Abad ka-16

Abad ka-16 nyaéta abad nu lumangsung antara taun 1501 tepi ka 1600 Maséhi, atawa ti dasawarsa 1500-an tepi ka 1590-an dina kalénder Gregorian.

Kajadian

Dasawarsa 1590-an

Tempo ogé

Rujukan

Nuvola apps clock.png
1492

Taun ka-1492 Maséhi dina Kalénder Grégorian.

1500

Taun ka-1500 Maséhi dina Kalénder Grégorian.

1504

Taun ka-1504 Maséhi dina Kalénder Grégorian.

1600

Taun ka-1600 Maséhi dina Kalénder Grégorian.

1694

Taun ka-1694 Maséhi dina Kalénder Grégorian.

Banten

Banten (Aksara Sunda: ᮘᮔ᮪ᮒᮨᮔ᮪, Arab Sunda: بَنْتٓنْ) kiwari mangrupa ngaran hiji propinsi di Indonésia nu ayana di pulo Jawa. Propinsi ieu tadina mah mangrupa bagian ti propinsi Jawa Barat, nu dumasar aspirasi masarakat dimekarkeun jadi propinsi mandiri taun 2000. Wilayah Banten ngawengku daérah-daérah nu baheulana mangrupa bagian ti wilayah Kasultanan Banten tanpa Lampung jeung Bengkulu, nyaéta Sérang, Lebak, Pandéglang, Cilegon, jeung Tangerang. Puseur dayeuhna di Serang.

Basa Sunda

Basa Sunda (ᮘᮞ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 41.000.000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa atawa 13,6% ti populasi Indonésia.

Basa Sunda kaasup kana kulawarga basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:

Banten,

Bogor,

Parahyangan,

Ciamis,

Cirebon, jeung

BrebesParahiangan téh wilayah nu panglobana di Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka SMA (Sekolah Menengah Atas) sanggeus kaluar kaputusan ti Gupernur Jawa Barat.

Carita Parahiyangan

Carita Parahiyangan mangrupa ngaran hiji naskah Sunda nu dijieun kira ahir abad ka-16, nu nyaritakeun sajarah tatar Sunda, utamana ngeunaan kakawasaan karajaan Galuh jeung Sunda. Dingaranan ktiu dumasar kana bubuka eusina nu nyebutkeun "ndéh nihan carita parahiyangan". Dumasar kana carita nu mungkasna, ieu naskah dijieun dina ahir abad ka-16 atawa awal abad ka-17, nalika kakuatan pulitik Islam saeutik-saeutik geus nyilihan kakawasaan Sunda di Pakuan Pajajaran.

Daptar taun

Kaca ieu nuduhkeun kaca taun individual

Guguritan

Guguritan nyaéta salah sahiji wangun puisi buhun nu dianggit maké aturan pupuh atawa dangding. Guguritan téh salah sahiji karya sastra anu diagungkeun waktu Mataram datang ka tatar Sunda dina abad ka-16. Jaman harita, pupuh téh mayuyu

meumeujeuhna mekar ka sababaraha lingkungan, saperti pasantrén, yukirin, jeung masarakat literat Sayanee. Seni nganggit guguritan maké pupuh téh salah sahiji kamekaran tina rumpaka pupuh anu geus matok. Guguritan dijieun bisa dikasang tukangan ku karesep, kaayaan haté, jeung kereteg pangarang nu keur karasa harita.

Guinéa-Bissau

Républik Guinéa-Bissau (Basa Portugis: República da Guiné-Bissau, dilapalkeun: [ʁeˈpublikɐ dɐ ɡiˈnɛ biˈsaw]) nyaéta hiji nagara di Afrika Kulon. Nagara ieu tepung wates jeung Senegal di kalér, jeung Guinéa di kidul jeung wétan, sarta Samudra Atlantik di kulon.

Guinéa-Bissau baheulana mangrupa bagian ti Karajaan Gabu, ogé tina Kakaisaran Mali. Bagian ti karajaan ieu lumangsung nepi ka abad ka-18, basa saeutik bagian nu lian minangka bagian ti Kakaisaran Portugis ti abad ka-16. Wewengkon ieu teras jadi jajahan Portuis ti Guinéa Portugis dina ahir abad ka-19. Basa merdika, anu didéklarasi dina 1973 jeung diakuan dina 1974, ngaran ibu kotana, Bissau, ditambahkeun kana ngaran nagara sangkan teu lieur jeung Républik Guinéa.

Ukur 14% ti populasi nyaturkeun basa resmina, Basa Portugis. Kalobaannana populasi (44%) nyaturkeun Kriol, hiji Basa kréol Portugis, jeung sésa basa asli Afrika. Ageman utamana nyaéta ageman tradisional Afrika jeung Islam, aya ogé minoritas Kristen (kalobaannana Katolik).

