Élmu

Élmu nyaéta sakumna usaha sadar pikeun nalungtik, manggihan sarta ngaronjatkeun pamahaman manusa ti sagala rupa sisi kanyataan dina alam manusa [1]. Sisi-sisi ieu diwatesan sangkan dihasilkeun rumusan-rumusan anu pasti. Élmu méré kapastian kalawan ngawatesan wengkuan tetempoanana, sarta kapastian élmu-élmu meunang ti kakawatesanana [2].

Contona: Élmu Alam ngan bisa jadi pasti sanggeus widangna diwatesan kana hal anu materil waé atawa élmu psikologi ngan bisa norah laku-lampah manusa lamun ngawatesan wengkuan tetempoanana kana sisi umum ti laku-lampah manusa anu nyata. Patali jeung conto ieu, élmu-élmu alam ngajawab pananya ngeunaan sabaraha jauhna panonpoé ti bumi, atawa élmu psikologi ngajawab naha saurang wanoja luyu pikeun jadi parawat.

Kecap élmu sorangan mangrupa kecap serepan tina basa Arab "ilm" [3]. anu hartina surti, ngarti, atawa nyaho. Élmu pangaweruh bisa boga harti surti kana hiji pangaweruh, sarta élmu sosial bisa boga harti nyaho masalah-masalah sosial.

1e6m comparison Mars Mercury Moon Pluto Haumea - no transparency
Élmu alam: Planét Mars (kénca), Planét Mérkuri (katuhu), Bulan (handap kénca), Pluto (handap tengah), sarta Haumea (handap katuhu), babandingan skala ngagunakeun diaméter Sirius B

Widang-widang élmu

Élmu alam

Élmu sosial

  • Antropologi
    • Arkeologi
  • Ékonomi
  • Élmu pulitik
  • Linguistik (Élmu basa)
  • Psikologi
    • Analisis laku-lampah
    • Biopsikologi
    • Neuropsikologi
    • Psikofisika
    • Psikometri
    • Psikologi eksperimen
    • Psikologi forensik
    • Psikologi humanis
    • Psikologi industri sarta organisasi
    • Psikologi kepribadian
    • Psikologi kaséhatan
    • Psikologi klinis
    • Psikologi kognitif
    • Psikologi atikan
    • Psikologi pertumbuhan
    • Psikologi sensasi sarta persepsi
    • Psikologi sosial
  • Sosiologi

Élmu terapan

  • Ilmu komputer sarta informatika
  • Rekayasa
    • Ilmu biomedik
    • Ilmu tatanén
    • Rekayasa listrik
    • Rekayasa tatanén

Téma nu patali

  • Organisasi dan praktik ilmu: International Council of Science (ICSU).
  • For an understanding of how these fields came to be: History of Science and Technology.

Tempo ogé

  • Teori dasar élmu
  • Sajarah élmu
  • Junk science
  • National Science Foundation (USA)
  • Patafisika
  • Élmu patologik
  • Protoscience
  • Pseudoscience
  • Sains Badag
  • Science education
  • Scientific enterprise
  • Scientific misconduct
  • Scientific materialism
  • Scientific method
  • Scientific revolution
  • The relationship between religion and science
  • List of publications in science
  • List of scientific howlers in literature

Rujukan

  1. Prof. Dr. C.A. van Peursen: Filsafat Sebagai Seni Untuk Bertanya. Dikutip dari buku B. Arief Sidharta. Apakah Filsafat dan Filsafat Ilmu Itu?, Pustaka Sutra, Bandung 2008. Hal 7-11.
  2. Prof. Dr. C.A. van Peursen: Filsafat Sebagai Seni Untuk Bertanya. Dikutip dari buku B. Arief Sidharta. Apakah Filsafat dan Filsafat Ilmu Itu?, Pustaka Sutra, Bandung 2008. Hal 7-11
  3. Wahid, Ramli Abdul. Ulumul Qu’ran, Grafindo, Jakarta, 1996, hal. 7.

