระ Wan Phra), kawas lolobana festival tradisional Cina, boh kalénder bulan atawa tanggal bulan Cina ditunjukkeun oge.

Wan Pra ditandaan maké gambar Buda, sedengkeun poé peré Cina ditandaan ku karakter Cina kelir beureum.

Scrawled blue figures (in this example 078 on the 15th and, above left, 538 on the 19th and 2576 on the 31st) mark dates national lottery numbers were drawn.

Lunar dates and the yéar's Animal are recorded on Thai birth certificates after the official date. The Thai reckon their ages by the Twelve-Animal sequence, though the official calendar determines age at law; as, for instance, the Queen's Birthday, August 12, a public holiday also celebrated as Thai Mothers' Day.The months and days of the week are the same as those used in the western Gregorian calendar. Names of the months derive from Hindu names of the signs of the zodiac. Days of the week are named after the Sun and Moon, and translations of the names of the five classical planets. The yéar is counted from the Buddhist Era (B.E.), which is 543 yéars éarlier than the Christian éra (A.D.). For example, A.D. 2007 is equivalent to 2550 B.E. The éra is based on the passing away (Parinibbana) of Gautama Buddha, which is dated to 543 BC by the Thai (although some sources state that Buddha died in 483 BC). It is important to remember that only from January 1, 1941 onwards does this 543 addition/subtraction rule work perfectly — see below.

The calendar, decreed by King Chulalongkorn (Rama V), was called Ratana Kosindra Sok (Basa Thai: รัตนโกสินทรศก), and was néarly identical with the western Gregorian calendar. Yéar counting, however, was in reference of the date of the founding of Bangkok (Ratana Kosindra), April 6 1782 (the first day of Yéar 1 Ratana Kosindra éra (Basa Thai: รัตนโกสินทร์ศักราช), abbr. (Basa Thai: ร.ศ.) ro so). King Vajiravudh (Rama VI) changed the yéar counting to Buddhist Era in 1912 and fixed the start of a yéar to April 1.

In 1941 (2484 B.E.) as World War II loomed on the horizon, Prime Minister Plaek Phibunsongkhram per decree made January 1 the official start of a new yéar (so yéar 2483 B.E. had only nine months). When converting a date prior to that yéar, check whether it falls between January 1 and March 31: if so the number to add or subtract is 542, not 543.

Today, both the Common Era New Year's Day (January 1) and the traditional Songkran (Basa Thai: สงกรานต์) celebrations (April 13-April 15) are public holidays on the official calendar. Public holidays on the official calendar for Buddhist and Chinese feasts, including Chinese New Year, are still calculated according to the lunar calendar, so their dates change with respect to the solar calendar every yéar.

Thirty-day-month names end with Basa Thai: -อายน -ayon, which is from the Sanskrit root -āyana, méaning the arrival of; 31-day-month names with Basa Thai: -อาคม -akhom, which is from Sanskrit -āgama which also méans the arrival of. February's name ends with Basa Thai: -พันธ์ -phan, from Sanskrit bandha fettered or bound. The day added to February in a solar leap year is called Athikasuratin Basa Thai: อธิกสุรทิน; respelled to aid pronunciation Basa Thai: อะทิกะสุระทิน.[1]

Kalénder Étiopia

Kalénder Étiopia (Basa Amharik: የኢትዮጵያ ዘመን አቆጣጠር ye'Ītyōṗṗyā zemen āḳoṭaṭer), disebut ogé kalénder Ge'ez, nyaéta kalénder utama nu dipaké di Étiopia sarta mangrupa taun kabaktian urang Kristen di Éritréa nu dipaké ku Garéja Tewahdo Ortodoks Éritréa, Garéja Katolik Wétan di Éritréa jeung Lutheran (Garéja Evangelis di Eritréa), nu ilaharna disebut kalénder Ge'ez. Kalénder ieu dumasar kana kalénder Aléksandria atawa Koptik, nu dumasar ogé kana kalénder Mesir nu leuwih heubeul, tapi kawas kalénder Julian, nambahan poé luncat unggal opat taun tanpa kajaba, sarta ngamimitian taun dina 29 Agustus atawa 30 Agustus dina kalénder Julian. Bédana tujuh tepi ka dalapan taun antara kalénder Etiopia jeung Grégori disababkeun ku ayana kalkulasi nu béda dina nangtukeun tanggal Annunciation Yésus.