Guinéa-Bissau mangrupa hiji anggota ti Uni Afrika, Komunitas Ékonomi Nagara Afrika Kulon, Organisasi Sabilulungan Islam, Uni Latin, Komunitas Nagara-Nagara Pamaké Basa Portugis, La Francophonie, jeung Zona Kooperasi jeung Karapihan Atlantik Kidul.

Makau

Wewengkon Administratif Husus Républik Rahayat Cina Makau atawa disingket Makau mangrupa hiji wewengkon leutik di basisir kidul Cina.

Makau aya dina 70 km kulon-kiduleun Hong Kong jeung 145 km ti Guangzhou. Wewengkon ieu mangrupa koloni Éropa pangkolotna di Cina, ti abad ka-16. Pamaréntahan Portugal masihan kadaulatan tina Makau kana Républik Rahayat Cina (RRC) dina 1999, jeung Makau ayeunna mangrupa hiji Wewengkon Administratif Husus Cina.

Padumuk Makau kalobaannana panyatur basa Kanton; salian ti éta, basa Mandarin, basa Portugis, jeung basa Inggris ogé dipaké

Mona Lisa

Mona lisa(bahasa Italia: Monna Lisa [ˈmɔnna ˈliːza] atau La Gioconda [la dʒoˈkonda], bahasa Prancis: La Joconde [la ʒɔkɔ̃d]), nyaéta lukisan minyak dina kai poplar nu dijieun ku Leonardo da Vinci dina abad ka-16.Lukisan ieu mindeng dianggap minangka salah sahiji lukisan kasohor di dunia.Lukisan ieu dipiboga ku pamarintah prancis ditembongkeun di Musée du Louvre di Paris.

Pilipina

Pilipina (basa Pilipina: Pilipinas), ngaran resmina Républik Pilipina (Repúbliká ng̃ Pilipinas; RP), nyaéta hiji nagara kapuloan nu perenahna di Asia Tenggara, ibu kotana Manila. Kapuloan Pilipina ngawengku 7,107 pulo-pulo di Samudra Pasifik béh kulon. Pilipina mangrupa nagara pangpadetna ka-12 sadunya, Ekonomi nasionalna ka-45 sadunya kalayan gross domestic product (GDP) taun 2006 leuwih ti US$117 miliar.Urang Pilipina lolobananana turunan urang Austronesia, tapi aya ogé minoritas urang Amérika, Arab, Cina, Hispanik jeung India. Aya leuwih ti 11 juta urang Pilipina di luar nagri sadunya, kurang leuwih 11% tina total populasi urang Pilipina.[rujukan?]Pilipina jadi jajahan Spanyol dina abad ka-16, tuluy jadi jajahan AS sanggeusna Perang Spanyol-Amerika jeung Perang Pilipina-Amérika. Pilipina boga loba sasaruanana jeung dunya Kulon, nu utamana asalna tina budaya Spanyol, Amérika Latén, jeung Amérika Sarikat. Katolik Roma jadi ageman nu dominan, sok sanajan aya ogé prakték ageman pribumi pra-Hispanik katut Islam. Dua basa resmi Pilipina nyaéta basa Filipino, nu dumasar kana basa Tagalog, jeung basa Inggris.

Sunan Kali Jaga

Radén Syahid anu dipiwanohna mah Sunan Kali Jaga (éjahan Jawa: Sunan Kali Jogo) atawa sok disebut ogé Syaikh Melaya (gumelar taun 1450) nyaéta salah saurang inohong Wali Sanga anu ruket jeung muslim di pulo Jawa, ku sabab kaparigelanna ngasupkeun pangaruh Islam kana tradisi Jawa. Makamna aya di Kadilangu, Demak.Sunan Kali Jaga nyaéta putera Tumenggung Melayakusuma di Jepara. Tumenggung Melayakusuma muasalna mah ti seberang, katurunan Adipati Tuban ku Sri Prabu Brawijaya, antukna anjeunna ganti ngaran jadi Tumenggung Wilatikta (Majapahit). Tumengung Melayakusuma téh bisa jadi saurang imigran Jawa mangsa koloni Jawa di Malaka anu geus asup Islam di Malaka, tuluy balik deui sangkan netep di Jawa. Sunan Kali Jaga nikah jeung putri Sunan Ampel dina umur kurang leuwih 20 taun nya dina taun 1470 M. Sunan Kali Jaga hirupna leuwih ti 100 tahun, nya ti patengahan abad ka-15 nepi ka ahir abad ka-16. Sunan Kali Jaga nikah jeung Déwi Saroh binti Maulana Ishaq, nu tuluy dipaparin 3 urang putera nyaéta Raden Umar said anu tuluy meunang gelar Sunan Muria, Déwi Rukayah jeung Déwi Sofiah. Sunan Kali Jaga hirup di tilu mangsa pamaréntahan, nyaéta mangsa pamungkas Majapahit (Karajaaan Majapahit runtuh dina taun 1478 M.), jaman Kasultanan Demak (ngadeg dina taun 1481-1546 M.) jeung Kasultanan Pajang (panungtungan dina taun 1568 M.) Ku kituna Sunan Kali Jaga hirup leuwih ti 100 taun lilana, ti patengahan abad ka-15 nepi ka ahir abad ka-16.