Tumbu ka luar

Afiliasi

Affiliate nyaéta hiji cara pikeun ngamekarkeun bisnis ku cara ngamangpaatkeun sosialisasi anu katojo dipilampah ku individu, éntitas bisnis atawa organisasi sarta dua pihakna téh bakal meunang kauntungan minangkana nu geus dipaheutkeun. Ieu pangwangunan kontak sosial téh ngahasilkeun hiji patalian. Ieu istilah ogé disebut ku istilah motif nu hartina nyaéta tanaga dodorong atawa pangrojong kabutuhan anu aya dina diri jalma sarta watekna universal. Dina kumembangna, manusa ngawangun afiliasi didasaran ku alesan formal sarta rasional. Manusa mibanda alesan logis kunaon manéhna hayang ngawangun afiliasi. Tapina, tanpa ayana ieu dorongan mah, kudu diaku ogé yén jalma mikabutuh jalma séjén jeung sacara alami ngawangun kontak sosial.

Alesanna mah jalma teu bisa minuhan kabutuhna tanpa ayana campur leungeun ti jalma séjén. Widang élmu nu loba nalungtik kana dorongan hiji jalma pikeun terus ngawangun kontak sosial téh nyaéta psikologi. Panalungtikan némbongkeun yén afiiliasi hiji jalma ruket pisan patalina jeung kabutuhan kana gumantungna jeung jalma séjén. Psikologi ogé nalungtik tumalina antara afiliasi jeung kabutuhan hiji jalma pikeun diaku sarta ditarima ku lingkunganna. Panalungtikan psikologis dina widang kapribadian némbongkeun yén tingkat afiliasi unggal jalma béda-béda undakanna.

Apsis

Apsis nyaéta hiji istilah nu ilahar dipaké dina widang astronomi pikeun nyebut kana hiji kaayaan sababaraha objek di jero orbit. Jarak pang deukeutna atawa pang jauhna hiji objek tina puseur orbit nu wanguna eksentris (lonyod), disebut apsis. Titik ti orbit bulan nu pangdeukeutna jeung bumi disebut Perigee (tina bada Yunani : peri ), titik nu pang jauhna disebut Apogee. Dua titik éta lamun digurat (ditarik garis) disebutna orbit, umpama orbit bulan tina Apogee jeung Perigee diteukteuk hasilna ngawangun hiji apsides nu tayalian apsis.

Basa

Nepi ka danget ayeuna aya sawatara tarékah manusa pikeun nyieun wates wangen nu disebut basa tina sawatara jihat, nyaéta:

hiji sistim keur ngawakilan banda, tindakan, gagasan jeung kaayaan.

hiji alat nu dipaké keur nepikeun konsép riil maranéhannana kana pikiran manusa séjén

hiji kesatuan sistim harti

hiji kodeu nu digunakeun ku pakar linguistik keur ngabédakeun antara wangun jeung harti.

hiji ucapan nu cocog jeung tata basa nu geus ditetepkeun (conto: kecap, kalimah, jeung séjén-séjénna.)

hiji sistim ngecapkeun nu bakal dipikaharti ku masarakat linguistik.Basa manusa mangrupa wangun nu patali jeung "basa". Élmu nu neuleuman basa disebut linguistik.

Netepkeun perbédaan utama antara basa manusa nu hiji jeung nu séjénna sering kacida. Chomsky (1986) ngabuktikeun yén sabagéan dialék Jérman ampir sawanda jeung basa Walanda tur teu pati béda antukna henteu gampang pikeun dipikawanoh minangka basa séjén, hususna Jérman.

Aya sawatara basa artifisial (jijieunan) nu dipikawanoh, salah sahijina nyaéta bahasa Esperanto. Basa nu dijieun ku L. L. Zamenhof ieu téh nyaéta basa nu mangrupa campuran tina sababaraha unsur basa, hususna basa-basa Roman nu dicampurkeun jeung unsur-unsur Basa Slavia jeung basa-basa Éropa lianna, sarta dipaké pikeun ngagampangkeun diajarna basa marga lantaran tata basana nu basajan.

Basa artifisial séjénna nu mangrupa conlang (constructed language) di antarana nyaéta Basa Interlingua jeung Basa Lojban.

Sawatara pakar kabasaan, kayaning J.R.R. Tolkien, geus nyiptakeun basa rékaan, pikeun tujuan dina widang sastra. salah sahijina basa Quenya, nyaéta hiji wangun basa nu digunakeun ku kaom Elvish. Quenya mibanda abjad jeung istilah husus sarta bisa digunakeun ku manusa. Di sagédéngeun basa Quenya, ogé diciptakeun basa Klingon nu kungsi digunakeun dina film Star Trek.