Kawas kalénder Koptik, kalénder Éthiopia/Ge'ez boga dua welas bulan nu masing-masingna 30 poé ditambah lima atawa genep poé epagomenal (biasana disebut bulan katilu welas). Lanjutna, bulan-bulanna mimitian dina poé nu sami jeung kalénder Koptik, tapi boga ngaran nu béda, ngagunakeun basa Ge'ez. Poé kagenep epagomenal ditambahkeun saban opat taon tampa kajaba dina 29 Agustus di kalénder Julian.

Kalér

Kalér nyaéta hiji arah mata angin dina kompas. Dina budaya Kulon, kalér dianggap arah nu utama[rujukan?]. Kalér biasana di peta ngarahna ka luhur. Dina navigasi, kalér dipaké salaku titik awal (0°).

Kota Cirebon

Pikeun artikel kabupatén nu ngaranna sarua, tempo Kabupatén Cirebon.

Kota Cirebon nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota ieu aya di basisir Laut Jawa, di jalur pantura. Baheulana Cirebon mangrupa ibu kota Kabupatén Cirebon, tapi ayeuna geus dipindahkeun ka Sumber. Cirebon jadi pusat régional di wilayah basisir wétan Jawa Barat.

Kota Cirebon kawengku ku 5 kacamatan, nu dibagi deui kana sajumlah kalurahan.

Cirebon disebut ogé 'Kota Hurang'. Minangka daérah panggihna budaya Jawa jeung Sunda ti sababaraha abad kapungkur, masarakat Cirebon biasa ngagunakeun dua basa, basa Sunda jeung Jawa.

Kota ieu legana 37,36 km² kalayan pangeusina anu jumlahna kurang leuwih 300.000 jiwa.

Kota Cirebon mangrupa puseur industri roko bogana British-American Tobacco (BAT), salah sahiji produsén roko bodas nu kasohor di dunya.

Di kota Cirebon aya tilu kasultanan, nyaéta Kasepuhan, Kanoman, jeung Kacerbonan, nu nepi ka kiwari masih kénéh aya.

Di daérah Gunung Sembung, Gunung Jati, kira-kira 15 kilométer saméméh kota Cirebon ti beulah kulon, aya makam Sunan Gunung Jati, salah sahiji ti antara Wali Songo, nyaéta salapan urang nu nyebarkeun agama Islam di Jawa.

Mesir

Républik Arab Mesir, leuwih dikenal salaku Mesir, (basa Arab: مصر, Maṣr) mangrupa hiji nagara nu kalobaannana wewengkonna aya di Afrika bagian kalér-wétan.

Lega wewengkonna kira-kira 997.739 km² Mesir nyapluk Samananjung Sinai (dianggap sabagé bagian ti Asia Kidul-Kulon), teras kalobaannnana wewengkonna aya di Afrika Kalér. Mesir tepung wates jeung Libya di kulon, Sudan di kidul, jalur Gaza jeung Israél di kidul-wétan. Watesna jeung cai nyaéta liwat Laut Tengah di kalér jeung Laut Beureum di wétan.

Mayoritas populasi Mesir nyicingan di sisi Sungai Nil (kira-kira 40.000 km²). Kalobaannana daratan mangrupa bagian ti sagara keusik Sahara nu jarang dicicingan.

Mesir katelah eujeung peradaban kuna jeung sababaraha monumén kuna pangmegahna di dunya, misalna Piramid Giza, Kuil Karnak jeung Lebak Raja sarta Kuil Ramsés. Di Luxor, hiji kota di wewengkon kidul, aya kira-kira artéfak kuna nu nyapluk kira-kira 65% artafak kuna di dunya. Ayeuna, Mesir diakuan luas salaku pusat budaya jeung politik utama di wewengkon Arab jeung Wétan Tengah.