Séng

Séng (tina Basa Jérman: Zink) nyaéta unsur kimia logam nu dilambangan Zn kalawan nomer atom 30. Ieu unsur aya dina baris kahiji logam transisi dina golongan 12 tabél periodik. Sacara kimia, séng sarupa jeung magnésium ku sabab ukuran ionna sarua sarta boga bilangan oksidasi +2. Dina kulit Bumi, séng téh unsur ka-24 panglobana, dina bentuk lima rupa isotop stabil. Bijih anu panglobana digali nyaéta dina bentuk spalerit atawa séng sulfida, kapanggih loba pisan di Australia, Kanada, jeung Amérika Serikat.

Aloy séng jeung tembaga anu katelah kuningan, sahanteuna geus dipaké ti abad ka-10 SM. Dina skala gedé, masarakat India geus bisa ngahasilkeun séng (teu murni) ti abad ka-13, anapon bangsa-bangsa Éropah kakara wanoh jeung ieu logam abad ka-16. Para alkémis ngaduruk séng pikeun nyieun anu katelah "philosopher's wool" atawa "white snow". Taun 1800, Luigi Galvani jeung Alessandro Volta medarkeun pasipatan éléktrokimia séng. Kiwari, ieu logam utamana dipaké pikeun galvanisasi baja ngarah tahan tai hiang. Lian ti éta, séng ogé dipaké dina batré, séng karbonat jeung séng glukonat pikeun suplemén katuangan, séng klorida dina déodoran, séng pirition dina sampo anti-ketombé, séng sulfida dina cét luminesens, sarta séng métil atawa séng diétil di laboratorium organik.

Séng téh kaasup mineral ésénsial, défisiénsina karandapan ku 2 miliar jalma di nagara-nagara nu keur mekar, anu tumali jeung rupa-rupa kasakit. Mun kaalaman ku barudak, tumuwuhna bisa kaganggu, telat sawawa sacara séksual, gampang katarajang inféksi, jeung diaré nu unggal taunna ngabalukarkeun maotna 800.000 budak. Dina biokimia, loba pisan énzim anu ngandung atom séng dina gugus prostétikna, misalna baé alkohol dehidrogénaseu di manusa. Sabalikna, asupan séng anu kaleuleuwihi bisa ngabalukarkeun ataksia, défisiénsi tembaga, jeung matak létoy kana awak.

Timor Wétan

Républik Démokratik Timor-Lésté (resmina, ngaran Timor-Lésté leuwih dipikaresep, sanajan Timor Wétan geus leuwih ilahar dina basa urang) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara. Nagara ieu perenahna di bagéan wétan Pulo Timor, deukeuteun kapuloan Atauro jeung Jaco, sarta Oecussi-Ambeno, éksklaf di sisi kulon kalér pulo, di wewengkon Timor Kulon, Indonésia. Nagara leutik nu legana ukur 5.376 mil pasagi (14,609 kilométer pasagi) ieu, perenahna kurang leuwih 400 mil (640 km) kulon kalereun Darwin, Australia.

Salila dijajah ku Portugal dina abad ka-16, Timor Wétan katelahna Timor Portugis salila mangabad-abad. Satuluyna diinvasi ku Indonésia taun 1975 sarta diaku minangka propinsi ka-27 taun satuluyna. Dumasar kana referendum taun 1999 nu dirojong ku PBB, Indonésia ngaleupaskeun kadali ka Timor Wetan sarta ngajadikeun nagara ieu nagara berdaulat munggaran dina abad ka-21 sarta dina milénium ka-3 dina 20 Méi 2002. Lian ti Pilipina, Timor Wetan mangrupa salah sahiji tina dua nagara Katolik Roma di Asia.

Énsiklopédi

Énsiklopédi nyaéta kompendium tinulis pangaweruh manusa. Istilah éta asalna tina kecap Basa Yunani εγκύκλιος παιδεία, enkyklios paideia ("in a circle of instruction"). Tina εγκύκλιος, kawas sirkuit tina κύκλος sirkuit jeung παιδεία, nu hartina instruksi.

Énsiklopédi sipatna bisa umum, ngandung artikel-artikel dina jejer ti rupa-rupa widang (salah sahiji contona Encyclopædia Britannica), atawa bisa ogé husus hiji widang (saperti Énsiklopédi Sunda jeung énsiklopédi filosofi). Aya ogé énsiklopédi nu ngawengku jejer-jejer nu lega tina jihat budaya atawa bangsa, kayaning Great Soviet Encyclopedia jeung Énsiklopédi Indonésia.

Catetan-catetan nu sarupa jeung énsiklopédi geus dijieun ti jaman sajarah manusa kénéh, ngan istilah énsiklopédi kakara dipaké dina abad ka-16.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.