Basa unggal jalma nu rinéka nyababkeun manusa narékahan pikeun nepikeun éta basa ku sagala rupa cara. salah sahijina ku cara ngagunakeun komputer pikeun narjamahkeun hiji basa ka basa séjénna. Perangkat kawas kieu téh biasa disebut Mesin Panarjamah.

Mesin Panarjamah mangrupa hal nu kalintang diarep-arepna ku para pakar komputer salila ieu. Mimitina mah maranéhna ngiker-ngiker, yén hal sarupa kitu téh bisa dilakonan kalawan babari. Tapi, tétéla karasa hésé dina prak-prakanna mah, nepi ka para pakar komputer téh ngarasa peunggas harepan. Sanajan kitu, kabéhdieunakeun, dina mangsa kiwari perangkat-perangkat panarjamah geus sumebar di pasaran, samalah sawaréhna mah aya nu dikomérsilkeun.

Biologi

Biologi mangrupa élmu ngeunaan mahluk hirup. Ulikanana museur dina ciri jeung paripolah organisme, cara tumuwuhna spésiés jeung individu, sarta interaksi hiji jeung nu séjénna tur lingkunganana.

Fisika

Fisika (tina Basa Yunani φυσικός (physikos): natural, tina φύσις (physis): Alam) mangrupa élmu Alam tina jihat nu panglegana. Fisikawan ngulik paripolah jeung interaksi zat jeung gaya. Hukum fisika umumna diwujudkeun dina rupa hubungan matematis.

Fisika raket pisan hubunganana jeung élmu alam séjén, utamana kimia, élmu molekul jeung senyawa kimia nu dibentukna. Kimia mirip pisan jeung fisika, utamana dina mékanika kuantum, térmodinamika jeung éléktromagnétisme. Ngan, ku sabab fénoména kimiawi nu kompléks jeung kacida lobana ngajadikeun kimia salawasna dianggap salaku disiplin nu misah.

Di handap ieu hiji ihtisar sub-widang jeung konsép utama dina fisika, disusul tepus ku ringkesan sajarah fisika jeung sub-widangna. Béréndélan jejer nu leuwih lengkep ogé aya.

Géografi

Géografi mangrupa ulikan ngeunaan lokasi jeung variasi spatial boh dina fénoména fisik atawa manusana di Bumi. Kecap ieu diturunkeun tina kecap Basa Yunani gê ("Bumi") jeung graphein ("nulis" atawa "ngagambakeun").

Géografi ogé mangrupa judul rupa-rupa buku sajarah dina subjék ieu, di antarana Geographia kénging Klaudios Ptolemaios (abad ka-2).

Géografi leuwih lega batan kartografi, ulikan ngeunaan atlas. Teu ukur nalungtik naon baé nu aya di lebah mana di Bumi, tapi ogé naha bet aya di dinya jeung henteu di tempat séjén, sometimes referred to as "location in space". Ngulik naha alatan manusa atawa alami, sarta akibat bébédaan éta.

Indéks Pangwangunan Manusa

Indéks Pangwangunan Manusa (IPM) (basa Inggris: Human Development Index (HDI)) nyaéta indéks pikeun ngukur pabanding harepan hirup, melek hurup, atikan, sarta standar hirup pikeun kabéh nagara sakumna dunya. IPM dipaké pikeun misahkeun naha hiji nagara geus jadi nagara maju, nagara ngembang, atawa masih nagara tacan ngembang, sarta ogé pikeun ngukur pangaruh ti kawijakan ékonomi ka kualitas hirup.

Islam

Islam (basa Arab: الإسلام, Al-Islām; Aksara Sunda: ᮄᮞᮣᮙ᮪) déngékeun "kapasrahan ka Gusti") nyaéta hiji ageman tauhid, kaasup rungkun ageman Ibrahim (ageman anu percaya kana kanabian Ibrahim). Kalayan kurang leuwih 1,2–1,3 miliar pangagemna , Islam mangrupa ageman kadua panglobana di dunya. Pangagem ajaran Islam disebut muslim. Islam ngajarkeun yén Gusti (Alloh) nurunkeun Firman-Na ka manusa ngaliwatan para Nabi jeung Rasul sarta Muhammad ﷺ mangrupa Rasul panungtungan nu diutus ka dunya. Dina basa Arab, Islām hartina “sumerah diri” sarta mangrupa Dīn nu hartina "aturan" atawa "sistim"

Kasaimbangan Kamampuh Balanja

Kasaimbangan kamampuh balanja, (basa Inggris: purchasing power parity - PPP) dina élmu ékonomi nyaéta hiji cara anu dipaké pikeun ngitung hiji alternatif nilai tukar antara mata uang ti dua nagara. PPP ngukur sabaraha lobana hiji mata uang bisa dipaké keur beubeulian dina ukuran internasional (biasana dolar), sabab barang katut jasa téh regana béda-béda di unggal nagara.