Pulo Jawa

Pulo Jawa téh hiji pulo di di gugusan kapuloan Sunda, Indonésia, nu mangrupa pulo pangpadetna di sakuliah dunya (tempo daptar pulo dumasar populasi). Legana 132.000 km pasagi kalawan 114 juta pangeusi (864 jalma per km²), mun mangrupa nagara mandiri mah bakal jadi nagara kadua pangpadetna sadunya. Pulo Jawa mangrupa lemah cai pikeun pituin pikeun urang Sunda jeung Jawa.

Républik Rahayat Tiongkok

Républik Rahayat Tiongkok (Tionghoa basajan: 中华人民共和国; Tionghoa tradisional : 中華人民共和國; pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó tʂʊŋ˥xua˧˥ʐɛn˧˥mɪn˧˥kʊŋ˥˩xə˧˥kuɔ˧˥ , singgetna Tiongkok; ti 28 Juni 1967 nepi ka 14 Maret 2014 mah sok disebut Républik Rahayat Tjina/RRT atawa Républik Rahayat Cina/RRC, harpiah: Républik Rahayat Tionghoa) nyaéta hiji nagara anu nganjrek di wewengkon Asia Kalér nu ibukotana téh di Béijing. Nagara ieu mibanda sajumlahing pangeusi anu kawilang panglobana di sakuliah dunya (kurang leuwih 1,35 milyar jiwa) jeung lega wewengkon 9,69 yuta kilométer pasagi, ngabalukarkeun nagara ka-4 panglegana di sakuliah dunya. Nagara ieu diadegkeun dina taun 1949 sabérésna Perang Sadulur Tiongkok, ti harita dipingpin ku hiji partéy tunggal, nyaéta Partéy Komunis Tiongkok (PKT).

Sakola Menengah Atas

Sakola Menengah Atas (disingget SMA; Basa Inggris: Senior High School), nyaéta salah sahiji atikan menengah umum anu jadi tuluyan tina atikan dasar . Atikan menengah mangrupa tuluyan tina atikan dasar. Luyu jeung UU no.20 taun 2003 atikan dibagi jadi tilu nyaéta atikan dasar, atikan menengah jeung atikan luhur. Atikan menengah diwincik deui jadi sababaraha rupa nyaéta atikan menengah umum jeung atikan menengah kejuruan. Atikan menengah wangunna Sekolah Menengah Atas (SMA), Madrasah Aliyah (MA), Sakola Menengah Kejuruan (SMK), jeung Madrasah Aliyah Kejuruan (MAK), atawa wangun séjén anu sadarajat.

Pelajar SMA umumna umurna 16-18 taun. SMA henteu kaasup program wajib diajar pamaréntah - nyaéta SD (atawa sadarjat) 6 taun sarta SMP (atawa sadarajat) 3 taun - sanajan ti saprak taun 2005 geus mimiti diberlakukan program wajib diajar 12 taun anu mengikutsertakan SMA di sawatara wewengkon, contona di dayeuh Yogyakarta sarta Kabupatén Bantul.SMA diayakeun ku pamaréntah atawa swasta. Saprak diberlakukannya otonomi daréah dina taun 2001, pengelolaan SMA nagari di Indonésia anu saméméhna aya di handapeun Departemen Pendidikan Nasional, kiwari jadi tanggung jawab pamaréntah daérah kabupatén/kota. Sedengkeun Departemen Atikan Nasional ngan boga peran minangka regulator dina widang standar nasional atikan. Sacara struktural, SMA nagari mangrupa unit pelaksana téknis dines atikan kabupatén/kota.

Sudan

Sudan (resmina Républik Sudan) (Basa Arab: السودان ‎as-Sūdān.) nyaéta nagara panglegana di Afrika. Sudan diwatesan ku Mesir di béh kaler, Sagara Beureum di wetan kaler, Eritrea jeung Etiopia di béh wetan, Kenya jeung Uganda di wetan kidul, republik Demokratik Kongo jeung Republik Afrika Tengah di kulon kidul, Cad di béh kulon, sarta Libia di kulon kalereunnana. Sudan mangrupa nagara panglegana kasapuluh di dunya. Ngaran Sudan asalna tina Basa Arab Bilad-al-sudan, nu hartina "nagara nu hideung."

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.