Nilai tukar PPP dipaké dina babandingan internasional keur standar hirup. PDB hiji nagara mimitina diitung dina mata uang lokal, antukna babandingan antara dua nagara téh ngabutuhkeun ayana konvérsi mata uang. Babandingan maké nilai tukar nyata dianggep henteu nyata, ku sabab henteu ngaréfléksikeun béda rega antar nagara. Perbédaan antara PPP jeung nilai tukar nyata bisa loba bédana. Upamana, PDB per kapita di RRC kurang leuwih 1.400 USD, sedengkeun dumasar kana PPP nyaéta kurang leuwih 6.200 USD. Sedengkeun PDB nominal per kapitana kurang leuwih AS$37.600, tapi PPP-na mah ukur 31.400 USD.

Kimia

Kimia mangrupa élmu ngeunaan struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi unsur jeung sanyawa kimiawi.

Komputer

Komputer nyaéta hiji alat atawa mesin keur nyieun itungan atawa kontrol operasi nu bisa ditembongkeun dina watesan numeris atawa logis. Komputers dumasar kana sipat fisikna sarta nu pakait nembongkeun sababaraha hal atawa hal tina masalah dina hiji bagian, maka pakait mekanik bakal sacara otomatis ngahasilkeun "penyelesaian" tina masalah. Dasar téori keur itungan maké komputer disebut élmu komputer.

Marcapada

Marcapada, ogé disebut Bumi, (Ing. earth, atawa Terra), mangrupa planét tempat manusa hirup, planét katilu luareun Panonpoé. Marcapada mangrupa hiji-hijina planét terestrial di Surya Mandala, sarta hiji-hijina planét nu mibanda kahirupan, sahanteuna kitu nu dipikanyaho élmu modérn. Planét ieu mibanda hiji satelit alam, bulan, nu kabentuk kira 4,5 milyar taun ka tukang.

Matematika

Matématika (dina basa Inggris disebut, mathematics atawa math) nyaéta élmu pangaweruh anu museurkeun dirina dina konsép-konsép sarupaning kuantitas, struktur, rohang, katut parobahan, sarta mangrupa widang akademik anu maluruhna. Benjamin Peirce nyebutkeun yén matématika téh "élmu nu ngahasilkeun kacindekan nu diperlukeun".

Praktisi matématika séjénna nyebutkeun yén matématika téh élmu ngeunaan pola, sarta matématikawan téh tukang néang atawa nalungtik pola-pola anu aya dina wilangan, rohang, sains, komputer, gambaran abstrak atawa di mana waé ayana. Matématikawan ngéksplorasi konsép-konsép éta pikeun ngarumuskeun konjéktur-konjéktur atawa téori-téori anyar sarta mengkuhkeun bener-henteuna ku cara déduksi nu kukuh tina pilihan aksioma tur définisi nu jelas tur cocog.Ku cara abstraksi jeung nalar logis, matématika kabangun tina prosés ngitung, ngukur, sarta studi bentuk (en:shape) sacara sitematis jeung usikna banda-banda fisis. Pangaweruh tur pamakéan matématika dasar geus lila jadi hal anu inhéren sarta ngahiji dina kahirupan, boh kahirupan saurang atawa kelompok. Prosés nyampurnakeun idé-idé dasar katémbong dina téks-téks matématis nu asalna ti Mesir kuna, Mésopotamia, India kuna, Cina kuna, sarta Yunani kuna. Argumén nu kukuh kasampak dina tulisan Euclid Elements. Matématika terus mekar sanajan rada reup-reupan (en:fitful) nepikeun ka jaman Rénésans dina abad 16, harita inovasi matématika pinanggih jeung timuan-timuan sains, nu nyababkeun panalungtikan jadi ngagancangan, nerus nepikeun ka kiwari.Kiwari, matématika dipaké di rupa-rupa widang sakuliah dunya, élmu alam, rékayasa, ubar, sarta élmu sosial contona ékonomi. Matématika terapan dina widang-widang kasebut, bisa ngilhamkeun timuan-timuan matématis anyar sarta sakapeung nyababkeun mekarna widang anu anyar pisan. Matématikawan ogé aya nu museurkeun usahana dina matématika murni anu awalna tanpa mikirkeun terapkeuneunana, tapi kahareupnakeun sok aya waé anu bisa diterapkeun.

NASA

National Aeronautics and Space Administration (NASA) nyaéta lembaga pamaréntah Amerika Serikat nu miboga tanggung jawab sakabéh program luar angkasa jeung panalungtikan umum dina jangka waktu nu manjang. Ieu organisasi miboga tanggung jawab kana program panalungtikan masarakat sipil, aeronautika, jeung program kadirgantaraan.

Pulitik

Vérsi Aksara / ᮗᮦᮁᮞᮤ ᮃᮊ᮪ᮞᮛPulitik nyaéta prosés sarta cara kelompok pikeun nyieun kaputusan. Sanajan ilahar dipaké keur pamaréntah, sifat pulitik ogé ditalungtik di pausahaan, akademik, agama sarta institusi séjén. Élmu pulitik nyaéta élmu ngeunaan paripolah politik, uji akurasi sarta pamakéan kakuatan, contona kamampuan keur ngaruntagkeun lawan.

Sagara

Sagara atawa laut hartina bagian beungeut marcapada anu dieusi ku cai asin nu nyambung ka samudra, tapi bisa ogé mangrupa talaga nu lega pisan, biasana asin, nu teu nyambung ka samudra, kawas Laut Kaspia jeung Laut Paéh.

Sakola Menengah Atas

Sakola Menengah Atas (disingget SMA; Basa Inggris: Senior High School), nyaéta salah sahiji atikan menengah umum anu jadi tuluyan tina atikan dasar . Atikan menengah mangrupa tuluyan tina atikan dasar. Luyu jeung UU no.20 taun 2003 atikan dibagi jadi tilu nyaéta atikan dasar, atikan menengah jeung atikan luhur. Atikan menengah diwincik deui jadi sababaraha rupa nyaéta atikan menengah umum jeung atikan menengah kejuruan. Atikan menengah wangunna Sekolah Menengah Atas (SMA), Madrasah Aliyah (MA), Sakola Menengah Kejuruan (SMK), jeung Madrasah Aliyah Kejuruan (MAK), atawa wangun séjén anu sadarajat.

Pelajar SMA umumna umurna 16-18 taun. SMA henteu kaasup program wajib diajar pamaréntah - nyaéta SD (atawa sadarjat) 6 taun sarta SMP (atawa sadarajat) 3 taun - sanajan ti saprak taun 2005 geus mimiti diberlakukan program wajib diajar 12 taun anu mengikutsertakan SMA di sawatara wewengkon, contona di dayeuh Yogyakarta sarta Kabupatén Bantul.SMA diayakeun ku pamaréntah atawa swasta. Saprak diberlakukannya otonomi daréah dina taun 2001, pengelolaan SMA nagari di Indonésia anu saméméhna aya di handapeun Departemen Pendidikan Nasional, kiwari jadi tanggung jawab pamaréntah daérah kabupatén/kota. Sedengkeun Departemen Atikan Nasional ngan boga peran minangka regulator dina widang standar nasional atikan. Sacara struktural, SMA nagari mangrupa unit pelaksana téknis dines atikan kabupatén/kota.

Tropis

Tropis nyaéta daérah atawa wewengkon anu pernahna aya dipalebah/sabudeureun khatulistiwa disebut ogé garis isotherm cidekna bisa waé beulah kidul atawa kalér, daérah anu mibanda iklim tropis bisa waé dina palebah guratan 23,5 darajat lintang kidul jeung 23,5 darajat lintang kalér. Tropis asal kecap tina basa Yunani "tropicos" anu hartina garis balik, maksudna garis/gurat anu pernahna 23,27 darajat kidul jeung kalereun bumi.

Dina séjén basa

This page is based on a Wikipedia article written by authors (here).
Text is available under the CC BY-SA 3.0 license; additional terms may apply.
Images, videos and audio are available under their respective licenses.